tah mang jamal jigana mah memang kedah diemutan ku parbud boh dinas provinsi 
boh kabupaten, naha memang etis 'ngical' samodel kampung naga, kampung pulo (di 
leles), kampung dukuh, kampung mahmud, sirnarasa, sareng lian ti eta 
dijantenkeun salah sahiji 'atraksi wisata'. Keur sa kuringeun mah asa mokahaan 
komo sok bari jeung dikarciskeun mah. Meureun mun arek oge paling henteu diajak 
badami atuh kokolot2 di eta tempat teh mun oge bade dilebetkeun kana 'list' nu 
dijugjug ku wisatawan. Ti kampung naga mah eta tah lauk emasna we baradag (duka 
tah ayeuna). cag.
   
  dmar

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
kungsi dua kali ka kampung naga. mimiti mah formal ti pangulinan. rek
maluruh arsitektur tradisional tea. tapi teu wani laha-loho ka jero imah,
ngan ngariung di bale gigireun masjid.

harita ge geus boga rasa teu pati sugema. alatan asa kudu nongton batur.
sabab kampung naga mah beda ti tujuan wisata sejenna nu biasana museum
siga taman mini nu imah2na teu dieusi cara Kampung Naga. enya, teu ngeunah
oge karasana jeung karunya, urang dinya jadi bahan tongtonan, sabab
maranehna caricing di dinya. biasana mah imah tradisional kitu teh teu
dicicingan, jadi teu aya masalah psikologis.

nu kadua mah basa ka singaparna, lalajo sunatan masal yasana yayasan
annisa indonesia teh Lies Parish. bareng kang soni tukang gim, ua sas,
kang darpan, pupi + kumi oge. balikna nyimpang ka kampung naga. sarua
kitu. taang toong, rarat-reret, kadang2 sok paadu teuteup jeung urang
dinyana, boh kolot boh budak bari jadi hese rek ngadon silaturahmi atawa
nganjang cara baraya urang sunda. duka pedah ngarasa jadi turis duka
kumaha.

aya hiji dua warung suvenir -lolobana karajinan tina awi-di jero kampung
naga, lolobana mah di luhurna, di tempat parkir. duka urang kampung naga
duka lain.

sakedap deui Kiblat Buku Utama baris medalkeun buku Kampung Naga, seratan
gan Her Suganda, wartawan senior Kompas -resmina mah tos pangsiun. Nya
sigana seratan model wartawan atawa leuwih ka model jurnalistik.

buku ngeunaan Kampung Naga nu geus medal beh ditu mah beunang
msiswa/alumnus arsitektur unpar, husus soal wangunan/arsitekturna.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Organizational culture assessment   Jewish 
culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke