Bahasan urang ngeunaan Bang Uki teh dina level manusa sosorangan (individu nyaeta kumaha urang salaku individu nyikepan isme2 nu murudul ka uteuk urang). Dupi seratan di handapa mah tos ngajleng ka tatar nu sanes: nagara alias hubungan antar individu alias ceuk jelema pinter mah level makro. (janten as putar-puter ieu teh hehe)

Upami nitenan seratan Abah: "Manawi, kumargi sifat dasarna jelema teh "sarakah", kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika (moral)..." dibandingkeun seratan Abdi kamari ngeunaan pairan kangge seratan ti Media Indonesia asana mah henteu benten? Logikana urang kapitalis nungtut yen pasar dibuka sabebas-bebasna, bebas ku aturan nu dongkapna ti nagara. Upami nagara tos ngadamel aturan nu ngatur atuh henteu nagara kapitalis deui eta mah sanes?

Seratan ngeunaan Bang Uki teh pamendak abdi kumaha ngalawan akibat 'sarakah' dina tataran individu. "Pembinaan pribadi" ieu penting ku lantaran ayeuna zaman demokrasi tur konsekuensi tina konsep bebas vs pahala/dosa (upami urang percaya ka ayana Pangeran). Logikana: mun rahayatna parinunjul, pamingpin nu dipilih oge pinunjul, pamingpin pamingpin pinunjul insya Allah nagara makmur. Tapi, sapertos seratan2 kamari, 'jihad' struktural oge peryogi. Urang kedah gabung janten grup nu neken pamarentah supaya cueut ka balarea, ulah ka nu gaduh modal tur nu ageung-ageung wungkul. Dua 'jihad' ieu - ngajak jelema supaya jadi jelema pinunjul tur secara 'terorganisasi' merangan kadoliman kapitalisme- kedah aya dua-duana,
janten kawajiban urang tur kedah saling lengkepan.

Janten abdi mah teu percanten mun disebatkeun yen "Ulah ngarepkeun individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia, atawa "menunggu Godot" nu teu datang-datang...". Patarosan abdi simpel, di awal-awal lungsurna wahyu naha Nabi Muhammad di diparentah ngadamel nagara?

Baktos,
Y


--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Manawi, kumargi sifat dasarna jelema teh "sarakah", kedah aya nu
> ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika (moral). Ngarep-ngarep
> jalma "sarakah" nyieun "kahadean", daek babagi jeung nu sejen, eta
> mah ukur UTOPIA. Nu "sarakah" diantep we sina ngalajur kahayangna,
> keun we usahana sina jadi "gede". tapi masyarakat (nagara, agama
> jeung etika) "ngahukum" jelema ieu mayar pajeg sagede-gedena. Dina
> Islam aya zakat, nu ceuk logika kuring, eta teh "hukuman" kanu makmak-
> meukmeuk. Di nagara modern aya pajeg, nu gedena malah progresif.
> Beuki gede panghasilanana, beuki gede deui pajegna.
>
> Ceuk Kwiek Kian Gie mah, ibarat kieu, nagara teh nu boga kebon/
> taneuh, nu ngagarap rakyatna. Tangtuna oge rakyat teh rupa-rupa, aya
> nu daekan jeung aya nu kedul, aya nu pinter jeung aya nu bodo. Tah nu
> daekan ieu, acan tangtu daek babagi hasilna jeung nu kedul atawa
> babagi carana kumaha nepi ka hasilna jadi loba. Tapi ngeureunkeun
> ambisi bin "kasarakahan" jelema daekan jeung pinter ieu, oge teu
> nganggeuskeun masalah, "kebon" malah engkena teu ngahasilkeun nanaon.
> Nagara nu kudu ngatur, supaya hasil ti nu daekan jeung pinter ieu,
> sabagian dibagikeun ka rahayat anu kedul, bodo jeung nu teu boga
> kasempetan.
>
> Nagara oge kudu ngatur, supaya rakyatna boga kasempetan nu sarua,
> asal daek jeung nasib alus, manehna oge bisa nyaruaan nu geus "gede".
> Ieu prinsip nu ceuk kuring mah nu kudu dianut ku policy nagara. Ulah
> ngarepkeun individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia,
> atawa "menunggu Godot" nu teu datang-datang. Tah patarosan si kuring,
> nagara mana wae cnu mere kasempetan rakyatna boga kasempetan nu
> sarua? ...ulah-ulah kuring ngajawab patarosan sorangan, nagara-nagara
> nu dituduh kapitalis. Buktina Bill Gates jeung "juragan" komputer
> Apple nu mimiti usahana tina garasi imahna, usaha leuletikan, nepika
> jadi "kapitalis" dunya. Aya conto nu model kitu di nagara nu nganut
> sosialismeu?
>
> Prinsip neangan harta oge aya dina Islam (mudah-mudahan kuring teu
> salah nyutat), nu kira-kira eusina kieu : " Teangan harta, saolah-
> olah rek hirup 1000 taun, Lobakeun ibadah saolah-olah rek maot
> isukan". Janten? hartosna Islam teu ngalarang neangan harta nu teu
> beak leuwih ti tujuh turunan oge, asal ibadah. Di dieu katingali
> prinsip ieu ngakomodasi jalmi nu "sarakah", sabab nu "sarakah" mah
> moal bisa dieureunkeun, tapi kudu loba ibadah. Ibadah dina hartosna
> nu lega, contona nu beunghar kudu daek mayar zakat. Kulantaran zakat
> mah ngan 2,5%, ditambahan kudu daek mayar pajeg. Lamun teu mayar,
> kawajiban nagara kudu maksa!
>
> Punten, kuring sabenerna mah teu ngartos jeung teu kantos maca buku
> kapitalismeu atawa buku sosialisme komo buku ekonomi mah. Kuring oge
> teu kantos nyaba atawa cicing di nagara kapitalis atawa di nagara
> sosialis. Ukur ulukutek di lembur wae, ukur bucu-baca dina artikel na
> koran, kitu oge ari keyeng. Jadi pamendak kuring teh, estu ceuk
> kuring ........sanes kapangaruhan ku "juragan kapitalis" da nyaeta
> bongan ....boga uteuk!
>
> Baktos,
> WALUYA
> (Hayang jadi Kapitalis, ngan rumasa jadi jelema "kedul")
>
>
> --- In [email protected], "Yudi Irmawan" adesae@ wrote:
> >
> > Waleran ieu teh ceples pisan buktos kumaha hebatna nalar kapitalis
> di
> > dunya nungkeban cara urang mikir. Sakitu hebatna nepi pikeun urang
> mah
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke