Ngiring mairan sakedik, sanes ngabela pulisi (pedah anakna pulisi)hehehe Sumuhun kang, engke teh da moal tambih aman sareng tentrem nagara urang teh ku ayana eta UU. Malahan mah bakal tambih "lieur" (loba teuing peraturan) ceuk abdi mah...mun ceuk darso tea mah "Pabaliut". Ceuk idealna mun hayang aman, saurang polisi teeh ngawaskeun 5-10 jalmi, kapan ari di urang mah hiji polisi ngawaskeun ratusan jalmi (jumlah warga : jumlah pulisi),rek kumaha sukses eta UU, anu tungtungna "Polisi deui anu disalahkeun." Pok na the ceunah " nu itu ge teu di tewakan, nu itu ge can beres, jrrd. Jadi ayeuna mah kumaha diri urang masing masing, mun urangna masih acak-acakan kumahar rek ngatur batur ??? kumaha tahh...sok waler.....
Cag ahhh.. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: Wednesday, February 22, 2006 6:57 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] RUU "Porosot Nonghol" Leres pisan Bah Jaka, aurat dina Islam benten sareng ceuk urang Katholik, ngan hanjakalna teh Urang Indonesia henteu sadayana Islam. Upami RUU ieu "digulkeun" jadi UU. Hartosna Warga Negara Indonesia jeung nu netep di wilayah Indonesia kaiket ku UU ieu. Kumargi kitu urang Irian, Dayak di di jero pedalaman, Urang Bali, bule make bikini nu keur moe maneh di basisir kudu ditewakan da ngalanggar UU Republik Indonesia. KItu deui, nu ngagem Islam tapi teu "acan" ngartos, model nini-nini dilembur nu kadang-kadang ukur dikutang wungkul, atawa Ibu-ibu nu nyusuan orok dina beus umum tiasa ditewak kumargi ningalikeun pinareup dipayuneun umum. Ibing Jaipongan oge kedah di"renovasi", imbit teu kenging ngiring "maen" jeung seueur deui. Pokona mah upami UU ieu digulkeun pulisi bakal nambahan padamelan nu geus seueur ....... Baktos, WALUYA --- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Bah, dina hal ieu sanajan saur bah Willy teu > nyabit-nyabit agama, tapi soal pamadegan dina hal > "pornoggrapi + porno aksi" eta tetep moal beda sareng > "latar belakang" eta jalma. Batesan "orat" ceuk Islam > mah tos jelas, mung urangna nu tos "biasa" henteu > ngalaksanakeun aturan numutkeun ajaran Islam eta, jadi > we kabiasaan salah anu dianggap "bener"; nya salah > kaprah tea (kaasup di kulawarga kuring can sadaya > ngalaksanakeun nutup orat numutkeun ajaran Islam). > Urang terang, ngarti jeung ngarasa salah tapi masih > tetep ngalakukeun, alesanna mungkin ngarasa salahna > teu gede-gede teuing, lain kaasup dosa gede. > > Leres henteuna, mangga taros ati sanubari urang sadaya > disarengan ku kaimanan, kumaha walerannana aya di > salira masing-masing. > > Baktos > Jaka > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

