Sumuhun atuh kang, ngitung tina urusan bisnis berbisnis mah, pan saratna teh
nya anu kitu pisan, aya pasar, aya nu meuli....tinggal prung weh
ngajalankeun bisnis, moal teu mucekil geura eusi loket teh. Ngan nyaeta atuh
naha bet anu dibisniskeun teh anu kieu patut nya? Da anu teu eucreug tea mah
nyaeta hate jalma anu "ngiring bingah" ngabageakeun "sarupaning" lah....

Geura pek urang pikiran, ngeunaan jalma teu baleg, tapi boga naluri bisnis,
pan ningali pasar mereun, mun di hiji wewengkon kalobaan jalma raresep
ngudud merek anu, da moal kamana jig na, anu ngajual udud teh lolobana mah
nya merek nu eta tea.... kadituna, dimana jalma geus resep madat, mabok,
heroin jrrd. Pan keur si "pelaku bisnis" mah ceunah lakadalah.... teu
ningali kenca katuhu, nu penting mah duit, duit jeung....acis.....

Keun weh teu paduli jalma deuk narotog kana solokan oge, deuk ngarengkol
dina galeng oge da mereun nyangka na spring bed, heuheuheu.........
Nya kitu deui ple-boy, manehna mah ucang angge weh dina korsi gading,
samentara di luareun lingkungan manehna pating jarerit, pating koceak
ningali anak-anak na jaradi korban "duraring" tea....heuheuheu....

Punten ah............  

-----Original Message-----
From: durachman

hello para wargi sadaya. Nepangkeun sim kuring durahman. Urang cirebon. 
Geus lila jadi anggota milist ieu teh tapina jarang posting. 
Tah...ayeuna kuring kabita hayang posting deui;

--< diteukteuk K#5 >--





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke