Punten ah simkuring bade ngiringan, meni asa rame nya........
Sumuhun eta kecap "inna lillaahi wa inna ilaiHi raaji'uun" teh sanes wungkul
mayunan anu kapapatenan, sanes wae kanggo jalmi anu ngantunkeun, nanging
saestuna eta kecap payus dina mayunan sagala rupi musibah, apan nyondong
dina alQur'an surat alBaqarah ayat 156 tos natrat jelas pisan,

Jeung saestuna Kami baris nyoba aranjeun ku sarwa saeutik kasieun,
kalaparan, akkurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku
aranjeun jalma-jalma nu salabar teh (155)

NYAETA JALMA-JALMA DINA MANGSA KATIBANAN MUSIBAH NGARUCAPKEUN, "INNA LILLAHI
WA INNA ILAIHI RAAJI'UUN (Saestuna abdi sadaya teh kagungan Allah sareng
saestuna abdi sadaya teh baris mulang ka Anjeuna)-(156)

Nya aranjeuna anu bakal meunang kurnia jeung rahmat ti Pangeranana, jeung
nya aranjeuna nu baris meunang pituduh (157)

Tah baraya, tos jentre yen kecap "Inna lillahi wa inna IlaiHi raaji'uun" teh
sanes kanggo jalmi nu ngantunkeun, nanging kanggo MAYUNAN ANU KENGING
MUSIBAH, nya atuh leres pisan ari anu ngantunkeun teh dina garis badagna mah
nyaeta musibah keneh, kitu tah baraya.

Hapunten ah baraya bilih simkuring cologog yeuh, sanes endog mapatahan hayam
atanapi nitah ngojay ka meri, ieu mah mungguh ku hoyong ngiringan weeee
heuheuheu........punten ah...

Salam,
Kang Enduy.... 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of S4D3W4 NAKULA
Sent: 06 February 2006 09:46
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Kecap: "Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun"

Jeung saenyana ari kecap innalillahi wa inalilahi rojiun teh sanes ukur keur
kanu ngantunkeun wungkul tapi kanu keur meunang cocoba atawa kanu geuring
bisa diucapkeun, saenyana lamun urang titajong ge teu nanaon ngucapkeun
kalimah eta teh.
   
  Pan sagala anu tumiba ka urang teh teu leupas tinu kagunganana, urang boga
awak cageur, bageur, geuring, sehat pan ku pangersa mantenna.
    
Tapi memang saur teh Mia ge kedah ati-2 saha anu diajak ngobrolna heula
ngarah ulah aya kasalahpahaman tujuan urang bener tapi salah arti pan jadina
pipaseaeun.
   
   
   
  
Mia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Abdi sapagodos sareng uwa tito sareng baraya nu sanes.

Leres "inna lillahi wa inna ilaihi rojiun " teh sanes kanggo nu pupus
wungkul bah,
ngaaaaan...urang sadaya seueurna nu nganggo eta kalimah khususon ka nu pupus
wungkul ku sabab teu acan terang tea maksad nu saleresna.
Sanes abah wungkul, nu sanes ge seueuer nu kitu, upami aya nu teu damang, di
sebat inna lillahi teh malah ngambek nu aya,malihan ku kaayan kitu, terus
terang abdi oge
sok rada ragu bade nyarios inna lillahi teh,kedah terang heula sareng saha
urang nyarios na.

~Mia~

On 2/6/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nuhun pisan baraya sadayana parantos diwartosan. Nyaeta puguh ge,
> tilu minggu kamari budak kuring diopnameu terus ngabejaan bibina nu
> di Sumedang make SMS. Na ari ditingali teh jawaban ti pun adi teh
> kieu: "Inalilahi , di rumah sakit mana?"
>
> Pas manehna ngalongok ka rumah sakit, kuring teh rada nyereng ka pun
> Adi teh :" teu kira-kira maneh mah mah, make ngucapkeun inalilahi
> sagala"
>
> Pun Adi teh (bibina pun Anak), palahak-polohok, nu ngalongok kalahka
> diserengan. Ah ....ke ari ka Sumedang rek menta dihampura!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational
culture     Organizational culture change   Jewish culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





                
___________________________________________________________ 
To help you stay safe and secure online, we've developed the all new Yahoo! 
Security Centre. http://uk.security.yahoo.com





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke