Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Punten ah ngiring ngacapruk, ubar lieur....
Puguh matak reuwas jeung matak pikawatireun tur ngajenghok mun urang nempo
kaayaan jaman ayeuna khususna di wewengkon Jawa Barat / tatar sunda. Pas kuring
maca dina kompas on line yen di wewengkon purwakarta (mun teu salah mah) aya
anu kena panyakit busung lapar,beu.....???? Naha di urang (tatar sunda) teh
geus nepi ka kitu dina hal bidang pangan teh, naha geus krisis pisan kaayaan
pangan di urang teh ? terus diwewengkon indramayu (mun teu salah mah) aya
masyarakatna anu nepi ka nuangan sangu basi anu di poe (sangu ayik, kitu?), eta
teh gara-gara masyarakat eta teh teu mampu meuli beas, da mahal pisan geuningan
ayeuna mah harga beas teh. Jeung deuih mahalna harga beas can tangtu matak
nguntungkuen patani anu mroduksina. Jadol teh !!!!
Teuing eta mahalna harga beas teh aya maksud2 anu sejen enya maksudna teh
naha aya konspirasi ti para elit politik urang atawa henteu, duka teuing
tah???? Anu hartina dina raraga nggoalkeun maksud pamarentah ngimpor beas. Tapi
pamustunganana tetep we sanajan pamarentah ngimpor beas, geningan harga beas di
tingkat konsumen mah teteh mahal!!! Asa teu kaharti...!!!
Puguh keur jaman na nararek harga-harga barang nepi ka harga beas oge naek
edun pisan, pek teh aya rencana pamarentah naekun harga TDL,
beu.....beu....beuki beurat bae beban anu kudu di tarima ku masyarakat urang
teh, meureun ku masyarakat anu jegud mah teu karasa ayana kanaekan teh. Komo
mun ditambahan naekna harga BBM, beu beuki teu kabayang bae. Puguh gara-gara
nakeun harga BBM wae matak nambahan jalma miskin, nambahan jumlah pengangguran,
lain matak ngaraharjakeun rahayat, puguh mah matak ngabalangsakeun rahayat.
Katurug-turug ayeuna rek ngadurukan unggas, anu cenah mah dina raraga
musnahkeun panyakit FLU MANUK (BURUNG), beu teu kabayang sabaraha ratus
rebu/juta2 unggas anu dipaehan. Anu antukna naon ? Hal ieu bisa ngabalukarkeun
langkana produksi unggas (daging) di urang, akhirna harga-harga daging naraek
deui da langka, akhirna meureun mun kabutuhan supplay daging teu cukup kudu
ngimpor tah, mun kudu ngimpor meureun beuki kakuras bae tah kas nagara teh di
bikeunan ka nagara batur, beu...!!!
Geus puguh kabutuhan daging urang teh masih keneh ngimpor ti nu naga sejen,
ayeuna gara-gara FLU MANUK, beuki gede bae meureun tah ngimpor daging teh.
Balukar tina hl ieu aya dua kamungkinan :
1. Tingkat konsumsi protein hewani di nagara urang bakal ngurangan, akhir
asupan gizi protein ngurangan (da marahal tea hargana, sedengkeun daya beli
masayartakat rendah) pan hal ieu bisa nimbulkeun turun na "daya kerja otak".
Jadi we barodo.
2. Bisa nguras kas keuangan nagara, gara2 kudu ngimpor, beuki gede we
pangaluaran nagara teh.
Akhirna urang hirup sagala dicumponan ku produk2 impor, geus puguh tarigu
mah, kedelai, susu, beas, jeung nu sejena. Hal ieu bahaya pikeun bangsa urang.
Jadi we urang dijajah ku model anu anyar.
Patojaiah pisan jeung kaayaan kakayaan alam urang anu cenah mah subur makmur,
kakayaan alam anu melimpah ruah. Tapi kabuktian bangsa urang can bisa ngolahna,
laiin can bisa meureun tapi SARAKAH!
heup ah...
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/