Jadi mani "terangsang" yeuh ku cariosan kang Denis. Aya lolongkrang pikeun "ngaglobalkeun" basa sunda. Kumaha tah, upami baraya sunda sapertos kang Denis, sareng akang-akang sanesna anu sacara etnisitas heunteu lahir sareng diageungkeun disosialisasi dina budaya Sunda, urang "mangpaatkeun" pikeun ngamekarkeun basa sareng budaya Sunda. Gumanteung ka aranjeuna, minatna perkawis kasundaan di widang naon, satiasa-tiasa mah KUSnet tiasa ngabantos anjeunna. Ku ilubiung anjeunna dina milis ieu oge, tos mangrupikeun hiji kauntungan. Tapi asana teh teu acan maksimal pisan.
Tos puguh ari sapertos kang Yan di New York mah, jelas ngamekarkeun sareng ngamasyarakatkeun kasenian (sunda)penca, heunteu mung sakadar kembangna, namung dugi ka falsafahna sareng hakekatna sagala. Hiji hal anu teu sadaya perguruan penca masihkeun/nurunkeun elmu siga kitu. Para istri sunda anu kagungan caroge urang asing, mangga geura ajak atuh ilubiung di milis ieu. Teh Erina di Perancis teu kapireng deui wartosna. Kitu deui teh Lies di UK, Teh Tati Erick di Amrik, kamana wae yeuh teu aya wartosna. Saha deui nya? baktos, mrachmatrawyani --- Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dina kamus Sundanese English Dictionary saurna : > > 1.-sabobot sapihanéan (sabata sarimbagan) : ucapan > ari : two persons, especially husband and wife, who > live in complete harmony. > dua jalmi, terutami salaki pamajikan, nu samasakali > hirup sauyunan > 2.-nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju) : ask > for a fair judgement (especially invokes clemency). > nyuhunkeun dipertimbangkeun kalawan adil, terutamina > nyuhunkeun rasa nyaah, kakarunya > > Baktos, Kang Denis > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

