Waleran ieu teh ceples pisan buktos kumaha hebatna nalar kapitalis di dunya nungkeban cara urang mikir. Sakitu hebatna nepi pikeun urang mah teu aya cara lain pikeun ngahontal kamajuan jeung kamakmuran. Sapuk sareng peryogina urang makmur, tapi naha leres 'sarakah' teh mung hiji-hijina cara pikuen ngahontal eta? Asana mah henteu da (keun perkawis naha makmur teh mung ditandaan ku harta wungkul mah urang kapinggirkeun heula).

Mangga urang tingali kalimah ieu: "....nagara urang teh perlu jalmi nu wani muka usaha, wani nyandak resiko, muka lapangan gawe. Tah ....moal kacumponan atuh harepan ieu teh, upami gaduh prinsip jiga Bah Uki mah meureun?". Pamendak abdi: sanes bae urang peryogi jelma nu tiasa muka lapangan gawe tapi urang oge peryogi jelma nu tiasa muka lapangan usaha, sangkan teu aya jelma nu gede sosorangannan nu biasana bakal kawasa atawa kumawasa. Ieu peryogi sifat jalmi siga Bang Uki- usaha pikeun minuhan kabutuh sanes kahayang alias hirup cekap.

Salahsawios masalah pangageungna dina logika kapitalisme teh nyeta numpukna faktor produksi di hiji jelema.  Mun sarakah janten dasar ekspansina Bang Uki, Bang Uki bakal matenkeun nasi udukna jadi mun aya nu rek nyaruaan kudu bayar. Bang Uki oge ngameunangkeun batur make ngaranna tapi kudu make fee tetep tiap bulan tur persentase tina penjualan. Bang Uki oge bakal nyimpen kauntunganna (duitna) di hiji tempat tur manehna menta dibere hasil tetep unggal bulanna, teu paduli siga kumaha kaayaan dunya (atawa sakalian Bang Uki nyieun usaha panyimpenan duit siga kieu?).

Leres, 
ieu bakal muka seuer lowongan damel tapi kapayunna Bang Uki bakal janten hiji2na jalmi nu bakal ageung lantara Bang Uki wungkul nu bakal narima bagian tina pasar (kauntungan) nu sejenna ukur bakal narima gaji nu kudu dibage2 ku loba sabab pagawe mah lobaan (UMR ayeuna sabaraha nya?). Hanjakal, jalmi ageung biasana kawasa. Tong hilap ku lantaran dasarna Bang Uki janten ageung teh 'sarakah', tong ngaharepkeun Bang Uki jadi jelema bageur (nu teu bageur mah sami nyangsarakeunnana, ek urang Sunda, Batawi, Arab, boh Pakistan).

Naha aya nalar nu ngajarkeun lain? Aya! Bang Uki ngajak batur pikeun sarua jadi pengusaha nasi uduk, jadi pasar teu dikekewek ku sorangan! Carana? Nasi udukna teu dipatenkeun, malah Bang Uki nyieun "Pelatihan Pembuatan Nasi Uduk ala Bang Uki" gratis! Atawa Bang Uki nyieun franchise tapi teu make sistem fee tapi sistem bagi hasil murni!  Bang Uki oge nabung di hiji lembaga intermediary nu tugasna mere bantuan modal pikeun jelma loba bisa muka warung anyar (jadi pengusaha) najan leutik. Ieu tempat oge make sistem bagi hasil murni. Antukna, peluang pasar (kauntungan) teh dibabagi ku loba pangusaha. Ku lantaran teu aya nu gede sosorangannan, moal aya nu asa aing kawasa
(teu paduli urang Sunda, Batawi, Arab, boh Pakistan).

Naon nu ngabentenkeun dua sistem di luhur? Nu kahiji Bang Ukina sarakah, nu kadua Bang Ukina ngarasa cukup. Kaayaan ayeuna henteu nunjukkeun nalar nu kadua mustahil tur teu asup akal tapi malah nunjukkeun yen 'sarakah' teh masih jadi 'pangeran' urang atawa sabagian gede ti urang. Di urang, lantaran teu bararisa usaha (tapi sarakah tetep aya) tungtungna neangan nu gampang: korupsi.

Naha nu kadua pamohalan? Ah henteu da urang pan dipasihan kakawasaan pikeun milih hayang jiga kumaha urang hirup. Mung leres nu kadua teh sesah pisan da peryogi jalmi2 nu salian teu 'sarakah' tapi oge berehan tur jujur! Tapi sanes di dieu intina urang hirup? Diuji ku harta jeung kulawarga.

Baktos
Yudi

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Loba nu teu resep kana kecap "sarakah" teh, da memang goreng. Tapi
> kuring rek nempo ti sisi nu beda. Lain "sarakah" anu goreng
> tapi "sarakah" anu aya gunana. Kasarakahan sabenerna salah sahiji
> sifat jelema. Aya nu "sarakah" kana harta, aya nu "sarakah" kana
> pangkat jeung gelar, aya nu "sarakah" hayang ditampi ibadahna, dugi
> ka batur kaidek waktu jumrah dina munggah Haji oge, teu katingali.
> Kaum Elmuwan oge gaduh sifat "sarakah" nyaeta sagala hayang nyaho,
> teu hayang terang aya batur nu ambek-ambekan kulantaran teorina anu
> nyigeung. Pokona "sarakah" teh manusiawi pisan.
>
> "Sarakah" nu panggorengna cenah mah sarakah kana harta. Umumna nu
> dianggap sarakah kana dunya teh nyaeta kaum sodagar/padagang. Dina
> Agama Hindhu kaum sodagar/padagang ditempatkeun dina kasta katilu,
> sahandapeun kaum Ulama (Ulama Hindu tangtuna oge) jeung kaum Ksatria
> (lamun ayeuna mah birokrat jeung tantara). Ieu nunjukkeun kaum
> sodagar/padagang teu pati dihargaan di masyarakat Hindu mah,
> Kulantaran urang oge jaman baheula kantos jadi masyarakat Hindu,teu
> aneh profesi padagang/sodagar kurang dihargaan. Papatah-papatah di
> urang Sunda jeung urang Jawa, loba nu nembongkeun teu karesepan ka
> jelema nu sok resep numpuk harta teh. Urang Sunda/ Jawa leuwih resep
> jadi birokrat (jeung nu ngaharib-harib) atawa jadi patani.
> Kakosongan kaum sodagar (kaum bazaar kitu ceuk basa Arab mah)
> akhirna dieusi ku urang Cina, India jeung Arab. Kaum pendatang ieu
> nu akhirna jadi kelas padagang di urang. Walanda oge ngamanfaatkeun
> kaum padagang nu lain urang asli ieu teh, diangkat jadi warga kelas
> dua, sahandapeun urang eropa, saluhureun warga pribumi nu nempatan
> kelas panghandapna.
>
> Untungna aya Islam. Dina Islam dagang teh lain hal nu goreng atawa
> pagawean anu hina. Numpuk harta teu dilarang, asal kudu dibayar
> zakatna. Pandangan Islam ieu alhamdulillah kaserep ku sabagian urang
> Islam di urang. Ieu nu ngajadikeun kunaon basis-basis Islam di
> urang, masyarakatna umumna tukang dagang atawa tukang usaha. Kaum
> sodagar Islam ieu nu mimiti sadar kana jatidirina, nu dibuktikeun ku
> lahirna Sarikat Dagang Islam di Solo (atawa Yogya kitu) keur
> ngalawan dominasi kaum Cina dina urusan dagang.
>
> Hanjakal pisan, urang masih kentel budaya heubeulna, lain sodagar
> asli. Bah Uki tukang nasi uduk dina artikelna Radhar,lain padagang
> nu boga sifat "kasarakahan", tapi padagang nu masih kaismeuan niley-
> niley kaum bumiputera jaman baheula. Padagang tulen (Entrepreneur
> sajati), moal eureun tepi ka hiji warung nasi uduk, tapi bisa
> puluhan warung,malah lamun bisa mah aya sakuliah dunya. Sarakah,
> meureun, tapi perlu!
>
> Di urang, sering diucap-ucapkeun cenah mah nagara urang teh perlu
> jalmi nu wani muka usaha, wani nyandak resiko, muka lapangan gawe.
> Tah ....moal kacumponan atuh harepan ieu teh, upami gaduh prinsip
> jiga Bah Uki mah meureun? ...... ah sacukupna we, tutungna
> kasempetan ieu teh dicaplok deui-dicaplok deui ku "kapitalis"
> katurunan (Cina, India, Arab) atawa ku kaum kapitalis nu datangna ti
> luar negeri.
>
> Baktos,
> WALUYA>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke