Wah, Aya Abah Surtiwa yeuh, nu di taun 1960'an parantos jadi mahasiswa, kuring mah di SD keneh harita mah ....hehehehe. Jadi sok emut ka senior-senior kuring, ari nyebatkeun mahasiswa taun 1960'an teh, eta ku rame dongengna soal "patugreng-tugreng" perkawis ideologi: Nasionalisme, Sosialisme, komunisme, Islam jrrd. Hanjakal nya Bah, ujungna malah lain beres mendakan nu pangsaena malah jadi tragedi, sajarah "hideung" keur bangsa urang.
Kuring sapuk pisan jeung Abah Surtiwa, nu "kenging" dina danget ieu, Kapitalisme. Nagara nu ngaku pang sosialisna sadunya wae, jiga Cina nu jadi "kapitalis : ngarep-ngarep "kapital" (alias modal) arasup ka nagarana plus "nyerebu" ku barang-barang murah ka nagara tatanggana. Nu lucu mah Bah, taun kamari pun adi naek Haji, balik mere oleh-oleh, ari disidik-sidik, naha geuning oleh-oleh teh "made in Cina" sadayana, kaasup miniatur Kabah jeung Masjidil Haram. Pun Adi teh diheureuyan ku kuring teh, ieu teh meunang meuli ti Mekkah atawa ti Shang Hai? Bangsa urang (duka upami urang Sunda mah ....hehehe), sapertos kasauran Abah, memang leres kuat dina gengsina jeung royalna kabina-bina. Dina koran Tribun Jabar poe ieu, aya anggota DPR mestakeun kawin anakna nepi ka perlu sadia sendok jeung garpuh 40.000 pasang. Ondanganana? 12 rewu jalmi!. Luar biasa, pestana oge ngaleuwihan kapitalis jeung selebriti bule ieu mah!. Akultarasi Budaya, cenah mah, pestana nurutan urang bule, bari teu leupas tina sifat Gotong Royong urang lembur ...........nu sok "pahibut" salembur lamun aya nu hajat teh. Nu untung, eta para enterpreuneur bin "kapitalis", nu nyieun "image" lamun marake jasa atawa produk maranehna, pasti gengsina naek. Gaun panganten meunang nyieun perancang ieu, event Organizerna si X nu geus kakoncara, tukang photona geus teu bireuk deui, gedungna ...............lamun perlu nu pangmahalna ............hehehehe Tos ah .............. Baktos, WALUYA > --- In [email protected], H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> Waduh resep pisan upami nyarioskeeun eta nu namina Kapitalisme jeung >> sajabina. Ti taun 60 an waktos kuliah , debat kieu kalahka gelut > jeung babaturan dari ideolotgi anti kapitalis. Padahal sayah mah ngan > manasan wae tue pro ieu teu pro itu. Cenah mah, propokator, teu boga > pendirian, pemuda >> tempe ! Nah nepi kaayeuna etah teh abdi teu acan uninga aya artikel > anu saintifik kana kaawonnanna kapitalisme, oge kaalusanana. sabalikna > contoh >> yang lawanna Sosialisme atanapi Komunisme, sami wae hasil nu mucunghul >> unggul mah tetep we teu aya. Kagagalan ? Seueur contohna. Russia > runtuh, RRC >> signamah diam2 mraktekkeun kapitalis, padahal lambang mah masih komunis. >> jadi, carita atanapi depat perkawis ieu teh masih panjang pisan atanapi >> tiasa diperpanjang sampai akhir zaman ! jadi emut meser bahan kanggo > si Nini >> Rp 45,000 sabaju, katanya teh shantung kembang. Dijaitkeun ka klirmarker >> kasmpung ongkosna teh Rp 17500, satu blus. Jadi ttotal hargana teh > Rp 62.500. >> Jalan2 ka Mangga Dua, aya teh blus jadi bahan sama, hargana teh > saparantos >> ditawar dipasihkeun Rp 32.500. Shantung asli, da buatan RRC ! Jadi >> kulantaran RRC parantos tiasa lebet kana "economic of scale", ya > kapitalis >> juga siganamah. Da ari diketeng bahan sareng ongkos ngenkenkeun keun teu >> tiasa Rp 32.500/blus. >> Janten kumaha atuh para pencari jasa jahit "ngalawan" nu kararieu teh ? >> Tetep wae kedah cara kapitalis, nyaeta nyieun definisi di > masyarakat, anu >> ngajahit baju teh golongan terpelajar, ngerti mode, teu resep make baju >> kodian, jeung sajabina. nah, masyrakat urang mah paling gengsi, > paling sieun >> diomongkeun tibatan ngalaman anu saharusna ! tah sikap hirup ieu anu > gampang >> diteleg bulat2 oleh kapitalis. Punten wae, bangsa urang dari "lower > level" >> rasa bangga pisan tiasa emam di KFC, sabalikna orang kota anu tinggal di >> Apartemen 3 milyard, ngantri huhujanan di Kampung Daun di Bandung jam >> sapuluh peuting ! lantaran lamun heunteu, teu bisa nyarita ka > kolegana anu >> punya hoby dahar musafir ! >> >> Cenah mah ilmu etiket teh diturunkeun ku pamikiran kapitalis bari >> ngaeksploitasi rasa terpelajar jelema anu embung mikir boga konsep > sorangan. >> Dahar teumeunag ceplak, kudu make sendok garpuh, aya gelas cai, aya > gelas >> anggur, aya sendok sop, jsb. Bisa nurut ieu, jadi bangga gede irung > terus >> neangan Dinner Set, anu pabrikna digaduhan Kapitalis. Coba mun urang > enggeus >> beunghar duit ratusan milyaran di Bank, tapi dahar dina daun ke leungeun >> deui, daharna digolodok ! >> Ponisna teh, dasar kampungan, nggeus beunghar ge, dah..tetap we >> kampungan..teu bisa ngahargaan diri..... >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

