Baraya ..dinten ieu Kang Yos / Bang Yos ngawitan ngaberlakukeun uji emisi kanggo sadaya kandaraan (roda 2, roda 3, roda 4 10). Kurang leuwih tos 116an bengkel anu di tunjuk ku Kang Yos jeung leuwih to 300 urang anu di kursuskeeun keur montir bengkelna. Biaya na oge lumaya murah / mahal ceuk ukuran urang. Antara 30 rebu nepika 50 rebu. Tergantung timana urang ningalina . Uji emisi ieu ceunah mah keur ngurangi polusi udara di Jakarta, anu ceuk beja aya dina posisi katilu terpolusi sadunya salain ti Meksiko jeung Thailand (duka bener duka henteu, wallohualam). Uji emisi ieu dilakukeun mun rek merpanjang STNK kandaraan, sataun sakali, tapi alusna mah dilakukeun sataun dua kali ceunah, ngarah urang bisa ngontrol eta kandaraan. Sangsina oge lumayan gede, lamun urang teu mirosea eta aturan. Mun teu di penjara 6 bulan, di denda 50jt. Duit anu sakitu gedena, dibanding jeung harga motor anu ngan 7 juta, atawa mobil urut (thn 95/96) anu ngan 40-60 jt. Ceuk kuring mah teu sabanding eta sangsi teeh. Kitu deui ka bengkel anu Nakal, salain ti di tutup usahana aya denda oge ceunah mah (teuing sabaraha namah). Ningali sareng ngabahas pedaran di luhur, ceuk kuring pribadi, cara ieu tehh moal maksimal, malahan mah bakal muka deui usaha anu teu sehat ti para oknum, boh polisi (punten ka pun bapa, da abdi mah percanten bapa mah bageur heheh), DLLaj, jrrd anu kasangkut di ieu widang. Solana bisa wae kendaraan anu teu layak di pake, bisa jadi layak. Wallohualam . Amun erek sakalian Gelo : (ceuk kuring) 1. lenyapkeun sagala kendaraan anu geus lewat umur / kolot (misal : anu tos lewat 15 thn) 2. Sakulawarga teu meunang boga mobil/kandaraan leuwih ti hiji. Salain ti ngurangan polusi, di Jakarta moal pinuh teuing ku kandaraan jelasna mah moal loba teuing macet. Tapi tergantung ka pamertah/aparat deui tegas atawa henteuna dina ngajalankeunana. Tah kumaha ceuk baraya sadaya nyanghareupan model Kieu ¿??? Cag ahhhh Yosep
[Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

