Punten, Pa Arman
 
Simkuring urang nu kawitna ti Kanada (dimana masih keneh aya seueur salju jeung hawana rada tiis...he..he..he..). Janggal nya urang Indonesia nu linggih di Jepang. Simkuring meuni panasaran Pa Arman nuju guguru dina widang naon diditu? teras guguru dina basa Jepang atawa dina basa Inggris , Indonesia dina hirup kumbuh sapopoena? Aya masarakat Indonesia di Hiroshima, masarakat Sunda?
 
Parantos heula ti Pa Denis di Montreal, Kanada
 
Wassalam
----- Original Message -----
Sent: Thursday, February 02, 2006 5:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Nepangkeun, Kang Arman & Kang Dirman

Para wargi sadaya,
 
Hatur nuhun kana panampianana, utamina kanggo Kang Ndoell sareng Kang Budhi.
 
Kang Ndoell, teu kunanaon di-akang-keun oge. Sumuhun yen simkuring anom keneh. Simkuring dugi ka danget ayeuna masih kacatet janten guru SD Islam Terpadu Luqmanul Hakim Bandung. Nuju guguru ka Jepang sangkan pendidikan Indonesia janten langkung sae sinareng "berkualitas".
 
Alhamdulillah, simkuring sehat wal afiat, Kang Budhi. Di dieu mah tos teu aya salju. Hawana mimiti rada haneut yeuh.
 
Oh, ieu teh Kang Budhi anu kantos ngobrol sakedap tea sanes nya?
 
Simkuring hoyong pisan pendak sareng Abah Ayip Rosyidi. Saurna mah anjeunna teh ayeuna aya di Osaka. Naha leres eta warta teh heunteu nya?
 
Cag ah, dugi ka dieu heula.
 
Wassalam,
pun Arman
di
Hiroshima
 



What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke