kadang2 dina hirup mah, anu di pikayahang sareng anu kasorang sok teu 
saluyu.

can tangtu oge pagawean engke teh bener2 saluyu pisan jeung pelajaran 
dina bangku kuliah.

anu di babawa kamana-mana hasil diajar tina bangku kuliah selain 
ijazah teh utamana mah `pola pikir`.

asup di gawe oge awalna mah da diajar deui,.he.he....nyaeta diajar di 
gawe.
anu ngabedakeun nana engke teh daya adaptasina. lamun pola pikir anu 
kabentuk dina waktu kuliah baheula geus hade, tangtuna daya 
adaptasina oge bakal hade, gancang bisana, jeung bakal gampang 
berkembangna.

kang Joko mudah2an sing katampi tuang putra teh di perguruan 
tinggi/bidang anu di pikahoyongna.

mere bekel anu paling hade ka anak mah memang pendidikan.

salam,

kangheri


> Nuhun pisan bah Willy, numawi hoyong ngadorong pun
> anak, mung numawi leres pisan bah, sainganna seueur
> pisan, kalihna ti eta, niley kimiana duka 8 atanapi 9,
> fisikana rada kirang mung 7 pami teu lepat mah.
> Sakali deui nuhun ka sadayana, anu tos masihan
> bongbolongan, kalayan teu hilap nuhunkeun pidoana
> supados kahoyong pun anak tiasa kalakon.
> 
> Wassalam
> Jaka
> 
> 
> 
> --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Nambihan sakedik, Teknik Kimia ITB teh kalebet
> > jurusan di ITB 
> > nu "passing-grade" na luhur ( upami teu lepat mah
> > kaopat duka katilu). 
> > Sesepuh Kusnet, ngan ayeuna teu aktif, Ua Djatnika
> > Puradinata ( 
> > Direktur Medco Ethanol), almunina sami sareng kang
> > Ono. Ceuk Bu Susie ( 
> > Prof S. Praptowidodo, dosen TK-ITB) memang leres
> > tamatan Teknik Kimia 
> > teh teu sesah milarian padamelan. Ngan ceuk bu Susi,
> > eta oge kumaha 
> > nasibna we, maklum ayeuna mah da tenaga kerja teh
> > seueur pisan, janten 
> > seueur saingan diantara jurusan TK oge. Taun kamari
> > kuring jeung bu 
> > Susie boga pagawean di PT BADAK LNG Bontang. Padamel
> > LNG Bontang ti 
> > Teknik Kimia nu ngarora keneh, seueur ti ITS, upami
> > nu diluhurna (nu 
> > jaranten bossna, hartosna nu geus sarepuh) umumna
> > tamatan ITB.
> > 
> > Kanggo Bah Jaka, upami hoyong di jakarta wae, lamun
> > teu lepat mah aya 
> > jurusan Teknologi Gas di UI, jigana mah rada
> > ngaharib-harib jeung 
> > Teknik Kimia ( sugan kitu oge, da teu apal). Oge
> > Paguron swasta di 
> > Jakarta aya nu gaduh jurusan Teknik Kimia.
> > 
> > Baktos,
> > WALUYA   
> > 
> >
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke