Ieu mah dongeng kang Mumu (Munawar Holil) ka kuring, nyaritakeun salah sahiji prinsip Abah Surya (Hidayat Suryalaga). Waktos kang Mumu Kuliah di Unpad, sok sering nganjang ka Abah Surya. Hiji mangsa Kang Mumu teh Naros, kunaon pami angkat-angkatan sok ngangge kendaraan umum. Ari pokna teh cenah, loba hal anu bisa ditingalian lamun naek kendaraan umum. Contona, kunaon lamun para panumpang naek kendaraan umum teh sok hare-hare, paheneng-heneng, teu daek patanya. Padahal mah lamun ngarasa sabangsa sanagara, komo deui sasuku mah atuh kudu siga kadulur.
Hiji mangsa Kang Mumu teh keur naek kareta rel listrik. Gek diuk di gigireun hiji jalma. Eta jalma anu sagigireun teh jol ngenalkeun maneh, terus ngobrol siga anu geus loma pisan jeung Kang Mumu, padahal mah kaakrek panggih harita di kareta. Eta jalma teh urang Aceh. Siga kieu meureun konsep Abah Surya teh, gerentes hate kang Mumu. Kamari waktu rek ngalongok mang Ayat, kuring jeung kang Mumu naek KRL ti stasiun UI. Kareta teh mani pinuh pisan, barang rek naek, aya hiji wanoja anu rek naek KRL. Kang Mumu teh "nyapa" ka wanoja eta. Tadina mah rek nerapkeun konsepna Abah Surya. Eh.. eta wanoja teh lain kalah ka ngajawab, tapi mureleng molotan kang Mumu. Puguh wae atuh kang Mumu teh jadi era parada. Heuheuy...tadina mah rek "berteman tapi mesra", tapi sigana kang Mumu poho heunteu maca heula 'jampe harupat', jadi weh dipolotan. baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

