Sumuhun leres pisan, sakumaha ku Abdi oge tos disebatkeun dina seratan 
sateuacanna, yen di UI aya jurusan Teknik Kimia (kapungkur namina Teknik 
Gas dan Petrokimia). Nanging nya kitu tea, UI tos otonomi kampus (sami 
sareng ITB), biayana tiasa disebat awis, kanggo jalmi saukuran Abdi mah.

Cenah, ceuk beja weee, aya hiji pasifatan 'sabagian' alumni ITB nu radi 
goreng, nyaeta alumni ITB mah sok gurung gusuh, teu sabaran, hoyong 
langsung aya di luhur tur gajih-na ageung. Teu aneh pami aya alumni ITB nu 
teu betah di hiji pausahaan, teu kaop aya nu nawisan langkung 
'menggiurkan' hehehe....langsung weee 'cabut'. Nanging eta oge teu sadaya 
alumni ITB jiga kitu (termasuk Abdi hehehe...).

Sareng deui, alumni ITB mah cenah teu sabaran ngayonan 'proses 
recruitment' nu diayakeun ku hiji pausahaan, komo pami 'prosesna 
bertele-tele' sareng lami (memakan waktu yang lama atau berbulan-bulan) 
mah. Kantos aya hiji dongeng, seueuran senior-senior Abdi nu ngiringan 
'proses recruitment' di salah sawios pabrik pupuk di Jawa, ngan hanjakal 
alumni Teknik Kimia ITB nu katampi mung hiji, lantaran lami teuing cenah, 
sesana kabujeng katampi di pausahaan sanes. 

Kujalaran kitu, pami saur Kang Waluya (Mbah Willy...??!!) di LNG Bontang 
(PT Badak) anu aranomna seueur ti ITS Abdi mah percanten...

Kutan Kang Waluya teh wanoh sareng Bu Susie...??!!Aduh Kang...Bu Susie teh 
pembimbing Abdi kapungkur waktos tugas akhir. Tah, Bu Susie ieu salah 
sawios dosen di Teknik Kimia ITB anu kacida merhatoskeunna ka 
mahasiswa-mahasiswa anu kirang mampu sacara ekonomi. Kekeke dupi Kang 
Waluya linggih dimana...??!!Damel dimana...??!!Naha bet wanoh sareng Bu 
Susie....janten panasaran hoyong wanoh sareng Kang Waluya (atanapi Mbah 
Willy cenah...). Mugia teu kaabotan nun...

Cag ah...



Salam Baktos,



Ono Taryono




"waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/22/2006 01:38 PM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi (Kimia vs Teknik Kimia...??!)






Nambihan sakedik, Teknik Kimia ITB teh kalebet jurusan di ITB 
nu "passing-grade" na luhur ( upami teu lepat mah kaopat duka katilu). 
Sesepuh Kusnet, ngan ayeuna teu aktif, Ua Djatnika Puradinata ( 
Direktur Medco Ethanol), almunina sami sareng kang Ono. Ceuk Bu Susie ( 
Prof S. Praptowidodo, dosen TK-ITB) memang leres tamatan Teknik Kimia 
teh teu sesah milarian padamelan. Ngan ceuk bu Susi, eta oge kumaha 
nasibna we, maklum ayeuna mah da tenaga kerja teh seueur pisan, janten 
seueur saingan diantara jurusan TK oge. Taun kamari kuring jeung bu 
Susie boga pagawean di PT BADAK LNG Bontang. Padamel LNG Bontang ti 
Teknik Kimia nu ngarora keneh, seueur ti ITS, upami nu diluhurna (nu 
jaranten bossna, hartosna nu geus sarepuh) umumna tamatan ITB.

Kanggo Bah Jaka, upami hoyong di jakarta wae, lamun teu lepat mah aya 
jurusan Teknologi Gas di UI, jigana mah rada ngaharib-harib jeung 
Teknik Kimia ( sugan kitu oge, da teu apal). Oge Paguron swasta di 
Jakarta aya nu gaduh jurusan Teknik Kimia.

Baktos,
WALUYA 


--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Pami putra Kang Jaka leres-leres hoyong lebet Teknik Kimia mah sae 
Kang, 
> sok dukung ku Kang Jaka salaku rama-na. Prospek kapayunna insya Alloh 
moal 
> surem, punten ieu mah sanes promosi oge nyombongkeun diri hehehe...


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke