Hatur nuhun pisan kang Waluya sareng kang Soni Rosa, kana waleran (di 
handapeun) nu mani menarik pisan perkawis larangan ngadamel gambar Kanjeng 
Nabi. Mugi-mugi obrolan ieu bade silih ngartoskeun kaayaan nu nuju kajadian 
ayeuna. Neda dihapunten ka para wargi sanesna bilih aya kalepatan boh nu 
ageung, boh nu alit dina pesen kuring sateuacanna.

Panginten eta larangan teh saleresna dilarang oge dina agama samawi (Uum 
al-Kitab) lianna (Yahudi sareng Nasarani), basa ngawitan dongkap agami-agami 
ieu, tapi akhirna mung dina agami islam wae nu nepi ka ayeuna tetep nurut ka 
eta larangan. 

Sateuacanna bangsa-bangsa nu aya di wewengkon Timur tengah sok nyembah 
dewa-dewi (barahala), sanaos tos dongkap agami samawi, aranjeuna masih tetep 
nyembah patung-patung nu diibaratkeun pangeran, tibatan nyembah Pangeran nu 
dipiwarang ku nabi-nabi basa harita. Teras nabi-nabi hawatir para panganut 
terus-terusan nyembah barahala, nu akhirna dijieun aturan ngalarang nyembah 
barahala-barahala (gaganti pangeran). Aya conto ti agami tiluanna tapi nu pang 
alusna teh nyaeta dina agami Islam.

Ieumah ayat nu nyaritakeun larangan nyembah patung dina kitab Perjangjian Lawas 
nu dianggo ku agami Yahudi sareng Nasarani.

1. jaman Musa (Yahudi), perkawis sasapian emas.
Sanggeus sakitu lilana Musa henteu lungsur-lungsur ti gunung, jalma-jalma teh 
karumpul ka Harun sarta miunjuk kieu ka anjeunna, "Duka katarajang naon Juragan 
Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Ku margi 
kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin."
Saur Harun ka maranehna, "Laanan anting-anting anu diparake ku pamajikan, ku 
anak lalaki,ku anak awewe, kumpulkeun terus bawa ka Bapa". Seug maranehna 
ngalaraanan anting emasna tuluy diserenkeun ka Harun. Ku Harun dicandak tuluy 
dilebur kabeh dicitak jadi hiji sasapian emas. Ceuk jalma-jalma teh, " EH, 
urang Israel, tah ieu allah urang, anu ngaluarkeun urang ti Mesir!"
Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas, tuluy 
ngembarkeun kieu, "Isukan kudu pesta, ngagungkeun Pangeran." Isukna isuk-isuk 
keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh keur kurban beuleuman, 
sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban panarima. Brek jalma-jalma 
dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu nginum, pestana robah jadi borak-borak 
jeung cabul.
Pangeran nimbalan ka Musa, "Geuwat turun ayeuna keneh. Jalma-jalma meunang 
ngaluarkeun ti Mesir teh marigawe dosa, murtad ti Kami. Pituduh laku anu ceuk 
Kami kudu dilakonan geus teu diparake pisan. Malah geus nyarieun sasapian emas 
dicitak, disarembah, dibere kurban.(Budalan 32: 1-8).

Lajeng aya aturanana nu pangjelasna di Pamindo 27:15 
Urang Lewi,"Sing disapa ku Allah, jelema anu nyieun arca ku batu, kayu, atawa 
ku logam, seug disembah susulumputan. Pangeran mikagiruk ka nu nyembah ka 
barahala."
Katingalna bangsa Yahudi carang kawula ka eta timbalan ti Gusti Allah 
kulantaran kedah disuhunkeun teu weleh ku nabi-nabi salalawasna.


Katingalna bangsa Yahudi teu nurut kana parentah ti Gusti eta, sanaos nabi-nabi 
teu weleh nitah kangge nurut kana parentahNa.

2. Jaman Nasarani

 Panganut-panganut Nasarani nu mimiti (abad kahiji) mindeng disiksa ku bangsa 
Romawi (jaman pengejaran), kulantaran nolak milu pangnyieunkeun arca jeung 
nyembahna. Tapi saatosna sababaraha abad, basa agama Nasarani dijantenkeun 
agamai resmi dina karajaan Romawi (ku kaisar Constantin, kinten-kinten abad 
kaopat saatos masehi), nembongkeun seueur gambar suci rupi-rupi nu ditampi ku 
Paus Leon IV (Paus jaman harita) : gambaran jeung arca Yesus, Bunda Maria, 
jelema suci dll. Abad kalima hiji pergerakan disebut Ikonoklas muncul (samacam 
fanatik), kecap Ikonoklas hartosna : nu ngaruksakkeun, nu ngalarang 
gambaran-gambaran eta ditembongkeun. Ti basa harita para Ikonoklas merang 
tutumpesan jeung maehan mangrebu-rebu kurban nu panuju ngaruksakkeun 
gambaran-gambaran jeung arca. Akhirna, abad kasalapan, Paus zaman harita, 
mangsa kaisar awewe Theodora, rubah pikiran perkawis arca, teras  para 
Ikonoklas nu akhirna disiksa. Kukituna para Ikonoklas eleh teras nu meunang 
perang nyaeta para Ikonodul (ikonodul hartosna : nu nyembah arca). Janten abad 
ayeuna dina agama Nasarani aya arca dimana-mana nu disembah jeung dianggap 
gaduh kawasa sorangan.

3. Mangsa Islam

Tungtungna memang salah sahiji ti tilu agama samawi nu salalawasna tahan kana 
larangan ngadamelkeun arca kangge disembah teh nyaeta agami Islam. Agama Islam 
tos satia sama sakali ka larangan eta nu ditingalikeun kalawan teges ti 
anggalna dugi ka zaman ayeuna. Akibatna eta larangan mangrupakeun ciri leres 
agami Islam, kulantaran eta oge tos sakedahna dihormatkeun. Meureun ieumah 
mangrupakeun alesan nu jero kunaon sababna umat Islam bendu ka 
karikatur-karikatur eta.

Punten Kang Waluya sareng kang Soni Rosa, Upami simkuring seueur teuing panjang 
ngajelaskeun perkawis ieu. Pangemut abdi, kulantaran globalisasi, sareng 
internet, sareng imigrasi nu langkung gampil ti wetan ka kulon, panganut agami 
nu rupi-rupi, wargi bangsa rupi-rupi, pangguna basa rupi-rupi, di zaman ayeuna 
sakedahna nampi kana perbedaan, sakedahna ngahormati perbedaan, sangkan tiasa 
hirup kalayan aman jeung damai, sadayana kedah nampi kana faham jeung pamikiran 
tatanggi nu teu sami.

Hatur nuhun oge kana karangan perkawis musium dimana disimpen arca Kangjeng 
Nabi. Ieumah mangrupa buktos yen umat islam oge tiasa ngabentenkeun mana nu 
dihormatkeun mana nu heunteu perkawis fahamna. Umat islam tiasa ngabedakeun oge 
mana nu dimaklumkeun (kulantaran kangge musium) mana nu piambekkeun kawas 
karikatur eta.

Wasslamualaikum,

ti Denis.


  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, February 05, 2006 11:00 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: ajaran Islam nu ngalarang gambar Rasulullah SAW


  Haturan Pa Denis. Tah baraya aya nu naroskeun, cing saha nu tiasa 
  ngajawab, kanggo nutup kapanasaran Pa Denis. Kuring oge teu terang 
  pasti, ngan asa kantos ngadangu salah sahiji alesanana kangjeng Nabi 
  Teu kenging di gambar teh komo didamel patung mah, bisi engke 
  gambarna disembah-sembah/ dipuja-puja. Dina Islam, nu disembah teh 
  sanes Kangjeng Nabi, tapi Alloh Swt. 

  Alesan nu sanesna kuring teu terang. Tapi sanajan kitu, aya oge urang 
  Islam nu "ngagambar" Kangjeng Nabi. Koran "Irish Times" di Irlandia 
  nyebatkeun aya "image" Kangjeng Nabi sareng minantuna Sayidina Ali di 
  Perpustakaan/ musium " Chester Beaaty" di Dublin Irlandia. Gambar ieu 
  teh cenah ti Iran nu didamel di abad ka 14. Wartosna diselipkeun ku 
  kuring di hadap ( menang copy-paste tina millis sabeulah).

  Ceuk beja oge cenah, kantos di hiji kelenteng di Taiwan, Kangjeng 
  Nabi dipatungkeun dijajarkeun sareng patung-patung jalmi-jalmi nu 
  gaduh jasa di dunya ieu. Janten disembah-sembah. Ngan cenah, saatosna 
  diwartosan yen kangjeng Nabi mah teu kenging didamel patung, "patung" 
  kangjeng Nabi teh teu dipasang deui.

  Punten ...ah "nyanyahoanan", atuda mani jarempling kieu .....

  Baktos,
  WALUYA

  Wartos tina koran Irlandia tea :

  Images of Muhammad on display in Chester Beatty
  04/02/2006


  Depictions of the Prophet Muhammad are on display at the Chester 
  Beatty Library
  in Dublin, home to one of Europe's best collections of Islamic 
  manuscripts.
  Kitty Holland reports


  The museum director says that although images of Muhammad are 
  considered
  blasphemous by most Muslims, the museum shows several miniatures, 
  particularly
  in manuscripts by Sufi Muslims from the Persian Empire.

  Michael Ryan said the Chester Beatty was "discreet" when displaying 
  texts or
  manuscripts featuring images of Muhammad which show his face 
  obscured, either
  with a veil or by a bright light or a halo.

  "Some have voiced concerns about the texts. But we regard these as 
  historical
  documents, though when they are on display we don't shout about it. 
  We try to be
  discreet," Mr Ryan said.

  The Imam of the Islamic Foundation of Ireland, Sheikh Yayha Al 
  Hussein, said he
  had written to the library "a few years ago to tell them it was 
  wrong".

  "But generally these are images done a long time ago by other 
  Muslims", he
  added. "We don't want to protest to the Irish museum about it now, 
  but they
  wouldn't be shown in a museum in a Muslim country."

  One manuscript depicts Muhammad and his son-in-law, Ali. The image, 
  Ali Taking
  The Fortress of Qamus, is taken from a copy of The Realm of Purity by 
  Rawzat
  al-Safa and was completed in Shiraz, Iran, in AD 1595. The 
  explanatory note
  beside it in the museum states: "He [ Muhammad] and Ali are easily 
  identified by
  the flaming haloes that engulf their heads."

  Mr Ryan said: "The representation of the human form, and even more so 
  of
  prophets and especially of Muhammad is considered blasphemous by most 
  Muslims.
  The Sunni Muslims in particular find the idea of an image depicting 
  Muhammad
  extremely difficult." Some 90 per cent of Muslims are Sunni.

  Also on display in the museum is Scene From the Story of Miqdad ibn 
  Aswad - a
  Turkish and Arabic text dated AD 1594-95. "This manuscript is highly 
  unusual in
  that it originally contained over 800 miniatures most of which 
  portray the
  prophet Muhammad," says the accompanying explanatory note.

  Summayah Kenna, spokeswoman for the Islamic Cultural Centre in 
  Clonskeagh,
  Dublin, said the centre would not consider protesting over the 
  displays. "We
  appreciate the work of the Chester Beatty. We would just ignore those 
  images if
  we went to to the Library."

  Meanwhile, at a press conference in Dublin yesterday, Sheikh Yayha Al 
  Hussein
  joined Dr Nooh Al Kaddo, executive director of the Islamic Cultural 
  Centre of
  Ireland, and Sheikh Hussein Halawa, Imam of the Islamic Cultural 
  Centre of
  Ireland, in condemning cartoons in European newspapers depicting the 
  prophet
  with bombs.

  Muslims here have been "extremely offended" by the cartoons and saw 
  them as "an
  attack on our prophet, an attack on our faith".

  © The Irish Times



  --- In [email protected], Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Assalamu alaikum,
  > 
  > 
  > Hatur nuhun, Pa Teddy , kana nyndirna isu tadina, simkuring meuni 
  panasaran ge :  
  > 
  > 1.-Naha aya larangan imeut dina ajaran Islam nu ngalarang gambar 
  Rasulullah SAW?
  > 2.-Larangan eta pupucukna tina ayat dina Alkitab atawa aya sumber 
  nu sanesna?
  > 2.-Upami kitu, kunaon? Aya pedaran dina sajarah umat Islam? 
  > 3.-Larangan eta lain bae ngeunaan ngagambarkanana tapi ningalina 
  oge? 
  > 4.-Kapir-kapir tina agami nu sanesna kedah nurutkeun kana ajaran 
  Islam henteu? contona larangan ngeunaan gambaran nabi?
  > 5.-Larangan eta mung ngeunaan Rasul SAW atawa ngeunaan saban nabi, 
  contona Yesahah, Yesus?
  > 
  > Hatur nuhun sateuacanan, Pa Denis, ka sadayana nu uninga jawaban 
  kana patelakan kuring.
  > 
  > P.S. Simkuring panuju sareng Pa Teddy : gambaran eta teh bolon wae
  > 






  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china  Organizational 
culture  
        Organizational culture change  Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke