Ngiringan ngacapruk oge ah .....malah nambar lier...
Ah ...Duka teuing tah bingung ngabandunganana
kumah nagara urang
teh pan kumaha pamimpin jeung kumaha urang na oge, saha anu milih atuh nepi ka
40% mayoritas milih teh.
Ari sangu anu di poe tuluy di asakan deui eta teh sangu Aking,
kacida di Indramayu tur Banten aya nu ngonsumsi sangu aking-mah komo deui
busung lapar di purwakarta, kapan Purwakarta, Karawang, Sukamandi nepi ka
Subang teh daerah lumbung pangan Jawa Barat malahmah lumbung padi nasional,
Beu
..
Rea sabenerna mah solusi pikeun nanggulangan kamiskinan jeung rawan
pangan atawa giji teh, Bangsa urang mah lila teuing dijajah ku walanda tuda,
jadi we nagara anu asalna mayoritas nelayan jadi nagara patani.
Coba tingali bangsa jepang anu ayeuna jadi nagara maju, malah aya kapal
cai jiga pabrik jalan-jalan di laut newak lauk ton2an diolah di kapal eta
keneh nepi ka jadi kaleng.
Kungsi kuring maca majalah aya pakar urang walanda ngomong kieu ;
saenyana bangsa indonesia teh lamun bisa ngolah kakayaan lautna wungkul sacara
optimal mung 35% nu aya, geus pasti bakal jadi nagara maju.....bener kitu nya?
Tah Ieu mah carita nu keur patroli di laut loba pisan kapal asing anu
ngarampok kakayaan urang teh tina laporan pesawat TNIAL nepi ka teu kaitung,
ari waktuna di udag make KRI naha bet ngereles laleungit kabeh paling oge hiji
dua nu katewak bari jeung kadang2 aya suratna cenah kapal teh kagungan juragan
pejabat anu. Kapal patroli TNIAL tea memang terbatas pisan atuh malahan mah
teknologi navigasi jeung radar tercanggih di kapal2 ikan asing bisa leuwih
canggih jadi tangtu geus ka ambeu tiheula.
Lain deui masalah ilegal fishing aya deui ilegal logging .......... loba
oge aparat anu terlibat......tah khan kumaha urangna lain...??
Tapi meureun masalah korupsi oge kudu di beresan heula, eta geura
ayeuna kaungkap aya dana pemerintah nganggur 80 Trilyun di BI, kumaha atuh
naha teu bisa dimangpaatkeun kitu?.
Trus nu lain deui rek iraha para debitur bermasalah BLBI tea malikeun
hutangna, kamari malah jadi hayang seuri tapi nyeri, ningali debitur
bermasalah dianteur ku Kapolri. Ari tadi isuk di TV kuring ningali aya urang
Mojokerto -jawa timur, rek manggihan presiden ka jakarta leumpang bari mawa
kapanasaran pedah teu meunang dana bantuan subsidi BBM, cenahmah lain sakali
ieu wae malah kungsi leumpang ti surabaya ka mojokerto rek manggihan presiden
tapi nepi ka istana di tolak teu meunang asup. Atuh beda eujeung si debitur tea
nu jiga tamu nagara make dianteur pajabat euy.
.............
Jadi kamana-mana geuning euy ngacapruk teh....hapunten ah ka sadayana.
Cag ah...Bisi aya anu nyirian...
Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Punten ah ngiring ngacapruk, ubar lieur....
Puguh matak reuwas jeung matak pikawatireun tur ngajenghok mun urang nempo
kaayaan jaman ayeuna khususna di wewengkon Jawa Barat / tatar sunda. Pas
kuring maca dina kompas on line yen di wewengkon purwakarta (mun teu salah
mah) aya anu kena panyakit busung lapar,beu.....???? Naha di urang (tatar
sunda) teh geus nepi ka kitu dina hal bidang pangan teh, naha geus krisis
pisan kaayaan pangan di urang teh ? terus diwewengkon indramayu (mun teu salah
mah) aya masyarakatna anu nepi ka nuangan sangu basi anu di poe (sangu ayik,
kitu?), eta teh gara-gara masyarakat eta teh teu mampu meuli beas, da mahal
pisan geuningan ayeuna mah harga beas teh. Jeung deuih mahalna harga beas can
tangtu matak nguntungkuen patani anu mroduksina. Jadol teh !!!!
Teuing eta mahalna harga beas teh aya maksud2 anu sejen enya maksudna teh
naha aya konspirasi ti para elit politik urang atawa henteu, duka teuing
tah???? Anu hartina dina raraga nggoalkeun maksud pamarentah ngimpor beas.
Tapi pamustunganana tetep we sanajan pamarentah ngimpor beas, geningan harga
beas di tingkat konsumen mah teteh mahal!!! Asa teu kaharti...!!!
Puguh keur jaman na nararek harga-harga barang nepi ka harga beas oge naek
edun pisan, pek teh aya rencana pamarentah naekun harga TDL,
beu.....beu....beuki beurat bae beban anu kudu di tarima ku masyarakat urang
teh, meureun ku masyarakat anu jegud mah teu karasa ayana kanaekan teh. Komo
mun ditambahan naekna harga BBM, beu beuki teu kabayang bae. Puguh gara-gara
nakeun harga BBM wae matak nambahan jalma miskin, nambahan jumlah
pengangguran, lain matak ngaraharjakeun rahayat, puguh mah matak
ngabalangsakeun rahayat.
Katurug-turug ayeuna rek ngadurukan unggas, anu cenah mah dina raraga
musnahkeun panyakit FLU MANUK (BURUNG), beu teu kabayang sabaraha ratus
rebu/juta2 unggas anu dipaehan. Anu antukna naon ? Hal ieu bisa ngabalukarkeun
langkana produksi unggas (daging) di urang, akhirna harga-harga daging naraek
deui da langka, akhirna meureun mun kabutuhan supplay daging teu cukup kudu
ngimpor tah, mun kudu ngimpor meureun beuki kakuras bae tah kas nagara teh di
bikeunan ka nagara batur, beu...!!!
Geus puguh kabutuhan daging urang teh masih keneh ngimpor ti nu naga
sejen, ayeuna gara-gara FLU MANUK, beuki gede bae meureun tah ngimpor daging
teh. Balukar tina hl ieu aya dua kamungkinan :
1. Tingkat konsumsi protein hewani di nagara urang bakal ngurangan, akhir
asupan gizi protein ngurangan (da marahal tea hargana, sedengkeun daya beli
masayartakat rendah) pan hal ieu bisa nimbulkeun turun na "daya kerja otak".
Jadi we barodo.
2. Bisa nguras kas keuangan nagara, gara2 kudu ngimpor, beuki gede we
pangaluaran nagara teh.
Akhirna urang hirup sagala dicumponan ku produk2 impor, geus puguh tarigu
mah, kedelai, susu, beas, jeung nu sejena. Hal ieu bahaya pikeun bangsa urang.
Jadi we urang dijajah ku model anu anyar.
Patojaiah pisan jeung kaayaan kakayaan alam urang anu cenah mah subur
makmur, kakayaan alam anu melimpah ruah. Tapi kabuktian bangsa urang can bisa
ngolahna, laiin can bisa meureun tapi SARAKAH!
heup ah...
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture
Business culture of china
Organizational culture
Organizational culture change
Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Mail
Use Photomail to share photos without annoying attachments.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/