Aduhhh .... eta si akang mani apal pisan kana bab udud. Simkuring 
mah terangna mung sabda ki sunda (sanes hadist nabi ie mah ...):

INNA NI'MATAL UDUDU BA'DA DAHR anu hartosna: sesungguhnya merokok 
paling enak itu adalah setelah makan. hehehehe ...

Aya oge babaturan kuring anu perokok berat ditanya ku dokter
"Pilih merokok atau pilih sehat?" ceuk dokter.
"Pilih sehat atuh ... ameh genah ngarokona," ceuk batur kuring teh. 
hihihi ...

salam,
sofian asgart


--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Udud teh cenah kaasup hak asasi, matakna basa diberlakukeun 
paraturan anu ngalarang udud disambarangan tempat, loba nu sing 
gereneng. "Beu udud ge mani diatur sagala!" Padahal larangan samodel 
kitu ku pengelola pom bengsin mah geus tibaheula mula diterapkeun, 
matakna mun keur ruang riung heug teu dibarengan jeung udud sok aya 
nu nyelengkeung. " Kawas dipom wae euy!"  Enya bisa kabayang kuayana 
paraturan eta, nu ngageni mah asa ripuh tur kasiksa pisan, da lain 
di pom wae nu teu meunang kulupas kelepus teh, nya kayaning rumah 
sakit,beus, sakola,mol,komo di Batawi mah sapanjang jalan protokol 
oge teu meunang.
> 
> Ceuk nu biasa ngaroko, ududeun teh kaasup batur nu pangsatiana, 
kamana mana teu weleh dibawa, komo ceuk nurahul mah meni pok pisan, 
mending tinggaleun bujur daripada tinggaleun ududeun. Kituna mah 
pantes, da udud teh miboga sensasi sorangan pikeun nu ududna, komo 
mun tas dahar peuteuy atawa jengkol mah, bisa peureum beunta 
bakating ku ni'mat, tapi aya oge nu nyebutkeun leuwih ni'mat udud di 
wc bari "ngaheujeun". Mun kitu mah, paingan ceuk beja, disalasahiji 
wc umum aya saurang lalaki ngahaja kajero wc bari mawa tilu bungkus 
roko, bakating ku ni'mat nepikeun ka erepna, atuh puguh we antrian 
dihareupeun wc aya kana tilu kilona.
> 
> Saprak diberlakukeun uu larangan ngaroko di tempat umum, loba 
keneh jalma nu can nyaho atawa pura pura teu nyaho. Kawas ceuk beja 
deui anu teu puguh sumberna, aya saurang aki-aki ka tewak ku 
trantrib lantaran ngelepus udud padudan dihiji halteu di wewengkon 
jalan Sudirman, waktu ditanya,cenah lain teu nyaho paraturan, tapi 
pan nu dilarang mah roko, lain padudan, ceuk siaki bari nyerengeh. 
Aya deui kabejakeun, bakating ku teu biasa mun teu mawa ududeun, 
disamping eta sieun oge ari kudu didenda 50 juta lantaran poho 
ngelepus ditempat umum, nya antukna diakalan kieu, ari mawa mah mawa 
bungkus roko tapi eusina ngan ukur tusuk gigi jeung empeng, nya mun 
sawaktu waktu hayang udud, tinggal muka bungkus roko, saterusna mah 
nek ngempeng heula terus nyeuhil atawa sabalikna, atawa nek ngempeng 
bari jeung nyeuhil.
> 
> Udud teh identik jeung lalaki malahan ciciren lalaki dewasa 
salasahijina nya nu geus bisa udud tur diserebengkeun kana irung. 
Aya oge awewe nu sok udud ngan jumlahna teu rea, ayana dikalangan 
tertentu kadang identik ka awewe bangor. Kitu deui pamor jalma bisa 
ditiley oge tina roko naon nu sok di ududna, atawa bisa ditebak 
pakasabanana, misalna mun hiji jalma sok ngaroko samsu kretek pasti 
moal jauh ti supir beus, atawa tina kabiasaanana, mun rokona sok 
diselipkeun kana ceuli pasti pakasabanana tukang bas ( lain tukang 
ngeben). Kumaha mun lalaki tara ngaroko? Mun nu nileina awewe, 
nileina bisa alus bisa oge goreng, alusna pasti disangka calon 
dokter atawa jalma hemat, atuh gorengna bisa disangka lalaki boke 
atawa bisa leuwih ekstrim malah disangka boga panyakit bengek.
> 
> Bakating ku rea anu kadedemes kanu udud, dina kahirupan sapopoe 
oge sok teu leupas tina istilah anu aya sangkut pautna jeung 
perududan, misalna  duit persenan sok disebut "uang roko" atawa mun 
keur ruang riung sok disebut "ngadu bako". Kitu deui merek ududeun 
alias roko reana ampir sabanding jeung merek sampo, atuh 
peminatna,mun geus cocok kahiji merek, sok panatik, kitu deui 
kasampo mun geus cocok kahiji sampo tara ieuh pindah kelain hati, 
ngan bedana dina iklanna, ari iklan sampo mah meunang nayangkeun anu 
keur diangir tapi ari iklan roko mah teu meunang nayangkeun nu keur 
ngelepus udud.
> 
> Mangrupakeun panutup,ieu oge aya sangkut pautna jeung udud. 
Dongengna kieu aya saurang pasen datang ka hiji dokter, ku dokter 
langsung ditanya.
> "Boga panyakit naon jang ?"
> "Napas abdi engap, nyesek, kadang sok disada ngik-ngikan !"
> "Mun kitu mah coba udud cukup dua batang sapoe !"
> "Ari obatna naon ?"
> "Enya coba eta heula, cukup dua batang heula sapoe !"
> "Oh kitu, sumangga atuh ari kitu mah !"
> Heuleut sababaraha poe, pasen datang deui katingali malah tambah 
parah.
> "Kumaha geus mendingan ?" ceuk dokter
> "Puguh kalahka parna !"
> "Pan geus dilaksanakeun parentah kamari !"
> "Parantos !"
> "Eta ujang ari biasana sok seep sabaraha bungkus sapoe !"
> "Puguh tikapungkur ge abdi mah tara ngaroko pisan !"
> SR 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke