Pami putra Kang Jaka leres-leres hoyong lebet Teknik Kimia mah sae Kang, 
sok dukung ku Kang Jaka salaku rama-na. Prospek kapayunna insya Alloh moal 
surem, punten ieu mah sanes promosi oge nyombongkeun diri hehehe...

Paguron luhur anu ngagaduhan jurusan Teknik Kimia kalayan biaya kuliah 
sareng biaya hirupna kaetang mirah mah rupina ITS (di Surabaya) sareng 
UNDIP (di Semarang). ITS sareng UNDIP ieu, pami teu lepat mah, tacan 
otonomi kampus, janten masih aya subsidi ti pamarentah. Benten sareng ITB, 
UI atanapi UGM anu tos otonomi kampus (ti taun 2000), biaya kuliah na 
langkung awis. 

Nanging sok sanaos biaya kuliah na awis oge, sakaterang Abdi, di ITB tacan 
pernah aya mahasiswa anu di-DO (dikaluarkeun) gara-gara kirang mampu 
kaayaan ekonomi-na. Di ITB alhamdulillah seuseur beasiswa, aya beasiswa 
ekonomi (kanggo anu teu mampu), beasiswa prestasi (kanggo anu 
berprestasi), beasiswa ti kedutaan-kedutaan besar sareng rea-rea deui. 
Malihan mah kanggo tugas akhir oge aya beasiswa-na. Abdi kantos gaduh 
rerencangan anu kenging beasiswa langkung ti hiji (dua dugi ka tilu macem 
beasiswa).

Nanging duka tah di paguron luhur nu sanes mah, Abdi kirang terang...

Kang Jaka...
Da sepuh Abdi oge sanes jalmi anu 'aya', kumaha we panghasilan urang 
kampung...Anu penting mah, saur sepuh baheula apanan asal keyeng tangtu 
pareng. Kapungkur, Abdi mah sok ngiringan buburuh janten guru privat 
atanapi guru bimbel, lumayan kanggo nambihan uang jajan sadidinten hehehe. 
Harita mah uang SPP teh 1.1 jt sa-semester (taun 2000), jigana dua kali 
lipet uang SPP di UPI. Ayeuna duka tos sabaraha... 

Ngeunaan trik supados lebet PTN, numutkeun pamadegan ngiringan bimbel oge 
Abdi tos cekap. Nanging lembaga bimbelna pami tiasa mah anu tos qualified 
sapertos GO, SSC sareng Nurul Fikrie (kanggo di Bandung sareng di 
Jakarta). Tuang putra kedah tiasa ngukur kamampuan, biasana aya Try Out 
kanggo ngukur eta kamampuan masing-masing siswa. Tah sing sering wee 
ngiringan Try Out-na....

Sareng hiji deui Kang, tuang putra kedah sering ngadoa (Abdi percanten 
putra Kang Jaka mah tangtos sholeh hehehe....). Sejakeun nyuhunkeun doa 
restu ka sepuh (terutami ka Ibu)....Karaos ku Abdi kapungkur waktos bade 
tes UMPTN (ayeuna mah namina SPMB). Syareatna ku doa restu pun 
biang....,da Abdi mah teu kalebet murid anu di pinter di sakola teh. 

Cag ah sakitu we heula Kang, punten sanes niat Abdi mamatahan ngojay ka 
meuri, sanes niat ujub riya sareng takabur, paralun anu kasuhun...



Salam Baktos,


Ono Taryono
Anu nuju ka emutan deui peurih-peuheur-na 'masa-masa kuliah' kapungkur.... 

 



"joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/22/2006 10:01 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi (Kimia vs Teknik Kimia...??!)






Nuhun pisan kang Ono kana bongbolongannana. Numawi pun
anak teh hoyongna ka Teknik Kimia sanes Kimia Murni.
Upami ngirin SPMB salian ti usaha kursus "bimbel" teh,
kumaha cara milih universitas supaya bisa katarima.
Ari kahayang mah di PTN nu hade sapertos UI, UGM, tapi
bayaranna rada murah, anu kahontal ku panghasilan
sorangan tina gajih bulanan. Kumaha saena tah kang Ono
(mun bisa mah di Jkt da pun anak teh awewe bisi
heureut lengkah).

Wassalam
Jaka

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:

> Kang Jaka (oge nu sanesna)....
> 
> Abdi bade mairan sakedik ah. Kaleresan Abdi
> kapungkur kantos kuliah di 
> Jurusan Teknik Kimia. 
> 
> Kieu Kang, jurusan "Kimia (murni)" benten pisan
> sareng jurusan "Teknik 
> Kimia". Kimia (murni) mah kirang langkung neuleuman
> ngeunaan pangaweruh 
> alam nu aya patula-patalina sareng parobihan sifat
> hiji zat sacara 
> kimiawi. Cindekna mah, jiga pangajaran elmu kimia di
> SMU ngan langkung 
> diteuleuman deui. Elmu pangaweruh nu diteuleuman
> 'cenderung' skala 
> laboratorium. Tah, pami Teknik Kimia mah kirang
> langkung neuleuman 
> ngeunaan teknologi 'pemrosesan' atanapi ceuk bahasa
> sadidinten mah 
> teknologi kumaha carana ngarobih hiji 'bahan baku'
> janten 'produk' anu 
> ngagaduhan nilai tambah tur nguntungkeun sacara
> ekonomi. Elmu pangaweruh 
> nu diteuleuman 'cenderung' skala industri (atanapi
> komersil). Sanes elmu 
> kimia-na wungkul, nanging kedah ngagaduhan oge dasar
> elmu fisika, 
> matematika sareng ekonomi. Di jurusan Teknik Kimia,
> mung sakedik 
> pangajaran elmu Kimia-na mah, kinten-kinten 8-10 SKS
> tina total 144 SKS 
> (di Teknik Kimia ITB).
> 
> Pami putra Kang Jaka seneng ka elmu Kimia, jigana
> langkung cocok lebet ka 
> jurusan Kimia (murni) we atanapi Farmasi. Teu
> sakedik da rerencangan Abdi 
> oge anu kapungkur waktos SMU seneng elmu Kimia,
> teras kuliah nyandak 
> jurusan Teknik Kimia, teras ngaraos teu cocok.
> Ahirna mah kuliah na janten 
> teu optimal, margi teu saluyu sareng minat tea. 
> 
> Ketang Kang Jaka, da Abdi oge kapungkur waktos SMU
> teh paling seneng kana 
> pangajaran elmu Kimia. Teras, Abdi hoyong lebet
> jurusan Teknik Kimia, 
> margi seneng Kimia tea....hehehe....Ngan
> alhamdulillah Abdi mah tiasa 
> 'adaptasi'....
> Malihan ayeuna ngaraos 'bogoh' pisan ka Teknik Kimia
> teh...Teu nyalahan 
> geuning milih jurusan teh...
> 
> Aaah eta mah kumaha putra Kang Jaka wee...Abdi mah
> darma masihan terang 
> yen Kimia benten pisan sareng Teknik Kimia. Oh
> sumuhun Kang, di Indonesia 
> jumlah insinyur teknik kimia masih sakedik
> dibandingkeun sareng jumlah 
> insinyur teknik-teknik anu sanes,  misalna we
> insinyur teknik sipil sareng 
> teknik elektro. Paguron-paguron luhur anu ngagaduhan
> jurusan Teknik Kimia 
> oge masih jarang, pami teu lepat mah ITB, ITS, UGM,
> UI sareng UNDIP. Teras 
> 'lowongan padamelan'-na insya Alloh seueur Kang,
> janten dosen, konsultan, 
> atanapi process engineer di pausahaan-pausahaan oil
> and gas, 
> petrochemical, refinery, sareng rea-rea deui.
> 
> Tos ah bilih panjang teuing seratan-na. Hatur
> nuhun....
> 
> 
> Salam Baktos,
> 
> 
> 
> Ono Taryono
> Process System Engineer
> PT Inti Karya Persada Tehnik
> Jl. MT Haryono Kav. 4 - 5 Jakarta Selatan


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke