Panginten eta istri anu geulis, pinter tur jomblo teeh milarian Jajaka
anu:
1 kasep
2 pinter
3 beunghar
4 sepuhna tos pikun
jadi weee Joblo eta istri teeh, cobi mun kersa ka abdi, benten deui
nya....heheheheh

punten ah heureuy....

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of indung peuting
Sent: Tuesday, February 21, 2006 2:28 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Kriteria Milari Pasangan Hirup versi heureuy
(ngeunaan pamadegan)

Leres kitu, mung anu sayaktosna kritea anu diimpleng ku para pameget,
teh sapertos kumaha..? cing pasihan terang .....!
  Anu pangminimalna wae bilih anu luhur-luhur teuing mah boa moal
kahontal. Margi ayeuna seueur istri anu masih jomlo, padahal eta istri
teh sajabi ti pinter tur geulis, tapi naha sesah milari jodo. Ari lalaki
neangan anu kumaha..? he he
   
  ipeut

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Tiap-tiap jalmi sering mibanda pamadegan (baca:persepsi) anu benten
ngeunaan hiji hal. Kalebet dina milarian jodo. Horengan, teu sadaya
jalmi hoyong gaduh bojo geulis, sapertos carios di handap ieu.
   
  Salah sawios jajaka gandang, kasep, anom keneh, wiraswastawan punjul
anu beunghar pisan, kalawan kasadaran dirina; ngahaja teu milih bojo anu
geulis. Ari alesannana : "kuring teh pangusaha anu sibuk, jarang cicing
di imah, kedah but-bet bisnis kamana-mana, malihan dugi ka luar nagri,
tos puguh ari ka luar kota mah. Sakapeung ari tugas teh sok ngampleng.
Upami ninggalkeun bojo anu geulis mah, sok sieun teu konsentrasi kana
damel. Bojo sieun ditaksir batur tea ....., sieun nyolowedor  sjb. Tapi
ari gaduh bojo biasa-biasa wae mah, moal seueur emutan. Hanas eta,
hoyong anu geulis, teu kedah sesah-sesah. Salaku jalmi beunghar tur
kasep, kapan tiasa ngeteng ...... iraha wae di luar kota salami angkat
tugas..........................." 
   




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke