Nyambungan Kang Syam Ridwan....

Enya ayeuna mah (ti bareto???) loba nu ngomong mun ngaroko teh kaasup hak 
asasi... Tapi hak asasi timana horeng. Nu puguh mah ngaroko teh ngaganggu 
batur.
Kaasup hak asasi teh mun ceuk nu ngaroko, da mun ceuk nu sabudeureunna mah 
jelas ngalanggar. Coba we bayangkeun mun urang keur aya dina beus nu pinuh 
tur
panas (da euweuh AC-na), tuluy aya nu ngusiwelkeun roko, disundut, 
disedot,... buulllll... haseupna kamana-mana.... uuuhhhh nikmat kanu 
ngaroko, balangsak kanu sagigireunna

Punten yeuh, lain nyalahkeun kanu ngaroko, da kuring ge ngaroko... :-)

Rek eureun ngaroko teh, sieun nambahan pangangguran jeung ngurangan 
panghasilan nagara... :-)
Kuring ngorbankeun paru-paru, jang ngajaga meh panghasilan nagara tina 
cukai roko (nu gedena kuring teu nyaho) tetep aya, 
jeung ngajaga ngarah nu digawe di pabrik roko tetep digawe jang nyumponan 
kabutuhan kulawargana.....

Punten bilih aya salah kecap.......

regards,
Reddy

Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533

 




Udud teh cenah kaasup hak asasi, matakna basa diberlakukeun paraturan anu 
ngalarang udud disambarangan tempat, loba nu sing gereneng. "Beu udud ge 
mani diatur sagala!" Padahal larangan samodel kitu ku pengelola pom 
bengsin mah geus tibaheula mula diterapkeun, matakna mun keur ruang riung 
heug teu dibarengan jeung udud sok aya nu nyelengkeung. " Kawas dipom wae 
euy!"  Enya bisa kabayang kuayana paraturan eta, nu ngageni mah asa ripuh 
tur kasiksa pisan, da lain di pom wae nu teu meunang kulupas kelepus teh, 
nya kayaning rumah sakit,beus, sakola,mol,komo di Batawi mah sapanjang 
jalan protokol oge teu meunang.

Ceuk nu biasa ngaroko, ududeun teh kaasup batur nu pangsatiana, kamana 
mana teu weleh dibawa, komo ceuk nurahul mah meni pok pisan, mending 
tinggaleun bujur daripada tinggaleun ududeun. Kituna mah pantes, da udud 
teh miboga sensasi sorangan pikeun nu ududna, komo mun tas dahar peuteuy 
atawa jengkol mah, bisa peureum beunta bakating ku ni'mat, tapi aya oge nu 
nyebutkeun leuwih ni'mat udud di wc bari "ngaheujeun". Mun kitu mah, 
paingan ceuk beja, disalasahiji wc umum aya saurang lalaki ngahaja kajero 
wc bari mawa tilu bungkus roko, bakating ku ni'mat nepikeun ka erepna, 
atuh puguh we antrian dihareupeun wc aya kana tilu kilona.

Saprak diberlakukeun uu larangan ngaroko di tempat umum, loba keneh jalma 
nu can nyaho atawa pura pura teu nyaho. Kawas ceuk beja deui anu teu puguh 
sumberna, aya saurang aki-aki ka tewak ku trantrib lantaran ngelepus udud 
padudan dihiji halteu di wewengkon jalan Sudirman, waktu ditanya,cenah 
lain teu nyaho paraturan, tapi pan nu dilarang mah roko, lain padudan, 
ceuk siaki bari nyerengeh. Aya deui kabejakeun, bakating ku teu biasa mun 
teu mawa ududeun, disamping eta sieun oge ari kudu didenda 50 juta 
lantaran poho ngelepus ditempat umum, nya antukna diakalan kieu, ari mawa 
mah mawa bungkus roko tapi eusina ngan ukur tusuk gigi jeung empeng, nya 
mun sawaktu waktu hayang udud, tinggal muka bungkus roko, saterusna mah 
nek ngempeng heula terus nyeuhil atawa sabalikna, atawa nek ngempeng bari 
jeung nyeuhil.

Udud teh identik jeung lalaki malahan ciciren lalaki dewasa salasahijina 
nya nu geus bisa udud tur diserebengkeun kana irung. Aya oge awewe nu sok 
udud ngan jumlahna teu rea, ayana dikalangan tertentu kadang identik ka 
awewe bangor. Kitu deui pamor jalma bisa ditiley oge tina roko naon nu sok 
di ududna, atawa bisa ditebak pakasabanana, misalna mun hiji jalma sok 
ngaroko samsu kretek pasti moal jauh ti supir beus, atawa tina 
kabiasaanana, mun rokona sok diselipkeun kana ceuli pasti pakasabanana 
tukang bas ( lain tukang ngeben). Kumaha mun lalaki tara ngaroko? Mun nu 
nileina awewe, nileina bisa alus bisa oge goreng, alusna pasti disangka 
calon dokter atawa jalma hemat, atuh gorengna bisa disangka lalaki boke 
atawa bisa leuwih ekstrim malah disangka boga panyakit bengek.

Bakating ku rea anu kadedemes kanu udud, dina kahirupan sapopoe oge sok 
teu leupas tina istilah anu aya sangkut pautna jeung perududan, misalna 
duit persenan sok disebut "uang roko" atawa mun keur ruang riung sok 
disebut "ngadu bako". Kitu deui merek ududeun alias roko reana ampir 
sabanding jeung merek sampo, atuh peminatna,mun geus cocok kahiji merek, 
sok panatik, kitu deui kasampo mun geus cocok kahiji sampo tara ieuh 
pindah kelain hati, ngan bedana dina iklanna, ari iklan sampo mah meunang 
nayangkeun anu keur diangir tapi ari iklan roko mah teu meunang nayangkeun 
nu keur ngelepus udud.

Mangrupakeun panutup,ieu oge aya sangkut pautna jeung udud. Dongengna kieu 
aya saurang pasen datang ka hiji dokter, ku dokter langsung ditanya.
"Boga panyakit naon jang ?"
"Napas abdi engap, nyesek, kadang sok disada ngik-ngikan !"
"Mun kitu mah coba udud cukup dua batang sapoe !"
"Ari obatna naon ?"
"Enya coba eta heula, cukup dua batang heula sapoe !"
"Oh kitu, sumangga atuh ari kitu mah !"
Heuleut sababaraha poe, pasen datang deui katingali malah tambah parah.
"Kumaha geus mendingan ?" ceuk dokter
"Puguh kalahka parna !"
"Pan geus dilaksanakeun parentah kamari !"
"Parantos !"
"Eta ujang ari biasana sok seep sabaraha bungkus sapoe !"
"Puguh tikapungkur ge abdi mah tara ngaroko pisan !"
SR 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 






[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke