Pamendak abdi di handap ieu didasaran ku asumsi yen urang sadaya masih percanten ka ayana Pangeran nu nyiptakeun manusa.
Perkawis ka hiji, naha leres urang diparentahkeun tunduk ka "alam rasional sareng naluri alami"? Atanapi urang diwajibkeun usaha nu hese beleke pikeun ngontrol/ngendalikeun rasio tur naluri alami urang? Abdi mah cueut ka nu kadua. Alesannana: mun henteu kieu, konsep pahala-dosa teu aya hartosna. Jelema bisa hirup saenakna. Mun ditanya ku Pangeran naon sababna ngadoliman batur tina akibat sarakah, tinggal waler we ku urang: "jeeeh pan Anjeun nu mere sipat sarakah ka kula, naha ayeuna nanyakeun akibatna. Kumaha ieu teh?!!" Kumaha ngontrol rasional jeung naluri alami ieu? Maenya diparentah tapi teu bere nyaho carana? Di dieu panginten peryogina idealisme atanapi cita2 kumaha urang kudu hirup tur kumaha carana nepi ka dinya. Cita2 ieu hese dihontal? Kulantaran abdi yakin idealisme ieu teh ajaran ku kayakinan urang (alias dongkapna ti Luhur), tinggal urang tingali naon saleresna nu dipenta ti urang, usahana atawa hasilna? Analogi abdi mah ieu teh siga guru mere ujian ka muridna. Mana nu langkung penting: waleranna atanapi cara murid kengingkeun waleranna? Pamendak abdi mah dua2na memang penting, tapi mun kedah diurutkeun: cara langkung penting tinimbang waleran. Nu nurun/nyotek mah pan biasana langsung dibere nol, nu ngawaler jujur nembe dipeunteun. Kumaha murid nu nyarios kieu: "Ah ujianna hese, moal bisa dijawab. Jadi uing mah moal ngeusian!" Nu siga kieu aya dua kamungkinan: guruna salah mere soal atawa muridna embung diajar! Tah, moal enya Nu di Luhur mere ujian nu salah/teu bisa dijawab sanes (tong disembah nu kitu mah, error ta teh Pangeranna)?. Kahade, peunteunna nol murid siga kieu mah. Janten kayakinan abdi mah nu penting mah urang yakin tur usaha ka arah dinya make cara nu bener. Masalah hasil mah tong dipikiran ayeuna! Barina oge, mun tujuan Anjeunna hasil (nyaeta sadaya manusa jadi manusa "ideal") atuh kantun kun payakun, teu peryogi nurunkeun wahyu jeung nabi sanes? Karunya ongkoh nabina, cape tur dimusuhan ku jelema loba. Hapunten lepat carios, Baktos Yudi --- In [email protected], H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sumuhun ari Bah Uki versi kahiji mah kirang dipikaresep, tapi eta teh anu pangseueurna didunia ieu teh, dialam rasional sareng naluriah alami. > Atanapai Bah Uki anu kadua mah, alah etamah ngan saukur ASPIRASI, kaayaan ideal, paling hese milariannana, ti golongan mana wae, bangsa mana wae, sesah ! Pamendak abdi, sae pisan dijantenkeun cita2 da namina oge aspirasi atuh da he4se dihontal2 oge ! Paling2 kanggo hiburan diri dina ngobrol santai sonten2 ; "Uh, coba upami sadaya padagang/profesor/mahasiwa/tentara/dokter/aktris/birokrat/dsj, bangsa urang, siga Bah Uki versi kadua, aduh resep urang hirup..."! > > On 2/2/06, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

