Punten ah abdi ngiring mairan. khususna ka kang misan, kade kang upami 
ngaluarkeun pendapat teh ulah dapon ASBUN alias asal bunyi, lamun urang 
ngangken Agamana Islam, cobi buka deui Al Qur'an, tah dina al Qur'an eta aya 
sababaraha katerangan yen Allah SWT ngahalalkeun masalah nyandung, janten 
nyandung teh henteu hiji dosa, Upami akang teu percanten yen nyandung Halal 
atuh akang teh tos ngalakukeun hiji dosa teu percanten kana ayat ayatna Al 
Qur'an. Perkawis aya anu nyandung ngabalangsakeun kulawargana  (sanes 
ngabalangsakeun masyarakat) eta mah anu salah jelemana, cobi turutan sunnah 
rosul geura, asana teh moal ngabangsakeun kulawarga..

Tatan
Abdi oge teu hoyong nyandung
ngan percanten yen nyandung teh di halalkeun ku Allah SWT.


-----Original Message-----
From: AA misan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, February 08, 2006 12:36 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] "Sangsara"na Nyandung ..........


Rek ulubiung ah pedah eta we geuning teu saeutik nu resep kana masalah 
'panyakit' nyandung. Sateuacana atuh punten yeuh ka nu keur nyarandung alias ka 
nu keur
  ngarandapan panyakit nu matak nyangsarakeun ieu. Dina rohangan ieu kuring mah 
ukur rek mere conto fakta alias teu fiktif.
  Boga emang  (moal disebutkeun timana jeung ngarana mah bisi aya balukarna 
jeung jadi panyakit keur kuring), alhamdulillah jumeneng keneh nepi ka ayeuna 
tapi kadieukeuna kalah leuwih ripuh jeung sangsara oge butak mastakana najan 
pereneh jadi kades . Kieu caritana ; baheula mah (aeh can lila teuing ketah) 
basa si emang
  can jadi kapala desa, pamajikan hiji, anak dua sarakola di kota, ngabogaan 
cita-cita hayang jadi kades jeung proyek kahiji nu dicutat dina agendana teh 
nyaeta hayang ngaspal jalan desa nu cenah mah ti jaman walanda keneh jalan ieu 
teh can perenah ngambeu aspal. Alhamdulillah cita-cita si emang laksana pedah 
pinter ngabako jeung pidato dina unggal rereongan, tapi saanggeus mancen tugas 
jadi kades agenda kahiji nyaeta ngaspal jalan desa teh taya buktina. Malah  
ngadua alias nyandung ka kembang desa ngora keneh pisan nu jadi tatangga tur 
ngabogaan anak dua. Tos ah dipungkas dugi kadieu ti mimiti si emang dirapalan 
nu kadua kalina dugi ka kiwari sabab matak butak sirah ngabandunganana.
  Dina pamilihan kades nu kadua mah si emang  euweuh nu ngalieuk, jigana mah 
ijideun pedah taya bukti fisik keur desa eta .Kalahkah beak banda keur ongkos 
kampanye, jalan desa tetep taringgul jeung kahayang si emang nyakolakeun anakna 
ka paguron luhur teu laksana. Beu karunya eta pun emang, tapi ah bongan saha da 
polah sorangan . Tetela nyandung teh panyakit nu nyangsarakeun kulawarga 
sakabeh. Pan dosa badag nu kieu teh, sanes ?
  Hapunteh garihal pisan babasaan kuring mah pedah keur rada keuheul ka nu 
ngahalalkeun nyandung padahal nyandung teh (sarerea oge tos uninga) 
nyangsarakeun masarakat, minimal kulawargana sorangan. Naha nu kieu lain dosa 
badag? Aeh simkuring oge dosa ketah ngomongkeun batur (baca : nu nyarandung) 
bari jeung can tangtu aya patula-patalina jeung kuring. Sakali deui hapunten .
   
  Ki sobat
  Misan == 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke