Kang Reddy, ngan aya bentenna antara buku Elmu Pangaweruh populer sareng buku-buku Harun Yahya. Ari buku Elmu Pangaweruh Populer nu biasa mah nyutatna teh lengkep, nu ngarangna teu ngadamel kasimpulan nyalira, tapi ngahijikeun kasimpulan ti sumber-sumber anu dicutat. Tah upami buku Harun Yahya mah, nyutat, tapi ari kasimpulanana didamel kunu ngarangna. Upami di Toko Buku, buku-buku HY teh disimpenna di rak sakolompok sareng buku-buku Agama, tara disakolompokeun sareng buku elmu pangaweruh.
Ari ngobrolkeun teori epolusi teh, kuring sok emut hog-hagna antara Prof Yacoob ( Guru Besar Anthropologi Ragawi UGM) sareng para ahli ti Australia perkawis "Manusa Kate ti Flores". Ceuk Prof Yacob, "Manusa Kate ti Flores" teh manusa biasa nu boga kalainan, nyaeta kate. Ceuk ahli ti Australia, ih lain ieu mah jenis manusa nu beda jeung manusa nu ayeuna sabab bentuk awakna proposional, beda jeung kate akibat kalainan, nu biasana bentuk awakna teu proposional. Hog-hag ieu sanes hartosna Prof Yacoob teu percanten teori epolusi, tapi hog-hag dina masalah buktos. Tah hog-hag model kieu, tiasa wae dicutat kunu anti teori epolusi, terus dijieun kasimpulan ku nu nyutat : " Teu bener tah teori epolusi teh ....." Perkawis "Teori Design maha pinter" ( Intellegent Design) nu disebat- sebat ku HY jeung ku sabagian gereja-gereja di Amerika, aya kalemahanana. Lamun mahluk diciptakeun bleg-jeg teu aya proses, tangtuna oge punahna kitu, teu aya proses, les weh punah teu aya tapakna, mahluk ieu dipunahkeun kunu Kawasa. Jeung tangtosna oge urang teu kudu hese-hese ngemut, make neangan pangaweruh ku naon hiji mahluk bisa punah jeung teu kudu hese cape ngalestarikeun alam : flora jeung fauna da meureun geus kitu kedahna, kudu punah ....... Baktos, WALUYA --- In [email protected], Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Muhun kang, abdi satuju jeung tulisan kang Waluya.... Buku-bukuna Harun > Yahya mah leuwih pantes mun disebut buku pangaweruh populer, sabab > lolobana nyutat tina tina pendapatr ahli-ahli nu lain. > > Mun aya nu nanya kumaha makhluk nu hirup bisa mucunghul di bumi, meureun > jawabanna ngan aya dua, nu kahiji; mucunghul ku ayana evolusi, nu kadua > mucunghul sabab aya nu nyiptakeun. Teori nu kahiji mah didasarkeun kana > teori Darwin (mudah-mudahan bener... ) nu nyatakeun yen makhluk hirup teh > asalna tina hiji nenek moyang nu sarua. VAriasi mucunghul kusabab lobana > perubahan-perubahan. Jadi perbedaan jeung variasi kerumitan paralel > jeung majuna zaman. Teori nu kadua, nyebatkeun yen makhluk hirup teh > dijieun ku "Pencipta" nu maha cerdas (Allah SWT). Jadi diawal mula keneh, > makhluk hirup teh geus ngabogaan sistem jeung struktur nu kompleks tur > sarua jeung naon anu dipiboga ku makhluk hirup ayeuna. > > Nurutkeun kana aturan logika, mun aya dua jawaban jang hiji pertanyaan, > bisa dipastikeun salah sahiji jawaban eta tangtu bener (ngaran kaidahna > kuring poho....). Ayeuna mah tinggal kumaha urang we, rek nyokot jawaban > anu mana...... > > Catetan; > Punten pang lereskeun kecap anu ditandaan..... > > regards, > Reddy Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

