Catetanana wae heula, nu sanesna engke sugan ari salse: 1. Ngajalajah = ngalanana-->namung kanggo ngalalana dina internet mah (surfing) tos aya istilah anu baku (baku keur warga Kusnet wae saheulaanan), nyaeta = lalayaran 2. Situs-->tiasa dianggo, tiasa oge digentos ku istilah "patilasan" atawa, keur internet: "ramat loka". 3. Nyimpulkeun-->nyindekeun, kasimpulan = kacindekan 4. Identik = "persis sarua jeung" atawa "....bleg wae..." atawa : "teu dipiceun sasieur oge"-->gumantung larapan kalimahna. 5. Nota bene = dihenteu-henteu oge, diulah-ulah oge
Kitu manawi. Upama dilarapkeun kana kalimah postingan ti salira, sigana kieu (conto wae): "Punten yeuh bade naros.... Kumaha lalakonna Bandung dijadikeun ibukota Jawa Barat (Sunda???)...??? Abdi kungsi lalayaran ka ramat loka anu pakait jeng sajarah Sunda. Saterusna abdi nyindekkeun yen Sunda teh persis sarua jeung Pajajaran anu dihenteu-henteu oge ayeuna jadi (wewengkon) Bogor. Naha lain Bogor anu dijadikeun ibukotana? dst. Sakitu, mugi aya manfaatna. Catetan akhir: dina nulis postingan kaelmuan atawa pangweruh atawa laporan, alusna digunakeun basa Sunda anu loma wae. baktos, manAR On 2/16/06, Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten yeuh bade naros.... > Kumaha lalakonna Bandung dijantenkeun ibukota Jawa Barat (Sunda???).. ??? > Abdi kungsi ngajalajah situs nu pakait sareng sajarah Sunda. Tuluy abdi > nyimpulkeun, yen Sunda teh identik sareng Pajajaran nu notabene ayeuna > janten daerah Bogor. > Naha sanes Bogor nu dijantenkeun ibu kota? > > Hatur nuhun...... > > regards, > Reddy > > Technical Dept. > Ph. +62 31 8964555, ext 2533 > > Catetan; > 1. Ngajalajah - leres teu eta kecapna?? > 2. Situs - Tiasa di-Sunda-keun teu? > 3. Nyimpulkeun - leres teu eta kecapna? > 4. Identik - Sugan aya istilah Sunda-na? > 5. Nota bene - Mun di-Sunda-keun janten naon? > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

