Tah lumayan ayeuna mah maju. Aya  sababaraha patarosan nu ditembrakkeun teh. 
Ieu di handap mah pamendak  abdi. Da waleran nu eces tina patarosan2 eta mah 
sigana kedah ku  panalungtikkan.
  
   Naha makmur teh ku duit wungkul?  Pan kamari tos disebat Nagara nu leuwih 
alus tibatan nagara2 eta  ngangge kriteria naon heula Bah? Kamari tos di sebat 
conto Tibet  ngawitan ngadamel GNH tea. Tapi mun bade ngangge tolok ukur artos 
alias  GDP mangga tingali Brunei Darussalam, salahsawios nagara pangmakmurna  
di dunia, GDP per kapitana US$ 17.500.
  
  Rakyat Amerika/Inggris cicing wae?  Berontak siga kumaha maksad Abah? Perang? 
Urang kapitalis mah  sarieuneun paeh Bah, hirup teh sagalana, moal parerang 
maranehna mah.  Tapi mun GOLPUT dianggap "berontak" mangga tingali statistik  
partisipasi pemilu di Amerika: ti taun 1960 nepi ka taun 2004 nu  ngiluan 
pemilu presiden teh teu leuwih ti 63% (taun 1960). Komo pemilu  perlemen mah, 
panggedena oge 46% (taun 1966). Taun kamari pemilu  presiden ngan ukur 55% 
pemilu parlemen ukur 37%! Di Inggris partisipasi  terus turun ti saluhurun 70% 
ka <60% (2001) jeng 61% (2005).
  
  Ieu teh dina sistem democrazy mah  dianggap perlawanan kana sistem. Nu matak 
helok, alesan kunaon  maranehna teu marilu pemilu teh naon (abdi nyutat): 
"....Some 77% said there was no point in voting because it would not            
      change a thing, while 65% said they did not trust politicians.            
      ..... reported that 67% of the population now believe                  
that big international companies have more influence in their                  
daily lives than their own government; and more worryingly 71%                  
of 16- to 21-year-olds feel that, whoever they vote for, it will                
  make no difference to their lives."
  
  Amerika henteu ngajajah? Apan ari benua Amrik teh sanes gaduh urang  Indian? 
Kaleresan seueur emasna deuih. Baheula, samemeh perang dunia II  emas teh 
penting pikeun hiji nagara sabab cadangan emas di eta nagara  nangtukeun 
kakuatan mata duitna. Ti ahir abad 19 (taun  1870-kadieunakeun), Amerika 
hiji2na nagara nu bisa ngotrol dunia  kulantaran dollar jadi kuat. 
  
  Taun 1944, ngadeg IMF jeung World Bank nu salahsiji tugasna mere  injeuman ka 
nagara2 di dunia nu kurang emas tapi butuh duit pikeun  barang nu dibeuli ti 
nagara sejen. Tah ieu nu mere pinjeman ka nagara2  katilu siga Indonesia. 
Tungtungna loba pajak rahayat nagara katilu nu  dikumpulkeun teh dipake mayar 
hutang (taun kamari Indonesia bayar  hutang jeung bunga 130 Trilyun (25% 
APBN)!! Nu langkung bahaya, nagara  nu nambut ka IMF/WB teh kudu milu resep 
manehna nu seseringna  ngabahayakeun kadaulatan ekonomi nagara eta jeung 
ngarugikeun  rahayatna. Conto: privatisasi BUMN (Indosat dibeuli Singapur),  
liberalisasi minyak (BBM naek). 
  
  Saha nu gaduh IMF sareng World Bank teh? LERES PISAN, nu pangageungna  (40%) 
tangtos: Amerika Serikat, Jepang, UK, Jerman, Itali, Kanada,  Perancis. Tah 
nyambung sanes kumaha kapitalisme sareng seratan  Revrisond Baswir ngeunaan 
hutang luar negeri ti payun sareng kumaha  kapitalisme ayeuna ngawasa dunya 
sareng kumaha cinta produk impor  ngabahayakeun kadaulatan urang? Ieu oge 
ngawaler kunaon Jerman Jepang  jadi nagara kuat: supaya teu "macem2" deui make 
sanjata, dibere  "permen" IMF/WB.
  
  Janten, upami aya nu nyebatkeun IMF sareng WB teh alat kapitalisme  ngatur 
dunia, sanes kulantaran HEWA ka Kulon, tapi aya bukti nu tiasa  
dipertanggelwalerkeun tina sajarah sareng gawe IMF/WB. Kumaha 'damelna'  IMF/WB 
tiasa dibaca di:  http://www.globalexchange.org/campaigns/wbimf/facts.html
  
  Nyanggakeun
  Baktos
  Yudi
  
  --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
  Tah kitu, kuring rada ngartos ari nganggo data mah, da teu nganggo 
  data/fakta mah, kuring teu tiasa ngabayangkeun. Janten nu disebat nagara 
  kapitalis teh Amerika jeung konco-koncona. Kuring oge satuju aya teu 
  kaadilan didieu, kakayaan numpuk di sakumpulan jelema. ABah Jou nu di New 
  York oge kantos nyerat di salah sahiji postingna. Ieu meureun nu mere teuing 
  kabebasan kanu daekan, pinter, licik supaya tambah beunghar. Ngan kang  Yudi, 
 masalahna ayeuna, aya kitu nagara anu leuwih alus (relatif  sabenerna mah) 
tinimbang nagara-nagara eta? Kunaon Rakyat Amerika,  Inggris jeung 
  konco-koncona teu barontak wae ari kateken ku sistem "bangkawarah" ieu  mah? 
teu boga kawani kitu rakyat di nagara-nagara ieu, tepi ka nurut  
wae?................eta nu teu kaharti ku kuring mah. Kunaon ideologi  komunis 
teu laku di nagara-nagara barat ari kapitalismeu "neken" pisan  rakyatna?. 
Kunaon ideologi komunis malah laku di Rusia atawa di  nagara-nagara nu kurang 
maju?
  
  Perkawis  nagara-nagara maju baheula ngajajah terus baleunghar,  memang leres 
sabagian, tapi eta 50 taun kapengker. Tapi teu sadayana  nagara barat tukang 
  ngajajah. Amerika, ngan kungsi "ngajajah" Philipina dina waktu kurang  ti 100 
taun, eta oge kompensasi ti Spanyol kulanataran eleh perang.  Kitu oge  
Philipina boga otonomi waktu dijajah Amerika. Nu disebut  Presiden di Philipina 
geus aya ti samemeh Perang Dunya II. Jerman oge  teu gaduh nagara jajahan komo 
eta mah nagara eleh perang jiga Jepang,  tapi geuning bisa hudang deui, bisa 
sajajar deui jeung nagara-nagara nu  meunang perang. Nagara-nagara Skandinavia 
sami teu gaduh jajahan.   Bung Karno baheula keur jaman penjajahan pidato, 
nagara urang merdeka,  nagari Walanda Bangkrut. Tapi buktosna? kalahka urang 
menta bantuan  kaditu!. Tah Kang Yudi, cik pangjawabkeun, kumaha tah, kuring 
mah weleh  teu kaharti!. Oh sareng ulah hilap, samemeh perang Dunya ka II, 
Amerika  teh sanes nagara nu ageung pangaruhna di dunya. Amerika malah keur  
ripuh ku resesi jeung para gangster ngawasa dimana-mana. Amerika jadi  "gede" 
saentasna Perang Dunya II.
  
  Perkawis rodi, budak belian kuring oge satuju eta kudu dileungitkeun di  muka 
bumi ieu. Tapi balik deui, saha nu mimiti boga kasadaran kieu teh?  Pan balik 
deui ka "kulon". Ti baheula oge rodi alias "budak" teh  diperyogikeun keur  
sistem ekonomi jaman baheula. Jadi saleresna  mah sistem ekonomi tradisional 
oge tetep nganggap jelema teh bagian  tina sistem produksi jiga sistem 
kapitalismeu. Tah kulantaran kapanggih  mesin-mesin keur ngaganti jelema, ti 
dieu mimiti aya kasadaran yen teu  meunang "memperbudak" jelema. "Perang 
Saudara" di Amerika antara bagian  kaler nu kapitalis industri jeung bagian 
kidul nu ekonomina ditunjang  ku  perkebunan nu perlu "budak-belian" 
disababkeun ku beda  kapentingan. Urang Amerika kaler (Yankee),  geus robah 
etikana yen  "memperbudak" jelema teh salah. Amerika ngahapus sistem 
"perbudakan"  saatosna perang Saudara ieu (Abraham Lincoln), ditarurutan ku 
nagara  sanesna. Nagara nu pangahirna ngahapus "perbudakan", Arab Saudi di taun 
 1960'an!. Kuring
 lain rek manjangkeun "debat kusir" nyebut budak belian  sagala, tapi 
kulanataran ieu aya hubunganana jeung "rodi" nu ceuk cenah  mah salah sahiji 
sistem kapitalismeu.
  
  Tah kitu Kang Yudi, kunaon kuring jiga pro ka "kulon", padahal sabenerna mah 
  kuring mah acan nincak-nincak acan nu disebut nagara kulon teh. Ngan kuring 
  mah nyandak pikiran-pikiran positifna urang Kulon. Sabab rek nganggo teori 
  naon wae, ismeu naon wae, angger ......... maranehna nu ngawasa dunya ieu, 
  satungtung urang ...........teu nurutan cara mikir maranehna. Aya hiji conto 
  sabenerna mah, Urang Korea Selatan (atawa oge Jepang ngan jepang mah  samemeh 
PD II oge jelemana geus maju ngaleuwihan bangsa-bangsa Asia nu  sejenna). Urang 
Korea Selatan ceuk cenah mah ditaun 1960'an masih  kaasup nagara miskin. Tapi 
ayeuna, malah bisa ngayakeun Olympaide  sagala. Kuring teu terang, naha urang 
Korea bisa maraju teh, kulantaran  nyieun "ismeu" anyar 
  atawa nurutan urang "kulon" nyieun kapitalis? Nu jelas di lembur urang,  
nerekab barang Merk "Samsung", "Hyundai",  "LG" jrrd nyaingan  barang-barang 
Jepang jeung barang-barang ti nagara "kulon". Ua Siddik  panginten langkung 
terang kunaon Korea Selatan dugi ka jadi kitu.
  
  Baktos,
  WALUYA
  (Nu cangcaya kana sagala "ismeu", salian ti........pragmatismeu)
  

--
>> yudi irmawan <<
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]    






                                
---------------------------------
Bring words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with your Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke