Jawaban ti Kang Rahman (kuncen Baraya_sunda) kana postingan kuring. 
Mangga nyanggakeun :

Haturan Kang Wly,

Rek miluan baceo ah... lain ari ngarti mah, pedah sok resep 
pipilieun we. Komo urusan ismeu2 mah.... sok segut, ngarah kaismeuan 
we ketah he he he.

Rek nurutan oge nya Kang, teu nanaon? Rek ngajujut heula asal-usul 
ieu kecap.

'Kapital' teh asalna tina kecap Laten (deui bae!) 'capitale' = 
kapimilikan, kompensasi. Ieu kecap aya hubungananan jeung 
kecap 'caput' anu hartina 'hulu', 'sirah', 'pangkal', 'sungapan(?)'. 
Bandingkeun jeng kecap 'kapiten' atawa kapten he he he. 
Oge....Sigana mah sarerea oge apal kana huruf kapital mah nya!

Ceu Kang Wly tea mah definisina teh.... Cutat:

"Jelema nu loba duit, nu bisa ku maranehna diinjeumkeun ka batur 
atawa digunakeun dina perdagangan keur ngahasilkeun leuwih loba duit 
deui"......

Akur Kang... ah. Hiji jelema boga milik (rajakaya), terus 
digolangkeun sangkan rajakayana teu beak... tapi nambahan. Ku rupa2 
cara. Conto anu paling gampang mah. Tukang dagang di pasar. Boda 
modal leutik, digolangkeun... neangan untung leuleutikan. Tah, apan 
eta ge kaasup kana kelas kapitalis lin? 

Anu kieu positif atawa negatif?

Ari ceuk kuring mah positif pisan! Sabab ieu teh mangrupa kakuatan 
kajiwaan manusa anu ngupayakeun kamajuan (ekonomi) keur dirina 
sorangan.

Bangsa2 anu make sistem kapitalismeu  apan mala'mur geuning?

Naha istilah kapitalismeu boga nada2 negatif? Sigana mah kudu 
malikan ka jaman revolusi industri di Kulon. Harita mah payung hukum 
jeung UU anu nangtayungan kelas pagawe apan euweuh atawa can aya. 
Tah... hak2 pagawe direduksi minimal pisan! 

Kulantaran kitu, jadi weh ieu sistem teh dianggap negatif. Da memang 
keur kelas pagawe mah jadi ripuh.

Kaayaan kieu di Kulon teh ngaluarkeun reaksi anyar.
 
Hiji. Mucunghulna sistem sosialismeu/marxismeu anu gagal tea.
Dua. Dijieun na UU sosial (di Kulon utamana mah)anu nangtayungan 
hak2 kaum pagawe.

Meureun ieu ge ketah.... ;))



Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke