hahahahhahaha nuhun kang Syam dongengna matak pikaseurieun wae.... ----- Original Message ----- From: syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, February 14, 2006 7:17 PM Subject: [Urang Sunda] Goodbye Nini!
> Siga geus ilahar didaerah urang saban tungtung tol sok dijadikeun terminal bayangan. Sakumaha terminal resmi, didinya ge kumplit jeung calona, kaki limana,asonganana, pangamenna, baramaenna teu katingaleun oge copetna. Padahal dilokasi eta sok dipasangan patali marga "S" dicoret,nu hartina teu meunang eureun, matak kitu ge meureun rambu-rambu eta dihartikeun teu meunang jualan sabangsaning kadaharan anu dimimitian tina hurup "S". Da enya atuh dilebah dinya can manggih nu jualan "Surabi". Sugan mah husus ditatar sunda,hurup "S" dicoret teh, boa kudu diganti ku "heup" dicoret nu hartina teu meunang "heup" alias teu meunang eureun, meh kahalartieun. Salian ditungtung tol, dijero tol oge sok aya nu nurunkeun atawa nu naekeun panumpang,lain dina parantina, malahan mun naek beus AKAP mah sok aya nu pesen samemeh creng mayar ongkos, menta diturunkeun ditempat anu,dikolong jembatan anu, cek pikir " Beu kawas jalan tol boga ninina wae!"--d Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

