Wa'alaikum salam wr.wb
Dedeuh teuing anaking....! nu di ajar sajarah.....! Di Bandung aya jalan "
WASTU KENCANA" mun teu salah mah eta jalan geus di ganti, tah kitu geunig nu
aya ge kalah ka di ganti....!
Kumaha atuh.....!
Aya ge di BAndung SMA / SMEA KIAN SANTANG, teuing tah geus di ganti atanapi
acan..!
S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Assalamu'alaikum wr wb.
Baraya sadayana anu aya di sakuliah dunya , dulur salembur sim kuring teh aya
patarosan manawi sareng manawi aya anu kersa ngabongkar atanapi
nga enyakeun leres henteu na sajarah karuhun utang anu hiji ieu " Kian Santang
" , ieu masalah na :
Kaemutan ku abdi perkawis hiji jawara ieu anu mana saur salah sawios jalmi
sepuh dina yuswa sareng ilmu na , saurna kieu,( keun weh teu kedah di pedar
saha-saha na mah bilih aya mamala na anu teu di piharep ) , saurna yen jalmi
anu sering di tulis dina buku sajarah nyaeta " Kian Santang " teh lepat, ti
ngawitan buku sajarah anu niron tina buku- buku sejen anu terbit sateuacan na
tur di pedarkeun deui ku para penulis di sakuliah dunya, dugi ka seu-eur
buku-buku sajarah anu ti jaman dugi ka jaman. wireh na nami na teh sanes " Kian
Santang " tapi anu leresna mah " Ki Santang " ari alesan anu ringkes na mah
anjeuna teh nyangemkeun kieu, dimana aya urang sunda anu pernah make ngaran "
Kian " anu aya ge " Ki " nyaeta ngarang salah sahiji "Julukan" ka hiji jalmi
anu luhung ku elmu lahir sareng batin na, ari kian tos pada terang yen eta teh
tina ngaran cina sapertos, kian bok cheng, kian tekong , kian jo , kian gie ,
dst, sadengkeun ari jawara anu namina " Ki Santang " tangtos urang
sunda, oge naha anu di sebat " Kian Santang " teh aslina china atanapi sunda
aya turunan china nya.....? !!!!!!duhhhhh.....bingung....milarian ifo deui
ahh.....
Ku hal ieu, manawi aya baraya anu tiasa ngabuktoskeun anu sa yakin-yakin na
kanggo nambihan kanyaho sim kuring anu nuju di ajar ngemut-ngemut sajarah,
supados sim kuring teu ka bobodo, sareng yakin anu mana anu leres, rupina
langkung sae upami di tilik na ku ahli kabatinan , anu mana di urang mah gening
osok aya anu tiasa nyarios sareng karuhun, tah kumaha upami di taros weh
langsung ku kabatinan ka arwah anjeuna saha nami anu aslina teh, ,,,,,( ceuk
sim kuring anu bodo ) .
Ka sadayana baraya , hapunten bilih sim kuring lepat , da ieu mah mung
kasauran salah sawios jalmi anu ku sim kuring di percanten dina cariosan nana,
margi ku kaluhuran elmu lahir sareng batin na, anu salawasna nyumput buni dinu
caang ti ngawitan anjeuna di ajar sajarah ti SMP dugi ka gaduh incu, buyut dugi
ka bao, hanjakal anjeuna parantos almarhum, seug upami aya keneh mah ku abdi di
sedek dugi ka abdi ngartos sareng yakin 100% upami leres tea mah, sareng deuih
hanjakal na
waktos ajeuna nerangkeun kitu teh sim kuring na bubudakeun keneh tur nuju teu
resep kana sajarah, janten hare-hare bae, meni hanjakal pisan , dasar kaduhung
mah tara tiheula, jadi weh sim kuring poekeun kamana milarian sumber anu pasti,
manawi aya para wargi anu tiasa ngabantos sim kuring, hatur nuhun sateuacan na.
Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/