Kaleresan abdi teh kuliah di Lampung. Di Bandarlampung (ibukota provinsi), 
mayoritas pendudukna teh urang banten (tapi campur antara Banten Sunda & 
Jaseng--Jawa Serang). tapi mayoritasna teu nyampe 50-%. Pas pilkada walikota 
kamari, Calon anu unggul diputaran pertama kaleresan urang banten (PKS), tapi 
diputeran kudua eleh kulawan-lawana anu koalisi.
   
  Di daerah-daerah anu aya pasawahan (sapertos Talang Padang, Kab Tanggamus) 
biasana mah adu gaduh panggilingan padi teh urang sunda sapertos karawang & 
Subang (daerah pasawahan). Kitu oge di daerah-daerah transmigrasi, abdi pernah 
ka hiji desa anu pendudukna hampir 100% urang sunda (mun teu salah ti Ciamis. 
Komo deui di daerah Lampung Selatan mah da seueur pisan urang sunda (banten) na 
mah. 

  Di Unila oge dosen-dosenna seueur nu urang sunda. Malah waktos abdi kuliah, 
PR I-na urang sunda.

  mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Dialektologi. Kungsi gunem catur jeung babaturan urang Makasar. Enyaan urang 
Makasar mah, reueus pisan kana basa, budaya, jeung selerna teh. Teu sirikna , 
ceuk pikirna mah, sagala pang hadena we selerna teh. Sagala kalakuan "asosial" 
datangna ti luar cenah. Hiji mangsa, paguntreng perkara lokalisasi WTS. Ceuk 
batur kuring, cenah asal muasal WTS di Makasar asalna teh ti Jawa. Kuring 
nyereng, "Wah sangeunahna pisan silaing mah nyarita teh." "Nu ngaranna WTS mah 
aya dimana-mana, ceuk beja mah cenah eta panyakit teh sarua kolotna jeung umur 
manusa." "Teu Jawa, teu Bugis, sarua we boga potensi katerapan ku eta 
panyakit." Si eta keukeuh teu narima. Terus kuring tumanya, "Ari WTS aya basa 
Bugisna?". "Aya!" cenah jawabna teh. "Tah, dimana-mana hiji basa ngabogaan 
kosakata kana hiji perkara, eta teh cingcirining perkara eta aya dina 
budayana", ceuk kuring teh ngacapruk jiga nu heueuh. Make teori saka tea. Jadi 
lamun WTS aya basa Bugisna, hartina eta panyakit teh aya oge dina kahirupanana.
Kakarek manehna balem. Jigana nu jiga kitu, meureunnya dialektologi teh. (mh)

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Saleresna aya elmuna anu tiasa 
medarkeun perkara ieu, nyaeta  dialektologi tea anu dikembangkeun ku
(alm) Mang Ayat. Dina elmu eta teh heunteu samata-mata ningali tina basa anu 
digunakeun ku penduduk setempat, tapi oge dugi ka nami-nami tempat di wewengkon 
eta tiasa nunjukkeun kapungkurna di tempat eta teh pendudukna migunakeun basa 
naon.
Pami aya waktos mah ke ku abdi dipostingkeun pidatona mang Ayat waktos 
diistrenkeun janten Guru Besar.

baktos,
mrachmatrawyani


--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Upami urang turun tina Feri di Bakauheni Lampung sok
> hawar-hawar 
> kadangu lagu-lagu Sunda nu nunjukkeun yen di
> Bakauheni Lampung, 
> seueur urang Sunda nu asalna Ti Banten. Dina
> sajarahna Lampung Kidul 
> lebet wilayah Kasultanan Banten. Janten memang leres
> di Lampung kidul 
> salian ti penduduk asli teh aya urang Banten. Urang
> Banten nu garaduh 
> kebon "rempah-rempah" (cengkeh jeung lada) di
> Lampung. Dina novelna 
> Mutatulli, Saija jeung Adinda, dicarioskeun Saija
> teh lumpat ka 
> Lampung waktu diudag-udag ku bupati Lebak. ( Tapi
> lamun teu lepat, 
> kuring hilap deui). Urang asli Lampung oge, sok
> reueus lamun manehna 
> aya hubungan jeung urang Banten boh dina karuhun
> atawa kungsi guguru 
> ka "guru sakti" di Banten.
> 
> Tapi ayeuna Lampung geus jadi Provinsi "Jawa Utara"
> , ku loba-lobana 
> urang Jawa didinya ......hehehehe
> 
> Baktos,
> WALUYA



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
            
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Jewish culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



                
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke