Waduh resep pisan upami nyarioskeeun eta nu namina Kapitalisme jeung sajabina. Ti taun 60 an waktos kuliah , debat kieu kalahka gelut jeung babaturan dari ideolotgi anti kapitalis. Padahal sayah mah ngan manasan wae tue pro ieu teu pro itu. Cenah mah, propokator, teu boga pendirian, pemuda tempe ! Nah nepi kaayeuna etah teh abdi teu acan uninga aya artikel anu saintifik kana kaawonnanna kapitalisme, oge kaalusanana. sabalikna contoh yang lawanna Sosialisme atanapi Komunisme, sami wae hasil nu mucunghul unggul mah tetep we teu aya. Kagagalan ? Seueur contohna. Russia runtuh, RRC signamah diam2 mraktekkeun kapitalis, padahal lambang mah masih komunis. jadi, carita atanapi depat perkawis ieu teh masih panjang pisan atanapi tiasa diperpanjang sampai akhir zaman ! jadi emut meser bahan kanggo si Nini Rp 45,000 sabaju, katanya teh shantung kembang. Dijaitkeun ka klirmarker kasmpung ongkosna teh Rp 17500, satu blus. Jadi ttotal hargana teh Rp 62.500. Jalan2 ka Mangga Dua, aya teh blus jadi bahan sama, hargana teh saparantos ditawar dipasihkeun Rp 32.500. Shantung asli, da buatan RRC ! Jadi kulantaran RRC parantos tiasa lebet kana "economic of scale", ya kapitalis juga siganamah. Da ari diketeng bahan sareng ongkos ngenkenkeun keun teu tiasa Rp 32.500/blus.
Janten kumaha atuh para pencari jasa jahit "ngalawan" nu kararieu teh ? Tetep wae kedah cara kapitalis, nyaeta nyieun definisi di masyarakat, anu ngajahit baju teh golongan terpelajar, ngerti mode, teu resep make baju kodian, jeung sajabina. nah, masyrakat urang mah paling gengsi, paling sieun diomongkeun tibatan ngalaman anu saharusna ! tah sikap hirup ieu anu gampang diteleg bulat2 oleh kapitalis. Punten wae, bangsa urang dari "lower level" rasa bangga pisan tiasa emam di KFC, sabalikna orang kota anu tinggal di Apartemen 3 milyard, ngantri huhujanan di Kampung Daun di Bandung jam sapuluh peuting ! lantaran lamun heunteu, teu bisa nyarita ka kolegana anu punya hoby dahar musafir !
 
Cenah mah ilmu etiket teh diturunkeun ku pamikiran kapitalis bari ngaeksploitasi rasa terpelajar jelema anu embung mikir boga konsep sorangan. Dahar teumeunag ceplak, kudu make sendok garpuh, aya gelas cai, aya gelas anggur, aya sendok sop, jsb. Bisa nurut ieu, jadi bangga gede irung terus neangan Dinner Set, anu pabrikna digaduhan Kapitalis. Coba mun urang enggeus beunghar duit ratusan milyaran di Bank, tapi dahar dina daun ke leungeun deui, daharna digolodok !
Ponisna teh, dasar kampungan, nggeus beunghar ge, dah..tetap we kampungan..teu bisa ngahargaan diri.....

 
On 1/29/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waleran sim kuring diselipkeun dina seratan Kang Yudi :

From: "Yudi Irmawan" < [EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Sunday, January 29, 2006 1:05 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Naha saukur bungkeuleukna? (tadina Emie, Tahu
jeung Tempe )


> Hanjakalna teh geuning nya da nu caket ka nu tiasa ngadamel regulasi
> teh jalmi2 eta keneh ('kapitalis lokal', lain pangusaha wae tapi
> politisi nu nganut ideu ieu). Ceuk Abah Petras (1981) mah jelma2 ieu
> teh salahsaiji produk tina ide kakap tea. 'Tugas'-na teh nyiapkeun
> jalan pikeun kapitalis ageung pikeun asup ka nagara eta, boh ku cara
> lemes atawa rada lemes (Aya teu nya hubunganna jeung krisis 97 tur
> sabada 1997 loba pausahaan urang nu ngadadak dibeuli ku batur?).

WALUYA : Perkawis "kapitalis" lokal disiapkeun ku kapitalis ageung, kuring
teu terang. Tapi memang aya gawe babarengan diantara maranehna.  Pemodal
ageung ti luar negeri leuwih resep boga hubungan jeung "kapitalis" lokal ieu
nu oge deukeut jeung kakawasaan. Ieu teu aneh, manusiawi malah, da
dimana-mana oge nu ngamodal mah  sieuneun duitna leungit.

Krisis taun 1997, ceuk Soros mah, nu kamari kadieu ka Indonesia, lain
salah-salah teuing jelema-jelema model Soros, tapi ku kalemahan sistem di
nagara nu keuna krisis, kaasup nagara urang. Maranehna ukur ngamanfaatkeun
kalemahan ieu keur kauntungan maranehna. Jadi nu lepat saha?

Aya Inohong ahli Ekonomi, kamari oge nulis soal Imperialisme ieu, anjeunna
nyalah-nyalahkeun Bank Dunia, IMF jeung sagala rupa. Ari kuring mah nu
jelema awam,  jadi inget ka tatangga kuring, nu ambek-ambekan nyalahkeun
Bank nu mere kartu kredit ka manehna. Da pas kudu mayar ngajenghok, da make
kartu kreditna  teu kira-kira ............hehehehe

> Janten naha tiasa kitu nu di handap mah langsung ngalobi ka luhur?
> Ngalobi mah moal sigana mah, tapi neken tiasa! Tapi kudu babarengan
> alias ngahiji, tah di dieu panginten peryogi jelema nu hayeuh
> cacarawakan ngabejaan batur, salasaijina ngeunaan gorengna sistem
> kapit eta. Ieu teh memang peryogi waktos jeung kawantunan da
> kadangkawis ku batur salembur oge sok disebut tukang kukulutus atawa
> tukang kutuk gendeng! Padahal jalmi2 siga kieu teh peryogi, 'modal
> ideologis'-lah keur nagleungitkeun kalimah: "saha nu bisa nolak?". Beh
> dituna mah supaya urang bisa barang beuli bari beunta (make prinsip:
> ramah lingkungan-lah; fair trade-lah); tur bisa ngabedakeun mana
> kabutuhan mana konsumtifisme (sanes konsumerisme).

WALUYA : Leres kang Yudi, tukang "kukulutus" teh peryogi. Tapi biasana mah
kulantaran sok "kukulutus" wae, sok diarangkat jadi Komisaris
pausahaan-pausahaan boga nagara atawa pausahaan2 konglomerat. Sanggeus jadi
komisaris mah ngadadak jadi "jempe", lumayan ..............tinggal calik,
tinggal "mulungan honor" jadi Komisaris anu ageungna kabina-bina.

> Sakedik ngalereskeun, Microsoft didenda lantaran IE sanes di Amrik
> (497juta Euro) tapi di Eropah (salahsawios wartosna
> http://www.cnn.com/2004/BUSINESS/03/24/microsoft.eu/). Meureun urang
> Eropa oge mulai sadar manehna teh keur jadi korban globalisasina Mang
> Sam!! hehe.

WALUYA : Sakaterang kuring Microsoft teh ribut jeung pausahaan nu ngadamel
software lalayaran di Amerika. Salah sahiji sareng nu ngadamel Netscape,
browser anu populer sateuacanna IE. Pausahaan2 ieu nu ngadukeun Microsoft ka
pangadilan di Amerika. Lamun teu lepat mah, Microsoft eleh didenda jutaan
dollar. Hanjakal kuring hilap deui da kajantenanana geus lami.

Baktos,
WALUYA





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke