Nurutkeun tetempoan salila ieu, dumasar kana obrolan ti Jepun nu kuring wawuh jeung sok ngobrol, urang Jepun kana sajarahna kabagi kana tilu generasi utama. Generasi kahiji, nyaeta "pelaku" sejarahna, nu umurna leuwih ti 80 taun, malah mah geus rek 90 cenah mah. Manehna mantan tentara Jepun, nu basa perang dunya kadua teh di angkatan udara, apal lebah mana wae kungsi "mendarat" di Indonesia. Mun ngobrol sok bari nembongkeun peta Indonesia baheula, teu kaasup Irian Jaya dina eta peta. Ka urang Indonesia, kacida bageurna, bisa disebutkeun manehna teh bapa angkat keur urang Indonesia. Manehna kacida teu resep ka Amerika, basa Amerika nyerang Irak remen nulis dina surat kabar. Manehna ngarasa hanjakal geus milu perang, nyerang ka Indonesia, tapi teu nyebutkeun geus ngamerdakakeun Indonesia. Generasi kadua, generasi panengah, umurna 50 taunan. Ceuk manehna, perang teh kacida teu hadena, mun bisa tong aya perang deui. Ngan ceuk manehna, Amerika boga jasa ngeureunkeun perang dunya kadua ku ngaragragkeun bom di nagasaki jeung hiroshima, sabab ahirna perang dunya kadua teh eureun. Jepun geus "berkorban" keur ngeureunkeun perang, leuwih hade cenah 10 urang Jepun nu perlaya di dua kota tinimbang 100 urang di luar Jepun nu jadi korban. Maka teu heran mun ningali anu umurna 50-an, buukna di cet ngarah siga bule .. he .. he ... Generasi katilu, generasi 20 taun-an, ieu babaturan kuring di lab. Manehna teu apal yen Jepang kungsi nyerang ka Indonesia, aya romusha jeung sajabana. Nu manehna apal ngeunaan dongeng Sadako, salah saurang budak korban bom Hiroshima, unggal taun sok dipieling ku cara nyieun origami manuk. Ngeunaan politik, manehna oge teu pati mirosea, kateuteuari cenah milu mikiran nu kararitu, nu penting mah bisa digawe. Kahayangna jadi pagawe nagri oge kacida, da ceuk manehna pagawe nagri teh pangeunahna, datang jam 8 balik jam 5, saptu minggu bisa libur, jarang aya lembur. Ngan asupna kacida hesena, tesna oge sababaraha kali, tina 8 urang babaturan di lab, ngan 3 urang nu katarima, nu katempo pisan rajin kacida diajarna. Heup ah ...
baktos, budhi kurono kopo 241 ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Monday, February 27, 2006 12:15 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Standar ganda pihak Barat Jadi lucu nya? ari urang Barat mah "hayang" disebatkeun keun yen Hollocust teh aya, ari urang Jepang mah sabalikna. Katelengesan urang Jepang ka bangsa-bangsa Asia nu dijajah ku urang Jepang, malah dipupus dina buku sajarahna, tepi ka panen "protes" ti urang Korea jeung Cina. Tapi urang Jepangna keukeuh embung menta maaf. Nu bageur mah urang Indonesia, sanajan loba urang Indonesia nu jadi korban katelengesan urang Jepang (sarua jeung Korea jeung Cina), teu seueur protes, adem we .......... padahal sabaraha ratus rewu urang Indonesia nu dijieun romusa atawa kaum hawa nu didamel "awewe tukang ngahibur" soldadu jepang? Nu penting ...... investasi ......hehehehehe Baktos, WALUYA (Nu resep barang jieunan Jepang) [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

