Aya sababaraha catetan perkara tulisanana gan
Christianto Wibisono anu dipostingkeun ku Bah Willy.

Kahiji, sae pisan Suara Pembaruan heunteu ngamuat eta
seratan. Margi ceuk kuring anu diajar elmu komunikasi
(sanajan ngan saeutik), eusi tulisanana teh ngahaja
ngabelokkeun isu utama penghinaan ka Jungjunan urang
(Nabi Muhammad SAW) kana isu Nuklir.

Kadua, jelas pisan eta tulisan "ngadu domba"
masyarakat Islam Iran (Syi'ah) sareng masyarakat Islam
Arab Saudi (Sunni). Padahal duanana oge pan sami-sami
Percanten/yakin sareng ngahormatan ka Nabi Terakhir
(kajaba ahmadiyah, meureun).

Katilu, informasi anu "dikemukakeun" sareng eusi
analisisna Christianto masih bersifat "debatable",
masih diragukeun kasahihanana. Nu matak pan dina
ajaran Islam oge supados ati-ati ari nampi informasi
teh, saha anu nyebarkeun informasi jeung timana
informasina.

kaopat, sigama di tingkat global, aya konspirasi anu
mengkhususkeun maneh "ngulinkeun" informasi, supaya
urang Islam bingung. Duka tah, naha juragan
Christianto sadar atanapi heunteu kalebet kana
konspirasi eta.

Kalima, ceuk kuring mah aya hal anu langkung prinsip,
"Kebebasan berekspresi" anu dibangga-banggakeun ku
Barat, jadi "tamiang meulit ka bitis".
"Pemboikotan produk" ti nagara anu ngadukung
"kebebasan Berekspresi" ku nagara-nagara Islam, tiasa
ngalumpuhkeun perekonomian nagara Barat.

Kagenep, Pemboikotan produk-produk  nagara Barat eta,
hiji kakuatan "gaya baru" ti Umat Islam, leuwih bahaya
tibatan tindakan anarkhis.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya, kuring meunang artikel ieu, ti milis
> sabeulah. Ieu
> artikel teu jadi diterbitkeun ku koran Suara
> Pembaruan, jigana
> mah ieu koran nyensor sorangan. Artikel Christianto
> Wibisono ieu
> nyoba nerangkeun sababaraha hal anu rada "dianggap
> aneh" dina
> kasus Kartun Nabi sareng Nuklir Iran. Contona nu
> rada "aneh" teh
> :
> 
> 1) Kartun Nabi dimedalkeun di Denmark bulan
> September 2005, naha
> ributna kakara ayeuna (4-5 bulan saenggeusna ieu
> kartun
> muncunghul)
> 
> 2) Kunaon Indonesia milih abstain dina soal Nuklir
> Iran, henteu
> ngadukung Iran?
> 
> Mangga nyanggakeun. Kanggo informasi we .......duka
> leres
> henteuna mah.
> 
> 
> Suara Pembaruan declined to publish the following
> regular
> WashWatch column
> on 14 February by Christianto Wibisono.*)
> 
> 
> KEMELUT KARTUN  & NUKLIR IRAN
> 
> Pada Saptu (11/2) Presiden Yudhoyono menulis kolom
> khusus dalam
> IHT menyusul tokoh global yang menyerukan
> kebijaksanaan
> penghentian kekerasan dalam kemelut kartun. Sehari
> sebelumnya
> Presiden The International Institute of Islamic
> Thought, Dawam
> Raharjo menulis di TEMPO pandangan kenegarawanaan
> global untuk
> mengoreksi citra kekerasan pasca demo kartun. Pada
> Selasa (7/2)
> Sekjen PBB Kofi Annan bersama Sekjen OKI Ekmeleddin
> Ihsanoglu dan
> â?oMenluâ? Uni Eropa Xavier Solana  membuat
> statemen agar 
> situasi chaotic anarkis demo anti kartun segera
> diakhiri.
> Statemen itu menyusul duet kolom PM Spanyol Zapatero
> dan PM Turki
> Erdogan dalam IHT 5/2 menyerukan â?oreason and
> calm�. Pada
> Kemis 9/2 bersama Raja Abdullah dari Jordania,
> Presiden Bush
> menyerukan pemerintah negara negara didunia untuk
> menghentikan
> kekerasan massa.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke