Upami teu lepat mah hamil tiasa oge Kakandungan.
" pun bojo nuju kakandungan". Heheheheh....(saumpamana)

kecap "ngeusi" tiasa oge ngeusi katuangan / tuang (hehehehe) tapi
meureun, kecap "ngesi" anu di maksad ku rerencangana kan ono tehh "hamil
alias kakandungan".

Sanes kitu baraya ?? punten ah pami lepat....panglereskeun.

Wasalam,
Yosep

Eh..wilujeng tepang kan ono, nepangkeun sim kuring nu katelah yosep,
kawit ti Sumedang tandang, ayeuna nuju kuli "ngayak keusik" di Oman.

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of [EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, February 13, 2006 1:53 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Assalamualaikum, Sakantenan Naros Basa Sundana
'Hamil'

Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeung sonten ka sadayana....

Punten bade ngiring ulubiung....Nanging sateuacanna, sakali deui bade 
nepangkeun heula, bilih aya batur salembur baraya sadesa anu sami 
ngiringan ngareuah-reauah di ieu komunitas urang sunda. Nami mah Ono 
Taryono, pameget, yuswa 24 taun, kawit ti Kuningan. Pami teu lepat, Kang

Ndoell oge kawitna ti Kuningan, sanes kitu Kang (Ndoell)...??!!Padumukan

ayeuna di Jakarta, di wewengkon Tebet Wetan, caket ka Cawang. Janten
kuli 
di salah sawios pausahaan enjineering.

Dina waktos ayeuna, Abdi gaduh patarosan. Dupi basa Sunda na 'hamil' teh

naon nya Kang, Teh, Emang, Ua...??!!Di Kuningan mah, hususna di lembur 
Abdi, basa Sunda na 'hamil' teh nyaeta 'reuneuh', maenya jiga ka sato 
hehehe...Ketang da Abdi oge tos biasa nganggo kecap 'reuneuh' ieu pami
di 
lembur mah.

Abdi sok ngaraos bingung, pami aya rerencangan 'kuliah'-na pun bojo, 
naroskeun ngeunaan 'kabar' pun bojo. Maksad mah bade nyarios ka
aranjeunna 
yen pun bojo nuju 'hamil', nanging bingung naon basa Sunda-na.

Teras, kajabi ti eta, aya oge nu naros kieu ka Abdi "Kumaha istri si Aa 
teh tos 'ngeusi' tacan..??!!". Naha kecap 'ngeusi' oge tiasa
dianalogikeun 
sareng 'hamil'...??!!

Hiji deui Akang, Teteh....Abdi pernah mireng oge kecap 'bureuyeung'.
Pami 
ditilik dina kalimahna mah jigana teh hartosna sami sareng 'hamil' dina 
bahasa Indonesia.

Isin mah isin, naroskeun masalah kieu di ieu komunitas teh. Katara pisan

Abdi jalmi anu bodo...(Aaah keun we lah da rumasa kurang pangabisa, ceuk

paribasana teu bodo-bodo acan).

Cag ah sakieu we heula.



Salam Baktos,


Ono Taryono
NB : Sakantenan kecap 'kuliah' sareng 'kabar' dina kalimah-kalimah
diluhur 
kinten-kintenna digentos ku kecap naon anu langkung merenah...??!!

 


[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke