Taroskeun  wae kanu maot......
Heu euhhh......

Punten achhh heureuy

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, February 08, 2006 8:42 AM
To: [email protected]; kisunda
Subject: [Urang Sunda] Re: Hiji deui sanggeus anu ditampiling, ayeuna
divonis bui

Aya patarosan sakedik, manawi aya bongbolonganana: Ari numutkeun iman
Islam, nu tos ngantunkeun (maot) naha masih kaci keneh barang penta ka
nu maha kawasa? Jiga manjatkeun do'a misalna. Sanes ari tos maot mah,
kantun ngala hasilna, kana naon rupa nu kungsi dilakonan di dunya. Jiga
dina katerangan, yen amal ibadah manusa teh putus nalika nyawa tos
nagntunkeun jasadna, kajaba tilu perkara (putra nu soleh, ilmu nu
mangpaat, amal jariyah).

Salian ti eta, naha aya katerangana yen roh nu tos aya di alam
kalanggengan masih keneh "boga karsa", sarta "caket ka anu
Nyiptakeunana, sareng makbul do'ana".

Cing nyuhunkeun bongbolonganana.

Hatur Nuhun,
MH

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:    Si kuring mah percaya
kana dua pamadegan di luhur teh. Anu ngaping ti alam arwah, bisa wae ku
modus do'a ka anu Maha Kawasa (maksudna: hakekatna anu
 ngahukuman teh tetep Pangeran Anu Maha Kawasa, Anu Maha Taliti
Balitunganana). Sabab, mungguh dina Islam oge kapercayaan tradisional,
anu maot teh ukur jasad, ari roh mah tetep hirup jeung sarua boga karsa.
Sedeng, ari roh-roh manusa anu geus kumereb (caket ka anu Nyiptakeunana,
eta makbul
 do'ana). Dina Al Qur'an ditetelakeun, silih tulungan antara sasama
manusa anu ariman teh eta henteu kawatesan nalika di alam dunya wae.
Do'a antara manusa anu ariman teh tiasa ti antara aranjeunna nalika
duanana jjarumeneng
 keneh di alam dunya, tiasa ti anu masih hirup di dunya ka anu tos
ngantunkeun; tiasa oge ti anu tos ngantunkeun ka anu masih hirup di
dunya.
 Dangiang Sunda......teu mungguhan ti antara karuhun-karuhun Sunda anu
tos teu aya dikieuna teh aya anu kalintang caketna ka Pangeran, dugi ka
sagala do'ana tiasa dikabulkeun. Diantarana: nyanggakeun ka Pangeran
kaadilan pikeun jelema anu geus ngahina masyarakat Sunda jeung budayana.



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke