Baraya kanggo nge-rem iau padungdengan anu benten pamadegan, tah engke kapayun mah saupami aya pasoalan anu sapertos kieu teh atuh ulah saujratna dugika nyebatkeun jinisna namung cekap bae atuh disindirsampirkeun. Hatur nuhun.
kang Enduy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten ah, abdi kalebet jalmi nu teu sapagodos sareng ieu ugeran. Sakali deui punten, hatur nuhun ka kang Yudi kana sanes kanten emutanana, nanging perkawis ieu di baledogkeun ka milis taya lian maksad kang Yosep teh mung darma tumaros ka anggota anu ngaratus, malihan ngarebu. Unggelan kang Yosep leres pisan eta mah "masalah pribadi" anu kalintang di bubuni na, nanging sakali deui pangna abdi panuju kana "postingan" ti kang Yosep nyaeta GEUNING parantos mukakeun hate sakumna anggota milis anu maos ieu artikel, Alhamdulillah kanggo abdi (panginten kanu sanesna oge saagodos sareng abdi) tiasa nyukcruk mangrupi pangawreuh ti sababaraha anggota anu ridha lilLaahi Ta'ala kangge mairan patarosan ti kang Yosep anu sadayana LERES, dina henteuna oge tiasa dianggap NYAKETAN kana leres. Atuh kanu teu terang atanapi nembe pisan ngartos kana ieu rohangan masalah. Janten ngartos, tah ieu anu disebatkeun TA'AWANU 'ALAL BIRRI WA TAQWA teh. Nya panginten kanggo jaga mah (saupamina aya perkawis pribadi) nya kanggo nutupan tina sanes kanten pitenah atanapi ngabolekerkeun rusiah batur atanapi sorangan mah, tiasa wae si patarosan teh di robih ku inisial, nu penting si jalmi nu naros tiasa ngartos. Abdi mah haQqul Yaqin pisan, di ieu milis seeur anu ngartos boh elmu kadunyaan boh elmu agama na. Da sanes tuturut munding, abdi ngaraos bagja ku tiasana ngiringan ieu milis, geuning di sagedengeun meta keun tali silaturrahim teh tiasa nambihan elmu pangaweruh dina sagala widang. Abdi nu tadina bade ngawaler patarosan ti kang Yosep janten ngarengkog ku maos ieu cawadan heuheuheu...... Cindekna mah abdi panuju kana sagala rupi postingan anu lebet ka ieu milis, sing pinter-pinter wae ngalelebah na. Sakali deui abdi nyuhunkeun dihapunten boh bilih ieu unggelan ti abdi ngajaheutkeun manah balarea. Hatur nuhun, -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Yudi Irmawan Sent: 22 February 2006 13:15 To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama.... Kang Yosep, sakedik mairan.. Abdi sapagodos sareng Kang WAG, saleresna mah nu kieu teh kirang sae dibewarakeun dina milis. Kahijina eta teh panginten rusiah kulawarga Kang Yosep. Upami teu lepat aya kaidah (duka hadits duka naon) yen naon-naon nu tos disumputkeun nu Pangeran, ulah diguar tanpa maksud. Kaduana, langkung sae ka ahlina langsung da ieu teh sanes masalah lalawora. Kasus Kang Yosep teh kedah ditingali ku ahlina boh hukum agama boh tina hukum nagara urang. Katiluna, milis teh mung rohangan maya. Dalah dikumaha oge moal tiasa ngabantosan 'all out'. Langkung sae tepangan ustadz atanapi ka aparat nu dipercanten. Atuh upami misalna percanten ka hiji jalmi di ieu milis, langkung sae japri wae. Punten Kang sanes bade mamatahan ngojay ka meri kumaha ieu mah mung pamendak wae. Pomi ulah rengat galih cidra manah. Baktos Yudi SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

