ehm.... iraha rek meunang sertifikat ganteng / geulis na ti KUA, meun keukeuh nyiar anu sesuai jeung kriteriana nya Bah? meun anu masih keneh nyorangan keukeuh peuteukeuh nyiar anu perekpek ( perfect ) jang ukuran manehna???... Sim Kuring pribadi, anu sesuai jeung Kriteria teh geus manggih sababaraha kali... cocog jeung kahayang komo ditambah jeung awakna jangkung jang ngebenerkeun katurunan da kuring ngarasa pendék, sugan ari gaduh jikun jangkungmah ateuh katurunan teh aya anu jangkung oge.. geuningan anu kriteriana loba asup jeung kahayang kuring teh ngan cukup jadi kabogoh atawa TTM atawa ATM ( Adek Tapi Mes...) ari pekteh geuningan anu nyieun kuring panceug nentukeun pilihan jeung Jodo anu dipilihkeun ku Allah jang kuring teh anu jauh ti kriteria sakahayang kuring, enya contona kuring hayang boga jikun anu sabar, lembut... tah jikun kuring mah heuras jeung sagala serba gancang, meureun sifat jikun kuring eta jang nutupan kakurangan kuring anu kurang tegas jeung sok plinplan hese nentukeun kaputusan boh jang diri sorangan boh jang kulawarga. Nya meun bisamah seh.. anu sabar jeung serba muhun oge meunang, jadi anu hiji heuras tegas kasaimbangkeun ku nu hiji deui anu sabar, kalem.. heuheuheu... los kanu niat ngawayuh deui..heuheuheuheu.. punten ah, abdi oge gaduh rerencangan didieu anu keukeuh milarian wanoja sampurna nurutkeun kacamatana.. nepikeun ka yuswa tos nyaketan 40taun.. masih keneh ngajomblo.. itu henteu ieu henteu.. tungtungna disalip wae kunu lianna.. nepikeun ka ayeuna can meunang sertifikat ganteng.. cag ah, punten Baktos, Ule * meun ceuk urang Jawa mah.. pilih pilih tebu oleh bongkeng... milih milih neangan nu pang alusna..ai pek meunang dedeukna.. ;p -----Original Message----- From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, February 22, 2006 6:53 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Kriteria Milari Pasangan Hirup versi heureuy (ngeunaan pamadegan)
Pibaturan hirup mah mun bisa : 1. Nu pas-pasan, rek pi-istrieun atawa pisalakieun; sumuhun hartosna : pas nu saiman, pas geulis atawa kasepna, pas aya hartana nu bisa nyumponan mun kahayang, pas bageur pimitohaeunnana, pas tos boga gawe atawa pausahaan. 2. Seueur nu nyebatkeun kudu boga kapribadian, sumuhun : gaduh mobil pribadi, bumi pribadi, pausahaan pribadi. Jaka [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

