nilai nu dianggap tabu lami2 tos teu tabu deui. ajen-inajen atawa nilai2 lokal
nu dianggap ku agama teu nanaon/ menang salila henteu patojaiyah jeung nyawa
sareat..
didieu lemahna bangsa urang, babari ngalepaskeun nilai, saterasna
ngalepaskeun acuk.....
mun urang hayang bagja nu saleresna, nyaa jauhan hal2 nu teu uni....
mangga weeh talungtik sacara ilmiah hal2 ngenaan sex.... boh ditilik na jihat
sosiologi, sosial, etika, gama jrrd...
atuh eneng geulis... kamaksiatan mah teu disaranaan ge jalmi mah, pami
ngalajur hawa nfsu moal seep2, haus...ahirna urang sabage jalmi nu diamanatan
ku Panngeran hilap kana purwadaksi...naha jalmi di diciptakeun....
naha atuh hirup teh sibuk ku hal2 nu teu berkwalitas....
di dunya ngan sakeudeng jeung teu apal iraha ajal datang....
hapunten ah !...playboy teu sajalan jeung misi kasundaan di jabar..
kkumaha atuh neng jabar bade nyangking propinsi nu ideal pami remajana tos
dijejelan ku sex...
dalihna kebebasan ekspresi...? lami2 pami ekstrim, bakal kajadian saperti di
denmark..bebas taya nilai nu pinuji !
teu mustahil plyboy teh ,kulantaran bebas akhirna nilai lokal meral atawa
morosot tras kolor morosot beneran, lami2 bakal ngalangit saperti bola salju
alias kamaksiatan bakal mahabu....
palebah dieu, urang salah mahami na modern jeung sapuratina, akhirna salah
kaprah, tinggal weh hasilna..!
mun mah jantan jeung gaduh uteuk waras, atuh polisi sareng pamarentah teh
kedah nyegah kana kamungkaran, lain lipstik. pan polisi2 ku anjeun tos
ngaraoskeun kumaha capena ngurus kriminal teh !
dina bag2an agama hususna dina soal maslahat= bahasan maslahat atawa
kaharjaan jang manusa. disebutkeun yen perkara nu nimbulkeun madorot atawa muka
lawang madorot, maka hukumna kedah ditutup/ dicegah.
lawang2 jang bras kana madorot di urang seur pisan teu kaetang. tah ayeuna
playboy nu jlas2 muka lawang kamksiatan. kedah ditengetkeun ku urang balarea
pendidikan indonesia menghawatikan katinggaleun ku nagri sejen...
can ge ngawangun bangunan jalma sautuhna dina pendidkan, atuh pami rumaja2
urang diasongan playboy, bangunan nu can kiat pisan, atuh bakal urug saperti
urugna daerah alatan longsor/banjir, korban loba. masarakat teu salah nu salah
tukang nuaran kai di leuweung tuluy teu dibarengan melak deui...
ayeuna plyboy mun jujur mah bisa dikatagorikeun proses ngaruang rumaja dina
syahwat nu ngalentab2....lentabanna ngaleuwihan lentaban seuneu !!?? seuer
tabrakan, rumaja hareupan bangsa loba nu reneuh jsb.
di urang saleresna mah loba kahuruan, sanes kahuruan seuneu tapi kahuruan
hate, hate jalma2 kahuruan, ngagugu hawa nafsu, tungggul dilarung catang
dirumpak, geus poho kana subtansina. teu sakedik ku kahuruan mental, hate atawa
akal ( salah ngalarapkeun modernisasi) nagri jadi runtag....
kapitalisme jeung liberalisme nyarieunan "bom bunuh diri" dina wangun
kabebasan kuda dina mikir, seni nu dibuleun hawa nafsu, cenah etika padahal teu
ngetika...
nilai2 lokal nu kacida luhungna ditojosan kawas sate terang diduruk hawa
nafsu, hasilna urang nyaksenan...
naha atuh "nyapek budaya teh guruntulan" lain pan urang boga "pituduh" di
karuhun sagala ge kedah dibeuweng diutahkeun, nu jaman ayeuna mah bisa
diartikeun diriksa, dianalisa dina widang disiplin elmu, jadi teu sagawayah, nu
kitu namina ilmiah, salah sahiji sipat ilmiah nyaeta ciri jalma modern,: saha
weh rek si bule rek si koneng.....
...
geus panceg, teu bisa dikutak-katik deui hukum agama dina zina atawa perkara2
nu bras kana zinah teh haram hukumna...geus kot"i...geus eces-merele. tos
diebrehkeun ku Panggeran jeung Rasulna dina Kuran jeung Hadis.
pami urang ngutak-ngatik dina daerah eta naon bentenna urang jeung kaom bani
israel baheula atawa kaom2 bedegong sakumaha kaunggel dina Kuran...
pami bedegong wae alias bangkawarah ala "modern" nu teu napak kana adat/ajen
loka oge agama, jangan heran alkuran bakal mere konsekwensina mun kitu
-kieu....
eta mah tinggal milih....
Panggeran nu maha welas asih, nu maha uninga, wijksana, nyipta, lembut/nyaah,
kawasa jeung sipat asmaul husna sejenna...
tetela yen Alloh teh wijaksana, dina wijaksanana Alloh nurunkeun Kuran jang
"nyaangan" sagala kapoekan, kadoliman jst.
Kuran diturunkeun salah sawios Alloh nyaah pisan ka manusa, da manusa mah
moal tiasa ngaguar bebeneran/ nilai kebenaran mutlak... makana wahyu
ngabingbing akal kitu oge akal nyapagodoskeun sakampuhma.
tenggel deket wae, atuh saena mah soca atawa mata teh buncelik kana ayat2
Panggeran...hususna ayat2 zina. nu kumaha zinah teh?.. kumaha mamalana mun
lawang zinah dibuka?....kumaha kabendu Panggeran ka tukang zinah atawa tukang
muka lawang2 pazinahan?...
ieu serius lain perkara heureuy da pakait jeung aturan PAnggeran.
...
Alloh maha wijaksana. lantaran ku wijaksanana, Kuran teu pati2 ngalarang hiji
perkara kajaba aya hikmahna. zinah jeung lawang2 zinah teu kenging atawa
haram,... ulah bendu atuh urang sabage manusa nu pondok umur... da Alloh maha
uninga maha wijaksana=maha pinteur and nyaah. yen hikmahna seuer teu kawengku
ku utek manusa da sawangan Panggeran leuwih jauh tur seuket batan manusa.
urang ulah ngalewihan panggeran, nyieun hukum sakarepna atawa nerapkeun
ideologi kabebasan nendeunnna di mana wae, urang indonesia teh tos kacturkeun
boga agama. urang hirup lain di jaman nabi nuh atawa musa, numana kaomna
keukeuh "nawar" harga hukum !..
umat Muhammad mah tos aya alKuran, Aturan nu tos sampurna.
UU pornograpi diterapkeun eta sae, da nyoko kana ajen2 agama boh islam,
hindu, karesteun jsb.
UU anti erok mini teh tafsiran Kuran; ulah ngadekeutan lawang zinah jeung
zinah. jadi teu nanaon, boleh, menang, kenging di golkeun jadi UU....
kaom pameget--nu beragama islam- di DPR ulah eleh geleng jeung kawani ku
istri nu teu satuju kana UU eta. teu kecet2 deuih agama dikambing hitamkeun.
abdi tumaros, ari agama nyai/ emba atawa tanteu agamanya apa?... ngertos teu
kana agama?..terang teu sajarah liberalisme?...terang teu nilai seni nu
saendah2na?..kumaha wawasan kebudayaana?... jrrd.
tanteu kedah emut, sora tanteu teh ngawakilan urang indonesia nu sesuerna
urang islam??...
tanteu dina alam demokrasi, silaing sorana eleh da sakeudik..punteun weeh ieu
mah..
...
NB.. hapunteun bilih aya nu kasigeung...ieu mah itung2 diajar ngalancarkeun
panangan, malum atuh ari panangan abdi tos di sawah ledok kieu... hehehe..
pami lepat abdi lereskeun pami leres...ah eta mah etang2 diajar babarengan...
mangga..
hatur nuhun..
neng ades <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ahirnya...
Nu diantos-antos parantos sumping...
Mangga bade midangkeun majalah anu dipikaresep ku balarea
sadunya...Dijadwalkeun terbit sasih payun...KAnggo baraya nu berminat dihaturan
wilujeng meser...bilih kabujeng seepeun
---------------------------------
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
SPONSORED LINKS
Secondary school education Graduate school education Home school
education Graduate school education online High school education Middle
school education
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "doeloer" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish
culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/