Huahahahahaahhh....!!!
  cing atuh alungkeun nomer HPna si Nini ...... (pan tos dicatet sanes....??)
  Ninina siga Tamara Blezsinki,  isiga sha incuna  ....?!?!?!?
   
  ssw
  sok diantos keom sanesna.....
   
  syam ridwan [EMAIL PROTECTED] 
  Siga geus ilahar didaerah urang saban tungtung tol sok dijadikeun terminal 
bayangan. Sakumaha terminal resmi, didinya ge kumplit jeung calona, kaki 
limana,asonganana, pangamenna, baramaenna teu katingaleun oge copetna. Padahal 
dilokasi eta sok dipasangan patali marga "S" dicoret,nu hartina teu meunang 
eureun, matak kitu ge meureun rambu-rambu eta dihartikeun teu meunang jualan 
sabangsaning kadaharan anu dimimitian tina hurup "S". Da enya atuh dilebah 
dinya can manggih nu jualan "Surabi". Sugan mah husus ditatar sunda,hurup "S" 
dicoret teh, boa kudu diganti ku "heup" dicoret nu hartina teu meunang "heup" 
alias teu meunang eureun, meh kahalartieun. Salian ditungtung tol, dijero tol 
oge sok aya nu nurunkeun atawa nu naekeun panumpang,lain dina parantina, 
malahan mun naek beus AKAP mah sok aya nu pesen samemeh creng mayar ongkos, 
menta diturunkeun ditempat anu,dikolong jembatan anu, cek pikir " Beu kawas 
jalan tol boga ninina wae!"

Jaman kiwari nu ngarana "ngalanggar" meni geus dalit pisan, teu kiwarina teu 
baheulana ketah, da baheula ge ari geus ngalanggar teh meni asa pelem 
pisan,contona keur sakola,bolos jeung niron teh kawas geus ngalanggan wae, 
atawa waktu keur sumedeng beger sok ngalanggar waktu bates apel, teu weleh sok 
hayang dileuwihan. Kiwari hususna didayeuh dayeuh,keur usum ngalanggar rame 
rame, anehna mun rame rame mah asa teu karasa ngalanggar jeung teu sieun 
deuih,contona nyorobot lampu merah, atawa asup ka jalur busway ari rame rame 
mah teu kudu culang cileung heula, damang we nu aya.Kawas kuring basa nyegat 
beus diujung tol cileunyi,teu asa ngalanggar da batur ge loba, ongkoh beusna ge 
ngahaja ngaretem didinya. Keun we ah teu kudu dimasalahkeun da meureun jaman 
kiwari mah geus ilahar ngalanggar berjamaah teh.

Daripada mikiran nukitu, najan dipikiran ge da moal meunang panghargaan, 
mending urang ngadongeng numpak beus we nya. Kieu geura, harita dina jero beus 
kasampak geus parinuh,jok nu kosong teh ngan hiji-hijina,jok nu eusina dua, 
karek dicirekeman ku saurang. Ningali aya bangku kosong, kuring tuturubun muru 
kadinya, jle diuk, terus ngareret kagigireun, geuning batur sabangku teh nini 
nini. "Paingan matak arembungeun ge da meureun ningali nini nini!" Belenyeh 
kuring mimiti maledog ku seuri, sinini males, bray katingali huntuna tinggal 
gusina wungkul. "Bade angkat kamana?" cek kuring. "Ka Purwakarta !" jawabna. 
"Geuning nyalira?" Kuring mimiti tetelepek. Sikasebelan teh, asa lancar ngomong 
teh ari ka nini nini mah, beda lamun nyanghareupan wanoja sok pakojot wae, 
erapox tea meureun. "Enya cep....boga aki aki ge kedul untar anter !" Cek 
sinini semu nu gegelendeng."hawatos teuing atuh!" tembal kuring satengah 
ngupahan.

Disidik sidik mah ruruntuk kageulisan sinini teh masih keneh ngadalis,halisna 
anu baheula meureun ngajeler paeh kiwari angger keneh ngajepat ngan henteu ari 
dikandelan deui mah, gadona anu baheula meureun endog sapotong kiwari masih 
keneh nangkod, atuh beungeutna anu baheula meureun buleud lir bulan purnama 
kiwari najan geus rada kemong,katingalina tetep we nyari. Mun dipapantes,kawas 
kieu meureun Tamara Blezsinki lamun geus nini nini. Najan katingali ruruntuk nu 
geulis, tetep we bauna mah bau nini nini,anu has bau minyak angin atawa kayu 
putih. Leungeunna anu lencop teu eureun milangan siki hanjeli anu dikantetkeun, 
keur wirid sigana mah. Kayungyun pisan, da meureun geus ngarumasakeun nini nini 
kudu loba babacaan. Ngan sajeroning eta, sok kabayang mun nu gigireun teh 
wanoja geulis kawas sinini keur umur welasan taun,heug sarua leungeuna nu 
lencop ngopepang ngome tasbeh. Ehm leuwih kayungyun, lebar temen mun 
dikabaturkeun.

Lantaran tol cipularang harita keur berewit, meus meus urug meus meus 
ngabeyeyet, atuh pagegeye jeung sinini teh leuwih lila da make jalur heubeul. 
Sakapeung mah sok hemeng ka tol cipularang teh, eta ku loba pisan sesekelanana, 
enya mun budak mah biasana salah mere ngaran mun berewit wae teh, boa tol ieu 
ge kudu ganti ngaran, atawa boa boa basa mere ngaran can ngabubur bodas 
ngabubur beureum. Paselang jeung nundutan, sakapeung diselang ngobrol ngaler 
ngidul jeung sinini. Henteu ari nepikeun ka ngobrolkeun ka palebah majalah 
pleyboy mah, komo ngomongkeun internet atawa nitah gabung ka Kusnet, teu pisan 
pisan, da bisi teu kauteukan ku pantar uteuk nini nini. Biasa we ilaharna 
ngobrol jeung nini nini.

Nepikeun ka ciganea, pengkolan nu ka jatiluhur tea,kadenge kenek ngagorowok 
"yang mau ke purwakarta,sadang,kopo, turun disinih, mau masuk tol!" Ngadenge 
kitu sinini hariweusweus campur jeung reuwas. Satengah protes pok sinini 
ngomong "pajar atuh tadi ngaliwat purwakarta!" ditempas ku kenek "teu kuat 
kumacetna, tah naek angkot we!" cek kenek mari mere duit tilu rebu ka sinini, 
geus kitu mah sinini buru buru tuturubun turun bari ngajingjing kantong plastik 
anu dianyam,bakating ku tagiwur nepikeun kapoho amitan ka kuring anu 
sajongjonan mah olohok. Poho meureun,ma'lum geus kolot sok pohoan. Dina jero 
hate,ngan ukur bisa  ngagerentes ku pangdu'a "jig nini didu'akeun sing salamet, 
goodbye tamara, eh goodbye nini!"

Ayeuna dina mangsa valentine day datang, beungeut sinini ngadadak sok 
ngongkolak wae dina implengan. Beu aya kukitu! Bit ketah!
SR



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke