hiji Mimiti wanoh jeung udud teh jaman keur SMP. Biasa, kababawa ku babaturan (eh, atawa kuring nu mamawa babaturan kitu?). Nalika masa percobaan (anu salila tilu bulan tea geuning ilaharna mah), teu kaampeuh kuring batuk. Harita teh bari leumpang, pas paliliwat jeung saurang ibu-ibu. Na ari pok teh, "Emh, amatiran keneh..." ceuk si Ibu.
dua Basa keur perjusami (perkemahan jumat-minggu) nalika anyar asup SMA, babaturan kuring nu bareuki udud sok susulumputan udud di kemah. Dina hiji peuting, keur aranteng udud, aya pembina mariksa, asup ka jero kemah. Najan ampir katohyan, udud mah bisa kasumputkeun, da langsung dibebeskeun ka tukang. Orokaya, pas dituduh udud ku pembina, haseup kaluar tina sungut nu ngajawab "Henteu... Kak". tilu Basa keur SMA, guru matematika anu lalaki beuki pisan kana udud teh. Beda jeung kacindekan Kang Syam, horeng guru ieu ge beuki Dji Syam Syu. Mun keur ngajar, anjeunna tara petot-petot (kawas nu ngadu'a bae, heuheu) udud, pokona mah mulek we lah... Satengah bungkus mah beak sugan, sakali ngajar teh... opat Basa keur SMA keneh, babaturan kuring duaan kacerek deleg ku guru piket udud di warung sakola. Di rohangan piket, eta dua babaturan teh disina udud sakaligus sababaraha batang. Nu hiji mah sasadu papaehan teu daekeun nampa, ari si bedul nu hiji deui mah kalah nampa. Nya pelenyun bae udud bari dilalajoanan ku sarohangan piket. Ni'met beybeh, panonna nepi ka beureum. lima Jaman kiwari, geus ilahar beus ase make rohangan udud di tukang. Orokaya, nu beuki udud ge, ari kudu udud ngariung dina rohangan nu leutik mah teu kuateun. Leneng, euy!! isk On 2/8/06, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Mangrupakeun panutup,ieu oge aya sangkut pautna jeung udud. Dongengna kieu > aya saurang pasen datang ka hiji dokter, ku dokter langsung ditanya. > "Boga panyakit naon jang ?" > "Napas abdi engap, nyesek, kadang sok disada ngik-ngikan !" > "Mun kitu mah coba udud cukup dua batang sapoe !" > "Ari obatna naon ?" > "Enya coba eta heula, cukup dua batang heula sapoe !" > "Oh kitu, sumangga atuh ari kitu mah !" > Heuleut sababaraha poe, pasen datang deui katingali malah tambah parah. > "Kumaha geus mendingan ?" ceuk dokter > "Puguh kalahka parna !" > "Pan geus dilaksanakeun parentah kamari !" > "Parantos !" > "Eta ujang ari biasana sok seep sabaraha bungkus sapoe !" > "Puguh tikapungkur ge abdi mah tara ngaroko pisan !" [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

