Hehehehe ......eta dongeng plei boi mani teu anggeus-anggeus.
Inget jaman keur ngora (mahasiswa), waktu mimiti terang aya
majalah jiga kitu teh. Boga babaturan urang Garut ayeuna mah
cenah bejana jadi Dekan di Universitas di Makasar. Si eta teh
ngangajak ka tempat kostna, boga nu aneh cenah. Nya kuring teh
ngilu ka tempat kostna. Manehna terus nembongkeun majalah ti
Amerika eta. Mani hookeun mata simeuteun, saumur-umur kakara
ningali aya gambar kitu. Timana eta boga nu kitu, ceuk kuring
teh. Ti si N, cenah bari seuri. Si N teh budak astronomi, ayeuna
mah jadi baturna kang Agus Her di Kompas.

Geus digawe, kuring teh sok dihareureuyan wae, da jomblo jeung
"sieunan" ka awewe teh. Padahal mah teu sieun teu sing, ngan can
wani we ....hehehehe. Batur kuring nu sok ngaheureuyan wae teh,
urang Tasik, bangorna kacida. Kuring "kuper" teh diomong-omong ka
"boss", mangkaning bos teh rada pikaeraeun jeung galak deuih da
eta pameunteuna sok serieus wae. Hiji waktu si Boss teh
nyampeurkeun ka ruangan kuring, bari mamawa amplop gede,
pamenteuna biasa serieus. Ari sugan teh bade nitah digawe atawa
bade nyarekan, ari pek kalahka nyarios : " Nih oleh-oleh dari
Itali, buat kamu, biar cepet nikah!", cenah bari angger
"serieus".

"Terimakasih Pak", ceuk kuring teh, rada era, jeung bingung naon
hubunganana oleh-oleh ti Itali jeung kudu gancangan kawin. Ngan
si bos geus ngaleos deui. Teu komentar naon-naon.

Ari ditingali teh eusi amplopna, uluh eusina teh aya majalah
Ameika, aya PLei Boi, aya deui nu leuwih gawat Penthouse.
Teungteuingeun eta mah si bos ...... nitah gancangan kawin,
kalahka dibere majalah "lieur".

Sataun ti harita, kuring dialanteurkeun ka sukabumi, kawin jeung
urang Cibadak, ka batur sakantor keneh. Ngan bos kuring teu
sumping, harita teh anjeunna nuju ka Malaysia. Ari geus gaduh
pamajikan mah, si "boss" teh tara masihan deui oleh-oleh ........



Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke