Ceuk beja mah, nu paling heuras nyerang Teori Evolusi teh, urang 
Kristen Fundamentalis di Amerika Sarikat. Kaum Fundamentalis ieu, 
disalah sahiji nagara bagian di Amerika kungsi ngadu ka pangadilan 
supaya palajaran Teori Evolusi dileungitkeun disakola-sakola 
digantikeun ku teori creatisnist atawa anu leuwih beken ayeuna 
disebut Teori Intellgent Design. tuntutan ieu akhirna ditolak ku 
Hakim di Amerika, alesanana .... agama teu meunang dibabawa ka bangku 
sakola (emut  Amerika Serikat nagara sekuler). Tapi kulantaran kaum 
Fundamentalis ieu, jalmina balaleunghar, nu hartina oge gerejana oge 
laloba duit, faham intelegen Design (Creationsit) ieu jadi nyebar ka 
sakuliah dunya, kaasup di Indonesia ngaliwatan gereja-gereja (aliran) 
nu puseurna di Amerika. Seueur nu palalinter di Indonesia, nu araktif 
di Gereja, anti kana teori evolusi. Kuring meunang beja selentingan 
Dr. Yohannes Surya, nu akhli Fisika, jeung promotor olimpiade Fisika 
di Indonesia, salah saurang nu ngadukung teori Creationist.

Harun Yahya (nami samaran, nami nu saleresna mah lamun teu lepat mah 
Adnan Mochtar), nyandak teori Intelegent Design nu ti Amrik ieu, 
disaluyukeun jeung kayakinan urang Islam. Ceuk anu kantos terang, 
teorina Harun Yahya teh, persis pisan jeung teori urang Nasrani ieu.

Ieu mah sakadar kanggo informasi we ..........

Baktos,
WALUYA 

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> On 2/15/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Sumuhun di TV oge sering dipidangkeun, nanging sok aya gerentes 
na hate,
> > rasa panasaran jeung cangcaya heuheu2....Eta acara TV nu ngaguar 
sasatoan
> > jaman baheula teh damelan urang barat (Yahudi). Bisi, kasus-na 
jiga manusa
> > heubeul (manusa purba) tea. Apanan numutkeun teori evolusi Darwin 
mah
> > manusa teh hasil evolusi-na 'manusa-kera', anu jelas-jelas hal ieu
> > nyalahan sareng ayat Allah SWT (sakumaha diguar ku Harun Yahya 
dina bukuna
> > : "Runtuhnya Teori Evolusi").
> 
> 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke