Saleresna mah kamari-kamari abdi bade mostingkeun
"evaluasi" kaayaan milis KUSnet, taun kapengker.
Namung nyaeta atuh sok aya wae wagelanana.
Salah sawios, hasil evaluasi sim kuring, diantawisna,
milis ieu teh kirang diheuyeukeun dina perkawis
pangajaran basa sunda. Padahal mah, baraya milis anu
nembe lebet, sok seueur anu naroskeun kecap-kecap
sunda anu rada aneh kapirengna.

Pami tiasa mah apih Sidik sakantenan masihan conto
kalimah, ngagunakeun kecap-kecap anu kanggo baraya
KUSnet anu enggal. Sapertos kecap
istren-diistrenkeun-ngistrenan.

aya hiji deui kahoyong abdi, nyaeta pami tiasa mah,
sing saha bae anu nyerat di KUSnet, di handapeun serat
eta teh masihan catetan katerangan hartosna
kecap-kecap anu sakintenna teu patos dipikawanoh ku
balarea KUSnet.
Hatur Nuhun.

baktos,

mrachmatrawyani

catetan:
Wagelan = halangan
Heuyeuk = diramekeun, diberdayakeun (asa kirang pas
yeuh)


--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nitenan postingan ti wargi-wargi anu nembe (enggal
> keneh) lalebet ka ieu milis, henteu sakedik anu
> tujuanana hoyong diajar atanapi hoyong ngalancarkeun
> basa Sunda, namung duka teuing kumaha dugi ka ayeuna
> asana teu acan aya anu kersa mitembeyan ngaguar
> palajaran basa Sunda.
>   Kajurung ku kaayaan sareng tekad ngamumule basa
> Sunda, bari ngucap "Lahaola", sim abdi sok sanaos
> ngan saukur nyandak bekel sagede beunyeur, ma'lum
> teu elmu teu pangaweruh, teu bodo-bodo acan ku elmu
> basa Sunda teh , malah mandar kapayun aya wargi
> sanes anu kersa sareng haat ngabantos ngalereskeun 
> kalepatanana, sareng nambihan kakiranganana, hayu
> urang babarengan diajar basa Sunda.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke