Innalillahi wa ina’ilaihi rojiun

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, February 02, 2006 1:33 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pamanukan Banjir Gede

 

Assalamualaikum,

 

Baraya, dina dinten Ahad kamari Pamanukan kabagean banjir gede. Ieu banjir mangrupakeun banjir nu panggedena dina mangsa 10 taun terahir, kitu saur Bapak Camat. tapi ceunah ceuk nu sejen ieu teh banjir panggedena dina mangsa 30 taun. sabab nu gede siga kieu di Pamanukan kungsi karandapan dina taun 70-an. Teuing tah mana nu bener???

 

Banjir teh alatan tanggul walungan Cipunegara jebol. Salian ti eta oge di daerah Subang tonggoh diguyur hujan 2 poe 2 peuting teu eureun-eureun, ieu oge ceunah ceuk urang Subang basa kuring ka Subang.

Jadi naekna cai gancang pisan. Dijalan raya cai nguyumbang nepi ka semet tuur. Harita jalan hareupeun imah siga walungan lain bobohongan. Sabab katempo pisan arusna rada tarik. Malah lanceuk mah nu pulang-anting nempoan situasi nepi ka hegak alatan kudu bulak balik leumpang bari ngalawan arus. Da kandaraan teu bisa pisan jalan. Sumawona motor komo deui mobil.

 

Ngan nu pasti, imah kuring nu ceuk ceunah luhureun jalan raya kira-kira 50 centian oge kakeueum nepi ka semet bitis. Ari imah bagean tukang mah nu leuwih handap 120 centi. nepi ka sabeuteung leuwih saeutik.

 

Korban maot alias pati nu katingali ku kuring saurang ngarana Asep Kurnia umur 18 taun urang Kampung Baru. Alatan kasetrum ku listrik tegangan tinggi. manehna keur ucang-ucang dilantai 2, teu sadar sukuna ngait kana kabel listrik udara nu buligir. Maot saharita keneh.

 

Nu palid saurang, ceunah ceuk pulisi eta mah nu gelo. Panggih teh mayitna geus beukah. Dipastikeun maotna geus liwat sapoe. Nu hiji deui aki-aki alatan teu kuat katirisan, ceunah eta oga ceuk nu kungsi ditanya ku kuring.

 

Insya Allah foto-fotona rek dibewarakeun. Ngan foto nu maot mah moal ditempokeun da memang teu kungsi ka poto. Alhamdulillah kamari meunang kunjungan ti Mentri Sosial jeung Gubernur Jabar. Ceunah maranehna mere bantuan 500 juta. Bupati jadi rada mineng ulin ka Pamanukan.

 

LSM jeung Ormas Islam malah sibuk mere bantuan. Ari PKS mah poe Minggu wayah sore keneh geus nurunkeun bantuan jeung ngadegkeun Posko Relawan bareng jeung "Dompet Du'afa" Republika plus ACT MRI (Aksi Cepat Tanggap Masyarakat Relawan Indonesia). Senen Siang nepi ka kamari PKS jeung Dompet Du'afa geus nurunkeun bantuan sangu bungkus, obat-obatan jeung tanaga dokterna. Kuring oge milu sibuk... Sibuk barang dahar ngasaan sangu bungkusna, ngujalan barang-barang wartel, komputer warnet, barang-barang diimah jeung nempoan nu ngarungsi.

 

Kapeutingnakeun Pamanukan siga "Kota Mati" alatan listrik ku PLN dipareuman. Kuring sare bareng jeung pamajikan kapaksa dina korsi tamu. da tempat tidur geus pinuh ku barang-barang nu nu perlu disalametkeun.

 

Sakitu heula bewara ti kuring. Insya Allah disambung deui.

 

Bilih aya nu bade masihan bantosan ka sim kuring, moal ditolak.

 

Baktos,

Om TEDDY

korban banjir


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 1GB free storage!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke