Haturan sadayana,
 
asa milu jadi pinter ningali nu palinter diskusi teh, kuring mah ukur bade nanya da urusan nu kararieu teu arapal. punten lamun rada mengpar tina jejer.
 
kuring pernah ngadenge perkara perkara pembagian jamanna marx, cenah jaman lamun diurutkeun bagi jadi : komunisme kuno, feodalisme, kapitalisme, dipungkas ku sosialisme (punten lamun salah). ceuk (ceunah) marx, jaman sosialisme moal kajadian lamun jaman kapitalisme teu naek terus,buruh terus di gencet ku nu boga modal. dimana kaum buruh ngarasa beurat teuing ku panggencetna pemilik modal, di dinya bakal aya proses nu disebut "kesadaran kelas", kaum buruh baruntak terus nyiptakeun jaman tanpa kelas (sosial).
 
kana kabentukna jaman tanpa kelas, marx sorangan ngabantah bakal ngawujud. (asana mah, ceunah) ku sabab aya usaha ti kaum kapitalis pikeun ngahalangan tumuwuhna kesadaran kelas di kaum buruh. salah sahijina ku ngadegkeun "welfare state", nu baris nyukupan kabutuhan hirup buruh ti mimiti bubutuh minimal nepika pangabutuh pangluhurna, politik. 
 
tah nu jadi pertanyaan sim kuring, naon bedana "welfare state" ieu jeung usul ti gidden ngeunaan kapitalisme nu sosial? atawa welfare state teh oge usul ti gidden nya?
 
sakitu wae, punten lamun rea nu salah da nyaho ge henteu kanu kararieu teh, ieu ukur ngilu ngarewong. hatur nuhun.
 
bakti diri,
 
dh
 
On 2/1/06, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

"Hidup Cukup" Oleh: Radhar Panca Dahana

 



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke