istilah Vernakular duka teuing timana asalna. harti ilaharna mah, kirata we, cara jelema barangjieun make matrial nu aya disabudeureunana, oge teu kasebut saha2na nu nyieun (arsitek atawa desainerna), hartina aya nu nyieunna mah, ngan teu jentre. atawa mun hiji wangunan, teu puguh saha arsitekna, da dijieun teh estuning nurutuan nu geus ilahar,nu geus biasa dijarieun, boh dina rupana oge matrialna.
pangna kitu, di urang, hiji wangunan atawa barang bisa kasebut teu dirancang ku ngan ku hiji jelema. atawa mun aya hiji jelema nyieun hiji barang, siga karajinan tina awi di rajapolah, tatanggana oge nyarieun. jeung teu matak masalah siga di negeri deungeun nu katalian ku hak cipta tea. karya di urang sipatna milik balarea, jadi make adat kulon ayeuna rada riweuh. da can biasa di urang hiji karya dimiliki eksklusif kunu nyieuna. nya mun noong imah sunda, make cara vernakular, tangtuna lumpatna kana matrial nu biasa dipake. kayaning awi, kai jeung barayana. eta kitu soteh nunjuk ka imah model baheula nu dijieun ku karuhun urang. teknologi kenteng van jatiwangi meureun harita can aya, beh dieu, dina ayana jauh jeung teu kabeuli. jadi sanajan teknologi anyar geus aya, urang masih keneh bisa manggih imah vernakular nu make hateup/atap tina injuk jeung sajabana. kitu deui parabot imah sejena, utamana parabot dapur nu loba make bahan tina awi,jeung parabot tengah imah atawa rohangan sejena nu make pandan pikeun samak atawa kai pieun lomari. perkara dapur, sanajan teknologi geus ngaganti suluh, nya ayana kompor jadi make minyak tanah atawa make gas, parabot sejena masih bisa make nu dijarieun model vernakular tea. siga wadah/tatakan piring atawa piringna sakalian, bisa ku anyaman awi tea. imah jeung parabot model kieu ayeuna karasa ahengna jeung jadi unik, payu pikeun hotel resort (hotel paranti piknik) oge rumah makan nu has menu sunda. sabab -soal imah- geus lila oge urang make vernakular cara anyar, eta make tembok bata jeung kenteng tea. make apu ayeuna make semen. jadi salian piknik teh urang oge nganjang ka baheula. kitu deui mun urang dahar make piring mah geus biasa, mun make parabot tina anyaman awi, komo jeung menu sunda nu geus lawas, matak pedo. imah model vernakular sunda kitu payu, sabab kalolobana turis atawa urang sorangan oge, resep neangan ciri nu has atawa otentik ti hiji tempat,kaasup parabot jeung model imah. kahayang mah, dina raraga micinta produk budaya dulur sorangan, tonk he love ari ngalangkung ka rajapolah, balanja barang2 has wewengkon dinya. kitu deui mun ka plered atawa padalarang, peseran barang2 karajinan urang dinya. dikoleksi di imah sewang2an jadi mere suasana sunda. sabab produk2 budaya eta bisa mere ciri has budaya urang. eta kabeh bisa kasebut desain vernakular. di padalarang aya cabe beureum badag pisan, kohkol eta mah lain pikeun nyambel eta mah. hehe. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

