Haturan bah Willy Tadi sim kuring ngiring pangaosan reboan, emut ka patarosan bah Willy perkawis manusa mimiti nu diciptakeun ku Alloh teh saha, aya henteu dina al Quran. Patarosan eta diteraska ka ust. Nabhan Husein, waleran gurat badagna kieu : 1. Henteu sagembleng nyebatkeun nudiciptakeun nabi Adam. 2. Unina dina al Quran ku cara nyambungkeun surat-surat nu aya hubungannana. 3. Di Quran disebatkeun dina surat al Baqoroh ayat 30 nu hartosna diantawisna (basa Indonesia teu disundakeun): Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu berfirman kepada para malaikat, "Sesungguhnya aku hendak menjadikan seorang khalifah di muka bumi." Merkea berkata, "Mengapa Engkau hendak menjadikan khalifah) di muka bumi itu orang yang kan membuat kerusakan dst....." 4. Salajengna ayat 31 :Dan Dia mengajarkan kepada Adam nama-nama seluruhnya, kemudian mengemukakannya (nama-nama itu) kepada para malaikat ......" 5. Di surat sanes nyaeta An Nisaa ayat 1 : "Hai sekalian manusia, bertaqwalah kamu kepada Tuhanmu yang telah menciptakan kamu daripada satu diri, dan daripadanya Alloh menciptakan pasangannya, dan memperkembangbikkan dari keduanya lelaki dan perempuan yang banyak dst ...."
Jadi dasarna manusa nu diciptakeun mimiti nabi Adam teh ti surat/ayat eta; teras naha jadi pamingpin, saha nu dipingpin ? Nu dipingpin + diurus, lain ukur manusa tapi sadaya mahluk ciptaan Alloh sanesna nu aya di bumi (dunya) ieu. Kitu saurna. Kitu manawi waleran ti ust Nabhan Husein nu tiasa katangkep ku sim kuring. Baktos Jaka --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun Kang Heri kana waleranana. Janten upami > kitu mah Adam > teh parantos nganggo raksukan. Upami wae urang Irian > atawa > suku-suku primitif nu sanes, katurunan Adam, > tangtosna oge > diraksukan. Tapi ieu mah geuning henteu? malah > budaya nganggo > raksukan teh teu acan aya dimaranehna Maranehna > nembe kenal > sareng nu namina baju teh saatosna urang luar > "mamaksa" kudu > nganggo raksukan. Adam parantos nganggo raksukan, > hartosna > parantos gaduh peradaban nu luhur ngalangkungan > katurunana. > Padahal ceuk elmu pangaweruh mah, peradaban manusa > teh teh aya > tahapanana, samemeh majeng jiga ayeuna. Manusa cenah > mah mimitina > nganggo perkakas tina batu, laun-laun nembe terang > bahan sanes > jiga parunggu jeung beusi. Kitu deui dina raksukan, > manusa, > supaya ulah tiris, ngamanfaatkeun kulit sato atawa > kulit kai keur > raksukanana. Tapi aya oge anu tetep bulucun, supaya > ulah tiris > awakna dibalur ku gajih sato. Urang Dani ngabalur > awakna ku gajih > babi supaya ulah katirisan. > > Sareng seueur deui, saleresna mah, lamun nganggo > logika, janten > teu nyambung, sapertos kieu, naha riwayat Adam > manusa munggaran > teh ngan aya di wewengkon Timur Tengah ( Ras Semit) > , tapi teu > aya di wewengkon nu sanes? Folklore nu aya di > wewengkon sanes, > tara nyabit-nyabit Adam, tapi rupa-rupa, malah aya > dongeng nu > nyaritakeun luluhurna teh asalna manuk, > Anjing/beruang (Korea, > dongeng Ua Siddik) jrrd. Upami umat manusa di > sadunya ieu turunan > Adam, aneh upami di wewengkon sanes teu terangeun, > iwal di ras > Semit. > > Upami Adam diturunkeun sabage Kalifah (pamingpin), > kakara lebet > kana logika, nu hartosna di dunya ieu, saleresna mah > geus aya > manusa sejen. Sabab upami teu aya manusa nu sejen, > saha nu bade > dipimpinna?. Lebet logika oge lamun Adam sabage > pamimpin parantos > nganggo raksukan. > > Punten ah ngacaprukna nambahan deui ............. > > > Baktos, > WALUYA > > > ----- Original Message ----- > From: "Heri Heryadi" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Tuesday, February 21, 2006 12:49 PM > Subject: RE: [Urang Sunda] Elmu sareng Quran > (Sateuacanna : > Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!) > > > > H >> dina surah al araf ayat 26 : > > " hai anak adam sesungguhnya Kami telah > menurun kepadamu > pakaian > > untuk menutupi auratmu dan pakaina indah untuk > perhiasan dan > pakaian > > Taqwa itulah yang paling baik,yang demikian itu > adalah sebagian > dari > > tanda tanda kekuasaan Alloh,mudah mudahan mereka > selalu ingat." > > > > lamun di tingal tina ayat sateuacana jeung > saentosna iue teh > ngarujuk > > kana yen nabi adam teh turun ka bumi tos nganggo > raksukan,henteu boregel > > siga suku dani di irian jaya.. > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

