sanajan turunan viking, nu kakoncara jago perang,  kungsi ngajajah
inggris sagala, turunanana mah teu jago teu resep perang. eta we, basa
diserbu Nazi Hitler, tangtara denmark ngan kuat opat poe (mun teu
salah, aya  dina salah sahiji buku PK Ojong, Perang Dunia II). beda
jeung polandia, atawa finlandia ngalawan russia nu heroik. da ongkoh
nagarana ge leutik (mun dibanding  jerman komo urang). pendudukna ngan
5,5juta urang. jeung jakarta ge eleh loba.

jaman kolonialisasi, urang denmark kungsi ngoloni hiji wewengkon di
india. tapi teu lila. baralik deui ka lemburna. duka alesanana mah.

di denmark baheula aya pom bensin merekna Q8 . pastina nu urang
Kuwait, siga Shell ayeuna di urang, nu walanda.

cek rarasaan mah, pamarentah komo rakyat denmark moal wani nantang ka
sasaha.  carogena ratu , henrik, turunan menak perancis. salah saurang
minantuna, turunan asia jeung australia. maksudna, asa teu mungkin
maranehna ngajak perang ka nagara sejen.



On 2/9/06, Duli Dodet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Duka nuju waras duka teuing keur ngalindur...asa pernah maca di koran
> Republika ( poe senen kitu? )...cenah dina biografi ratu denmark aya kereteg
> hatena sang ratu anu ceuk kuring mah rada propokatip...manehna memang teu
> boga kakawasaan dina politik jeung pamarentahan tapi pamikirannana bisa
> mangaruhan batur...cenah eta oge...boga elmu hipnotis sugan?
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke