Edun eeuyy...bisaan lah ngadongeng na...hehehee -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of rosma ilyas Sent: Monday, February 13, 2006 11:54 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Beus Kota
Beus Kota "Ari indit ka kantor unggal poe make naon?" rea babaturan kuring nu nanya kitu. "Sakapeung Mercedez, sakapeung Volvo" ceuk kuring. "Gaya euy, tumpak mobil alus unggal poe!" ceuk maranehanana. "Enya gaya, tempat diukna ge bisa mahi keur 40 urang. Mun teu kabagean bisa diuk di korsi artis (luhur mesin) deukeut pilot.atawa nantung siga lutung (hiji leungeun nyekelan ka luhur) heheh." ceuk kuring bari nyerengeh. Mun diitung-itung, teuing ti taun sabaraha mimitina kuring numpak beus kota, mun teu salah mah ti ongkosna Rp. 100,- ayeuna geus Rp. 1.600. Salian ti murah, dibandingkeun jeung angkotmah jauh pisan, meriah deuih da mahi keur puluhan jelema. Alus keur olahraga .mun tinggaleun, pan kapaksa tah ngungudag sakaterkebek. Tapi dipikir-pikir deui, ana kitu mah hartina kuring teh euweuh kamajuan, batur mah geus ganti motor atawa mobil, kuring mah angger we tumpak beus kota.Ah, ketang sabenernamah kuring teh borangan, pangpangnamah sieun nubruk atawa katubruk. Unggal isuk, dina waktu nu sarua antara jam 07.00 - 08.00 WIB, kuring panggih jeung jalema eta-eta keneh, nya supirna, kenekna, panumpangna katut ka pangamen jeung balamaena. Hiji poe babaturan kuring ngajak ngobrol ngenaan balamaen,"Nyaho teu balamaen nu itu tuh.?" bari nunjuk ka hiji balamaen." Oh, nya kunaon kitu?" Ceuk kuring hayang nyaho. "Budakna di ITB?" tembal batur kuring. "Wah hebat euy.! Kuliah?" ceuk kuring bari colohok. "Lain.sarua balamaen.heheh". Ceuk batur kuring nyerengeh."Ih, sebeleun! Sugan the nyaan", tembal kuring bari hayang neke. Kungsi aya kenek "fungky" da enyaan kasep sok make kacamata hideung, teu pantes weh jadi kenek. Manehna teh amis budi bari jeung cunihin. Kabeneran kuring sok bareng jeung batur sakantor ngarana Teu Meunang Disebutkeun Ngarana (siga na novel Harry Potter). Siganamah bakating ku mindeng papanggih, manehna,"aya hate kadua leutik" ka babaturan kuring. Mun kabeneran numpak beus manehna, bagian ditagih ongkos, babaturan kuring sok masang aksi imut manis, jadi weh.h a r a t i s.heheh. Geus lila kuring tara panggih jeung manehna, siganamah loba teuing "meunang imut manis" ti wanoja2 lian jadi dipindahkeun ka jalur sejen. Salian ti kenekna, supirna na ge sok dititenan ku kuring, aya supir nu geus kolot sok resep pisan ngagosip jeung panumpang. "Tuh si Bapa anu, budakna sakola dianu. ayeuna gawe di anu." meuni sagala nyaho. Cik ciptakeun geura, bari nyupir bari ngobrol, nya atuh laun pisan jalan beus teh, keur mah kabeurangan hate kuring mentegeg we nu aya. Supir sejenna aya nu sok haben we naekeun panumpang sakitu geus pinuh siga pindang teh, didedet. Dina kaayaan padedet kitu mah sok karasa pisan yen nyaan kota Bandung the heurin ku tangtung. Mun ninggang di isuk2 mah teu nanaon da sararengit keneh panumpangna ge, mun geus beurang atawa ngahaeub ka sore.aduh, ampun bau tujuh rupa! Aya hiji supir nu kukuring dicirian, mun disidik-sidik siganamah keur ngorana rada kasep, dedeganana TOSHIBA alias TOS HIdeung BAdag deuih. Bajuna dikaluarkeun, leungeuna digulung siga preman, mun nyupiran make kacamata hideung da serab meureun, ngudud mah geus pasti. Teuing kunaon mun manehanana nu nyupiran sok asa reugreug hate teh, manehna mah tara loba omong, tara loga eureun, sok ngebut tapi teu weleh ati-ati.nepi ka kantor teh pas pisan, atawa rada "mefet" .ampir kabeurangan. Unggal poe panggih jeung jelema rea, pagilinggisik jeung eta-eta keneh lila-lila jadi loba kawawuhan. Kuring jadi apal aya si A nu gawena di hotel anu, aya si B nu gawe di bank anu, aya si C nu gawe di BUMN anu, wah pokonamah loba weh. Dina beus kota sok resep ngobrol kaditu kadieu, tipada ngalamun nungguan turun. Sakapeung mah sok ngajurus kana bisnis, kuring ngalaman bisnis sagala rupa jeung batur sabeus kota, nya lumayan we keur nambah2 eusi loket. Dina bisnis MLM tea mah loba kawawuhan siga di beus kota bisa dijadikeun jalan keur neangan anakbuah (downline). Mun kabeneran kuring kabagean diuk, eweuh batur ngobrol geus taki-taki.kuring nungguan kenek nagih, geus kitu "mengheningkan cipta" alias nundutan. Anehna panon kuring siga geus disetel otomatis braayyy. pas dekeut kantor, panon teh muka. Nu karunya mah babaturan kuring, siganamah kamalinaan teuing nundutanana kabawa ka terminal nu dituju padahal kantornamah geus jauh kaliwatan, kapaksa balik deui make angkot. Lain deui jeung adi kuring nu awewe, bakat ku jauh kuliahna didugdag Bandung-Jatinangor manehna kasarean meuni nikmat naker, teu karasa dahdirna ngelay, sslllruuup. panon muka.ari breh teh aya hiji jajaka keur melongkeun bari nyerengeh. Cinta sok datang dimana wae, nya kitu deui di beus kota. Ceuk urang Jawa tea mah, witing tresno jalaranan soko kulino, karandapan oge ku batur kuring. Manehna meunang kawawuhan urang Jawa di beus kota, nepi ka jadi kabogoh. Bobogohan tea sagalana ararendah, siga nyaan we rek jadi salaki pamajikan. "Dek, kalo kita nanti punya anak laki2 mau dikasih nama apa?" Ceuk kabogohna nanyakeun. Batur kuring ngajawab bari hayang seuri, "Mmmmm..gimana kalo Damri ajah.?" Kaayaan beus kota kiwari beuki mangwatirkeun, geus bararutut, cetna moletek jeung hateupna malolongo, mun hujan teh ngareclak kanu korsi.untung teu banjir ge. Tempat diukna geus diropea, aya nu diteukteuk sisina jadi rada nyengsol siganamah ameh teu panjang teuing ti ditunamah, jaba lolongkrang ti korsi tukang ka korsi hareup meuni dukdek. Teu kaop siga kuring, awak jangkung dibere korsi kitu kasiksa nyeri tuur sapaparat jalan, mendingan nantung we mere ka nini-nini atawa kanu reuneuh. Tapi aya oge aki-aki nu sok mbung dibere tempat diuk, rasa maneh gagah keneh meureun. Kungsi kuring nenjo palebah dadana teh aya lambang Piteran (Veteran)..ooooh, paingan da Pahlawan.. Sakapeung kuring sok sirik ka beus kota nu aya AC-an.da, nu sok ditumpakan ku kuring mah baroraah. Panumpangna ge garaya, bararesih, gareulis jeung karasep, supir & kenekna ge marake dasi. Hiji waktu kuring ngadon tumpak beus eta, ti terminal ka terminal nu dituju, balik deui teu turun-turun (ih, meuni kampungan nya?!) genah geuningan.hehehe. Iraha atuh nya aya Baswey di Bandung??? Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

