Kutan Kitu Kang Budhi? janten generasi enggalna mah teu terangeun nya, kolotna teh kungsi ngagalaksak di urang. Tapi teu sadayana ketang. Di lembur kuring, aya soldadu jepang, malah misahkeun maneh, terus jadi tentara Republik. Namina teh Pa Saman (duka nami jepangna mah). Pa Saman nikah jeung urang Sunda, boga anak, sakelas jeung kuring waktu di SMP 1969-1971. Namina teh Iis Aisyah ( Inget da pangmingcreungna di kelas). Si Iis asup ka SMEA. Kabeneran harita teh ka Sumedang aya urang Kedubes Jepang ceramah di STM Negeri Sumedang. Dasar barudak urang kampung, nu tara papanggih jeung urang asing, ting gorowok di Cimalaka ge aya jepang. cenah. Lain nu ti kedubes jepang teh panasaran. Diteang ka Cimalaka. Bener we. Lain gujrud tah, kungsi diwartoskeun dina PR. Pa Saman akhirna tiasa papendak deui jueng kulawargana di Jepang, cenah mah kuburanana oge geus didamel da disangka geus maot. Si Iis oge ceuk beja mah ayeuna sering bolak- balik ka Jepang.
Hanjakal kuring teu terang, naha ayeuna Pa Saman teh aya keneh, duka tos teu aya. Jasana ka RI ageung pisan, da ngiring jadi gerilya di Pasukan Siliwangi. Tapi anjeunna liren jadi tantara teras ngadamelan sabun, dijualan di Cimalaka. Ceuk kolot kuring, lamun nawarkeun sabun teh, waktu mimiti mah masih logat jepang : "Sabong, saboong ...." Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nurutkeun tetempoan salila ieu, dumasar kana obrolan ti Jepun nu kuring > wawuh jeung sok ngobrol, urang Jepun kana sajarahna kabagi kana tilu > generasi utama. > Generasi kahiji, nyaeta "pelaku" sejarahna, nu umurna leuwih ti 80 taun, > malah mah geus rek 90 cenah mah. Manehna mantan tentara Jepun, nu basa > perang dunya kadua teh di angkatan udara, apal lebah mana wae kungsi > "mendarat" di Indonesia. Mun ngobrol sok bari nembongkeun peta Indonesia > baheula, teu kaasup Irian Jaya dina eta peta. Ka urang Indonesia, kacida > bageurna, bisa disebutkeun manehna teh bapa angkat keur urang Indonesia. > Manehna kacida teu resep ka Amerika, basa Amerika nyerang Irak remen nulis > dina surat kabar. Manehna ngarasa hanjakal geus milu perang, nyerang ka > Indonesia, tapi teu nyebutkeun geus ngamerdakakeun Indonesia. > Generasi kadua, generasi panengah, umurna 50 taunan. Ceuk manehna, perang > teh kacida teu hadena, mun bisa tong aya perang deui. Ngan ceuk manehna, > Amerika boga jasa ngeureunkeun perang dunya kadua ku ngaragragkeun bom di > nagasaki jeung hiroshima, sabab ahirna perang dunya kadua teh eureun. Jepun > geus "berkorban" keur ngeureunkeun perang, leuwih hade cenah 10 urang Jepun > nu perlaya di dua kota tinimbang 100 urang di luar Jepun nu jadi korban. > Maka teu heran mun ningali anu umurna 50-an, buukna di cet ngarah siga bule > .. he .. he ... > Generasi katilu, generasi 20 taun-an, ieu babaturan kuring di lab. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

