On 2/16/06, yana sugiarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari numut abdi mah, jawa barat teh sanes sunda wae.., pan aya urang cerbon
> di cirebon, urang demayon di indramayu..
>   punten ah, bilih abdi lepat.


Dina Majalah Cupumanik bulan ieu, Prof. Ekajati medar ngeunaan Sri Baduga
Maharaja, atawa nu dina dunya pantun katelah Prabu Siliwangi. Dina eta
artikel, dipedar ngeunaan Karajaan Sunda mangsa Sri Baduga nu ngampar ti
tungtung kulon nepi ka sabagian Jawa Tengah kiwari. Oge di dinya
disebutkeun, yen di basisir kaler Tatar Sunda teh ngajajar palabuan-palabuan
antarbangsa, tempat tepungna para padagang ti mana ti mendi, ti karajaan2
nusantara nepi ka bangsa2 bule, arab, cina, jeung india.

Kaayaan sarupa kitu, tangtu ngajadikeun wewengkon kaler, utamana palabuan2
utama, jadi "melting spot", tempat leyur/pacampurna rupa2 budaya, sahingga
warna Sunda di eta wewengkon teh bisa bae ngurangan. Komo ka behdieunakeun,
wewengkon Cirebon teh cenah dipake transit pasukan Jawa-Islam, nu malah loba
nerus barumen-bumen di sabudeureun Cirebon.

Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Punten yeuh bade naros....
> Kumaha lalakonna Bandung dijantenkeun ibukota Jawa Barat (Sunda???).. ???
> Abdi kungsi ngajalajah situs nu pakait sareng sajarah Sunda. Tuluy abdi
> nyimpulkeun, yen Sunda teh identik sareng Pajajaran nu notabene ayeuna
> janten daerah Bogor.
> Naha sanes Bogor nu dijantenkeun ibu kota?


Perkawis puseur Sunda, ceuk sajarah mah cenah henteu malulu di Pakuan
Pajajaran. Kapan kungsi oge di Kawali/Galuh... Nu can kabejakeun teh di
Garut we, heuheu... Sahingga upama dinaha-naha puseur pamarentahan Jabar bet
di Bandung, nya kumaha atuh, relevansina kumaha? Komo deuih, ari kamekaran
nepi ka jlegna dayeuh2 Tatar Sunda moderen mah lumangsungna teh mangsa ahir
abad ka-19 (meureun, heuheu...), jaman dijajah Walanda. Ku kituna, dina
mangsa nagara ieu anyar gumelar, wewengkon Sunda nu "pangdayeuhna" mah nya
tangtu Bandung, sahingga pantes mun dijadikeun puseur pamarentahan Jabar
teh...

2. Situs - Tiasa di-Sunda-keun teu?


Geus galibna make istilah eta, dina basa Indo ge pan eta. Upami bade
maksakeun istilah sejen, mangga bae, LOKA sugan?

4. Identik - Sugan aya istilah Sunda-na?


identik = ciples?

5. Nota bene - Mun di-Sunda-keun janten naon?


nota = catetan
bene = bebene
nota bene = catetan bebene

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke